src="" width="300" height="200" />
Allaahumma inni a'uudzubika min 'adzaabil qabri wa min 'adzaabinnaari jahannama wa min fitnatil mahyaa wal mamaati wa min fitnatil masiihid dajjaal. Artinya: "Ya Allah, sesungguhnya aku berlindung kepadaMu dari adzab Jahannam, dari adzab kubur, dari fitnah kehidupan dan kematian, dan dari keburukan fitnah Dajjal."
Wilujeng Sumping Pamiarsa di SMP NEGERI 2 CIPONGKOR WASPADA COVID-19

30 Apr 2016

PANGAJARAN 7.2: KAULINAN BARUDAK

KAULINAN BARUDAK

A. Baca ieu wacana di handap!

Langlayangan

           Tétéla barudak Sunda téh beunghar ku rupa-rupa kaulinan, boh keur barudak awéwé boh barudak lalaki. Aya kaulinan nu maké alat saperti kenténg sasemplék, awi sabébék, kewuk, siki nangka walanda, jst. Aya ogé kaulinan nu ngan saukur maké kakawihan. Aya nu
sipatna olahraga, seni, jeung sakadar kalangenan ngeusi waktu wungkul. Nya kitu arulinna, aya kaulinan cukup duaan, aya ogé anu babaladan lobaan. Ieu di handap aya sawatara kaulinan. Hég titénan!

           Medar langlayangan téh salasahiji kaulinan barudak lalaki anu kacida populérna. Dina kanyataanana nu raresep medar téh lain barudak waé, dalah kolot gé loba nu resep. Méh di unggal tempat/daérah aya waé nu medar, pangpangna dina usum halodo bari kabeneran
alus angin, langit téh mani sok katémbong rapang ku langlayangan. Atuh urang mancanagara gé geus loba nu mikaresep kana ieu kaulinan.

          Lantaran medar langlayangan mah loba nu mikaresep, pamaréntah ngaliwatan Dinas Pariwisata mindeng ngayakeun pestival langlayangan boh tingkat nasional boh tingkat internasional, hususna langlayangan hias. Di Pangandaran, osok diayakeun “Pangandaran Kite Festival”, atuh di Bali ogé osok deuih diayakeun pestival langlayangan internasional. Ari intina mah nya lomba paalus-alus mangsana kumalayang di langit langlayangan nu sok dipéstivalkeun mah.

          Di tatar Sunda kaulinan langlayangan téh sasat geus ti baheula pisan ayana, boh di lembur boh di kota. Aya nu sakadar resep papantengan wungkul, tapi ari karéréaanana mah sok diadukeun, tangtu baé kenur atawa bola keur kapentingan ngadu mah bagian ka hareupna dipasangan gelasan anu bahan utamana tina bubuk beling. Ukuran langlayangan ogé rupa-rupa, ti nu leutik tepi ka nu gedé. Langlayangan gedé sok maraké buntut nyaéta
nu sok disebut langlayangan gomrés. Malah baheula mah aya nu ngahaja buntutna maké buntut merak. Ari ngaduna, langlayangan leutik mah umumna sok maén kubet/betot,
ari langlayangan gedé mah sok maén tataran atawa ulur. Salian ti paalus-alus gelasan, langlayangan ogé sok paalus-alus wangkong atawa gambar. Mangsana diadu, sok katémbong gagah langlayangan nu wangkongna alus mah.
          
           Rarancang langlayangan dijieunna tina awi nu dirautan sarta diaturna maké bola, ari keretasna aya tilu rupa, nyaéta keretas endog, keretas minyak, jeung keretas jarami/keretas sampeu. Tah ari langlayangan gedé nu jangkungna leuwih ti saméter mah cocogna maké keretas jarami, lantaran mangsana kagentak angin sok karasa hipu henteu matak langsung kapakan.

B. Istilah-istilah dina Langlayangan
Aya rupa-rupa istilah dina kaulinan langlayangan:
kapakan = langlayangan leupas/pegat sorangan henteu karana diadu.
godos = langlayangan keur diadu terus lésot/misah deui.
nyasar = ngaduan langlayangan batur lain tina gelasanana.
ditataran = diulur, dibéréan sina luhur.
dikubet = dibetot kalawan ngagentak dina diadu.
digibrig = ngadu langlayangan ku cara dicentokcentok, henteu loba ngulur.
digombél = ngadu diulur bari langlayanganana sina “hirup”.
kebluk = langlayangan hésé disarang-séréngna.
gélényé = gampang disarang-séréngna jeung teu daék anteng.
gédég = ngapungna kérétég (ngagibrig), biasana
alatan tali timbana handap teuing.
mayung = langlayangan nanjung kawas payung.
mumbul = langlayangan nu leupas beuki ka luhur.
nyéréng = malik ka kénca atawa ka katuhu.
nutug = langlayangan nyirorot.
wangkong = gambar langlayangan.
cacap = béak pangulur tina golonganana.
ngarucu = moro langlayangan.
rérénténg = bola/kenur nu diberendil-berendil paragi ngabandang.
ngabandang = néwak langlayangan nu éléh ku langlayangan deui.
ngarebol = megatkeun (maling) benang/gelasan batur nu langlayanganana geus éléh
atawa kapakan.
gelasan = benang seukeut husus paragi ngadu, biasana maké campuran bubuk beling,
silikon, atawa salatin.

C. Ngaran-ngaran Kaulinan Barudak Sejena
1. anjang-anjangan kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak,
tatangga, warung, pasar, jsb. Biasana dilakukeun ku barudak awéwé, tapi saupama aya 
budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa. 
2. bébénténgan kaulinan anu dipetakeun ku cara silihbeunangkeun (ditoél) bari ngajaga 
bénténg anu dijaga ku batu, talawéngkar, jsb. 

3. béklen kaulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk. Biasana dilakukeun di jero 
imah atawa téras. 

4. boy-boyan kaulinan anu maké bal saukuran bal ténis pikeun malédog 
5. talawéngkar nu ditumpukkeun. Upama keuna, anu jadi ucing kudu ngaberik terus malédogkeun bal ka nu malédog tumpukan talawéngkar bieu. Kitu terus nepikeun kabéh pamaén keuna kabalédog. 


6. congklak kaulinan maké papan kai dieusi kewuk. 

7. cacaburangé kaulinan di jero imah bari kakawihan. Aya nu jadi ucing nu kudu neguh barang anu dikeupeul ku batur. Upamana nu ngeupeul éta batuna kateguh, gantian jadi ucing. 
8. cingciripit kaulinan bari kakawihan. 
9. damdaman kaulinan anu maké mikir lantaran butuh stratégi sangkan buah dam urang teu béak dihakan ku buah dam batur anu jadi lawan urang. 


10. endog-endogan kaulinan maké leungeun bari kakawihan. Leungeun ditumpuk bari meureup nyarupa endog, terus gogoléangan atawa endogna peupeus nuturkeun kawih. 
11. empét-empétan kaulinan mangsa sawah dibuat ku cara niupan tarompét tina jarami. 

12. éncrak kaulinan anu biasana maké sarupaning sisikian (siki asem, siki tanjung, jsb.) 

13. éngklé kaulinan ku cara éngklé-éngkléan bari suku nu teu napak kana taneuh mawa batu. Nalika nepi kana kalang anu jadi bates, batu éta kudu ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun 
14. galah asin kaulinan maké kalang di taneuh buruan ku cara lumpat ti hiji kalang ka kalang lain terus balik deui. Salila bulak-balik, teu meunang katoél atawa beunang ku nu ngajaga kalang. Dipaénkeun baladan. 
15. gatrik kaulinan maké awi bébékan anu kudu dibetrikkeun pajauh-jauh ku jalan diteunggeul ku paneunggeul tina awi ogé. 
16. gugunungan kaulinan paluhur-luhur nyieun gugunungan tina taneuh, biasana taneuh ngebul. 
17. hahayaman kaulinan lobaaneun anu salah saurangna jadi hayam, saurang nu lain jadi careuhna. Hayam diudag-udag careuh bari lulumpatan sanajan teu laluasa lantaran dihalang-halang nu séjén anu jadi pager. 
18. jajangkungan kaulinan leumpang maké awi dua anu aya panincakan. Disebut ogé égrang 
19. luncat tali kaulitan ngaluncatan tali anu dicekelan ku duaan. Talina saeutik-saeutik diluhurkeun. 
20. oray-orayan kaulinan lobaaneun bari kakawihan, pacekel-cekel taktak, jeung ngantay maju siga oray luar-léor. 
21. paciwit-ciwit lutung kaulinan bari kakawihan jeung paciwit-ciwit leungeun nuturkeun paréntah kawih 
22. pérépét jéngkol kaulinan bari kakawihan jeung nyangkedkeun unggal suku sabeulah, terus puputeran teu meunang leupas. 
23. pelak cau kaulinan nangkeup tihang imah ku sababaraha urang pauntuy-untuy. Aya hiji nu kudu nyobaan ngabetot budak ti nu pangtukangna sina leupas. 
24. sérmen kaulinan peperangan pabalad-balad bari maké pedang anu dijieun biasana tina awi. Saurang dianggap paéh upama sukuna ti tuur ka handap katoél ku pedang musuhna. Kitu saterusna nepikeun kabéh musuh paéh. 
25. sondah kaulinan ku cara éngklé-éngkléan make ngaliwatan kalang kotak-kotak. Aya kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditincak. 
26. sorodot gaplok ampir sarua jeung éngklé, ngan batuna dibawa ku suku bari leumpang gancang terus sarua ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun 
27. ucing-ucingan kaulinan lulumpatan jeung nyingcétan lantaran diudag jeung rék ditoél ku nu jadi ucing. 
28. ucing sumput kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar