src="" width="300" height="200" />
Allaahumma inni a'uudzubika min 'adzaabil qabri wa min 'adzaabinnaari jahannama wa min fitnatil mahyaa wal mamaati wa min fitnatil masiihid dajjaal. Artinya: "Ya Allah, sesungguhnya aku berlindung kepadaMu dari adzab Jahannam, dari adzab kubur, dari fitnah kehidupan dan kematian, dan dari keburukan fitnah Dajjal."
Wilujeng Sumping Pamiarsa di SMP NEGERI 2 CIPONGKOR WASPADA COVID-19

19 Jan 2024

MATERI NOVEL BASA SUNDA SMP KELAS 9

 1. PERKARA NOVEL

    Novel Sunda téh nya éta novel nu ditulisna maké basa Sunda. Novel téh sok disebut ogé roman. Novel asalna tina basa Latin, novus (anyar), robah jadi kecap novellus, terus robah deui jadi novel. Ari nu disebut novel téh nya éta prosa rékaan (fiksi) dina wangun lancaran tur alur caritana ngarancabang (kompleks). Novel mah biasana tokohna loba, alurna panjang, latarna laluasa, tur eusi caritana nyaritakeun kahirupan sapopoé. Langka novel nu eusina unsur pamohalan saperti dongéng.

2. KAMEKARAN NOVEL SUNDA

    Dina kamekaran sastra Sunda, novel téh dianggap karya sastra sampeuran tina sastra Walanda. Novel pangheulan anu medal dina sastra Sunda judulna Baruang ka nu Ngarora karya D. K. Ardiwinata (1914), Leuwih ti heula ti batan novel dina basa Indonésia Azab dan Sengsara karangan Merari Siregar anu mimiti medal dina taun 1920 Méméh medal novel, dina sastra Sunda mah lolobana pangarang téh ngarang dangding jeung wawacan. Ti saprak wanoh kana wangun novel, pangarang téh mimiti loba nu ngarang novel.

     Dina taun 1927, medal novel Siti Rayati karangan Muhamad Sanusi. Tuluy medal novel Agan Permas karangan Yuhana (1928) jeung Pangéran Kornél karangan R. Memed Sastrahadiprawira (1930) Anapon dina taun 1940-an nepi ka taun 1950-an, medal dua novel Sunda: Gogoda ka nu Ngarora karya M.A. Salmun jeung Marjanah karya Suwarsih Djojo Puspito. Tahun 1960-an, karya sastra dina wangun novel beuki mekar waé. Dina taun 1980-an, aya tujuh novel nu medal harita, di antarana: Buron karya Aam Amalia, Kalajengking karya Ana Mustikaati, Cinta Pabaliut karya Edi D. Iskandar, Béntang Pasantren karya Usep Romli H.M., Rini karya Yosep Iskandar, Ngepung Kahar Muzakar karya Adang S., Si Lamsijan Kaédanan karya Ki Umbara, jeung Mikung karya Abdulah Mustappa. Satuluyna dina taun 1990-an, novel Pipisahan jeung Nu Kaul Lagu Kaléon karya R.A.F.; medal novel sajarah Perang Bubat, Prabu Anom Jayadéwata, Putri Subanglarang, jeung Prabu Wangisutah karya Yoseph Iskandar, Miang jeung Kaludeng karya Tatang Sumarsono. Ti harita, novel Sunda téh beuki mekar waé. Ti taun 2000-an nepi ka ayeuna, loba pisan novel nu medal karya pangarang Sunda. Téma caritana gé béda-béda, luyu jeung kaayaan sosial dina waktu ditulisna.

 

3. UNSUR-UNSUR NOVEL

Upama nilik jenglénganana, novel téh mibanda unsur atawa struktur intrinsik jeung ékstrinsik. Unsur intrinsik novel téh nyaéta hal-hal anu aya patalina jeung kagemblengan carita dina novel, di antarana waé: Basa, Tema atawa jejer, Palaku, Latar atawa setting, Galu atawa plot, jeung Amanat

 ABasa, nyaéta pakakas utama dina ngaréka karya sastra, minangka bahan dasar dina ngawangun carita. Novel nu hadé, nya pangarang anu bisa ngagunakeun basa Sunda kalayan bener tur merenah. Kitu deui pangarang téh kudu tapis ngalarapkeun palanggeran éjahan basa Sunda.

B. Téma atawa jejer, nyaéta hal atanapi gagasan anu ditepikeun ku pangarang dina karyana. Hartina naon-naon anu ditepikeun ku pangarang keur nu maca.

C. Palaku, nyaéta tokoh anu ngalalakon atawa anu dilalakonkeun dina carita. Dina novel, umumna palakuna téh manusa biasa, bėda jeung dina dongéng, carita pantun atanapi wawacan, palakuna téh mahluk go’ib, sabangsaning jin, jeung sasatoan nu bisa ngomong. Tokoh-tokoh dina novel mah umumna mibanda watek atawa karakter sakumaha kahirupan manusa biasa, aya nu sabar, barangasan, babarian, bageur, jujur, tukang linyok bohong, jsté. Cindekna, unggal palaku mibanda karakter atawa watek saperti manusa sakumaha nu sok kapanggih dina kahirupan sapopoé.

D. Latar atanapi séting, nyaéta waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita. Latar tempat umumna bisa di kota, désa, atawa di sakola. Ari latar waktu, biasa dicirian ku jam, tanggal, taun, beurang atawa peuting.

E. Galur atanapi plot, nyaéta jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita. Galur dina carpon aya anu marélé (maju), mundur, jeung aya ogé anu mobok tengah (flashback).

F. Amanat, nyaéta hal-hal anu ditepikeun ku pangarang dina carita novel. Amanat bisa kapanggih ku nu maca sanggeus neuleuman eusi caritana. Biasana ngandung piwuruk atawa hal-hal anu bisa ditulad

 

RANGKUMAN MATERI NOVEL

1.     Novel Sunda téh nyaéta novel nu ditulisna maké basa Sunda.

2.     Novel téh sok disebut ogé roman.

3.     Novel téh nyaéta prosa rékaan (fiksi) dina wangun lancaran tur alur caritana ngarancabang (kompleks). Novel mah biasana tokohna loba, alurna panjang, latarna laluasa, tur eusi caritana nyaritakeun kahirupan sapopoé. Langka novel nu eusina unsur pamohalan saperti dongéng.

4.     Novel pangheulan nu medal dina sastra Sunda judulna Baruang ka nu Ngarora karya D. K. Ardiwinata (1914). Leuwih ti heula ti batan novel dina basa Indonésia Azab dan Sengsara karangan Mérari Sirégar anu mimiti medal dina taun 1920.

5.     Sawatara judul novel Sunda, di antarana: Gogoda ka nu Ngarora karya M.A. Salmun, Buron karya Aam Amalia, Cinta Pabaliut karya Edi D. Iskandar, Béntang Pasantrén karya Usep Romli H.M., Rini karya Yosep Iskandar, Ngepung Kahar Muzakar karya Adang S., Si Lamsijan Kaédanan karya Ki Umbara, jeung Mikung karya Abdulah Mustappa.

6.     Novel téh mibanda unsur atawa struktur intrinsik jeung ékstrinsik.

7.     Unsur intrinsik novel téh, diantarana: basa, jejer, palaku, galur latar, jeung amanat.


Pek baca novel ieu di handap!