SI KABAYAN
NGALA ROAY
Dina hiji
peuting Si Kabayan diajak ngala roay ku mitohana. Isukna, isuk-isuk bral
ka haruma, rada jauh ti lemburna. Di jalan taya nu ngomong sakemék-kemék acan,
sumawonna Si Kabayan da puguh tunduheun kénéh. Tuman héés nepi ka beurang, ari
ieu isuk kénéh geus digugubrag dititah hudang.
“Teu kaharti
ku mitoha,” ceuk dina pikirna, Sakitu geus kolot na aya kadedemes-kadedemes
teuing kana dunya téh. Na keur naon dunya ari lain keur nyenangkeun awak? Ari
ieu kalah jadi hukuman. Keun sia geura engké…”
Barang nepi
ka huma pék ngala roay. Mitohana pohara getolna. Ari Si Kabayan mah
meueus-meueus randeg, meueus-meueus janteng, teu kaur beubeunangan balas
ngahuleng jeung ngarahuh bawaning sangeuk digawé. Siga-sigana mah rada mumuleun
Si Kabayan téh.
Luak-lieuk,
béh karérét karung wadah roay. Jol aya ingetan pikasenangeun. Gelenyu Si
Kabayan imut.
“Mitoha!
Mitoha!”
“Heuy!”
“Kula rék ka
cai heula ieu mules beuteung. Bisi rada lila, dagoan nya! Ati-ati mun mitoha
ninggalkeun!”
“Heug! Ulah
lila teuing baé.”
“Kumaha
engké wé, da kasakit mah ari datang kawas kilat, ari undur kundang iteuk.”
Bari ngomong
téh mitohana tonggoy baé ngalaan roay teu luak-lieuk. Si Kabayan sup asup kana
karung wadah roay. Awakna dipurungkutkeun bari ngareumpeukkan manéh ku roay
nepi ka teu katémbong.
Barang bro
mitohana ngabrukkeun roay kana karung, dideuleu karung geus metung, ret ku
manéhna dicakupkeun dipocong ditalian, dijungjung-jungjung. “Duh beurat naker,”
omongna. Geus kitu gék diuk ngadagoan Si Kabayan.
Si Kabayan
didagoan téh ambleng baé, sedeng poé geus reup-reupan. “Naha Si Kabayan bet
ambleng baé?” ceuk mitohana ngomong sorangan. “Moal salah meureun terus balik
da gering. Éta mah Si Kabayan, naha aya mangkeluk. Benerna mah bébéja heula ka
kolot, rék balik téh. Ieu mah léos baé. Aya jelema.”
Rigidig
karung roay dipanggul. Édas beurat naker,” omongna. “didedet teuing, ieu mani
teuas kieu. Bari dirampa-rampa karungna.
Barang
datang ka imah, sok diteundeun di dapur dina raranjangan. Tuluy dibuka
beungkeutan karung téh ku mitoha awéwé, bari ngomong, “Euleuh cukul pelak roay
urang téh nya, mani sakieu lobana.”
“Hih, tacan
kaala kabéh éta gé, da kaburu pinuh, karungna leutik teuing,” jawab mitoha
lalaki, “Kakara gé saparona meureun. Bari étaeun, manéhna, teu ngadéngé Si
Kabayan, kumaha geringna?”
“Baruk
gering? Teu nyaho kaula mah. Panyana jeung andika ka huma.”
“Puguh baé
tadi isuk, tapi ti dituna balik ti heula, nyeri beuteung.”
“Aéh-aéh,
kutan! Cik manéhna ieu bantuan ngudulkeun roay, bet beurat naker.”
Ana bro téh
diudulkeun ku duaan, burulu roay bijil sabagian da sereg dina liang karung. Ku
sabab mereketengteng karungna dihantem digeujleug-geujleug, na…ana boréngkal
téh Si Kabayan ragrag kana raranjangan morongkol. Mitoha awéwé ngajerit
bawaning ku reuwas. Mitoha lalaki ngejat mundur ka tukang awahing ku kagét.
Si Kabayan,
“Hé, hé, hé, da capé!” Bari balaham-béléhém.
“Si Bedul
téh geuning Si Kabayan,” ceuk mitoha awéwé.
“Da capé,
mitoha! Jeung ieuh, ku ngeunah dipunggu ku mitoha téh.”
“Aya
adat-adatan, na sia kitu peta ka kolot téh!” ceuk mitoha awéwé. Ari mitoha
lalaki léos baé ka imah. Haténa ngunek-ngunek ambek, hayang males.
“Isuk mah
anggeuskeun ngala roay téh jeung Bapa, Kabayan! Sing bener ulah goréng polah
kitu ka kolot pamali deuleu matak doraka,” ceuk mitoha awéwé.
“Heug, moal
mitoha.”
Isukna bral
Si Kabayan jeung mitoha lalaki ka huma deui. Datang-datang rétop metikan roay,
garetol naker. Mitohana rét deui rét deui ngarérét ku juru panon ka Si Kabayan.
Si Kabayan tonggoy baé ngalaan roay. Sigana mah inget kana papatah mitoha
awéwé, éstuning junun ayeuna mah kana gawéna téh.
Nempo Si
Kabayan jongjon digawé, kuliwed les baé mitohana téh. Si Kabayan mah terus baé
ngalaan roay nepi ka karungna téa pinuh pisan. Ret dipangrodkeun liang karung
téh. Reketek ditalian.
“Na kamana
mitoha bet euweuh? Moal salah ninggalkeu meureun, keuheuleun kénéh urut kamari.
Kajeun ah! Aing gé rék balik. Rék digusur baé ieu karung téh, da teu kabawa
dipanggul mah,” bari ngomong kitu, bluk karung téh digulingkeun. Durugdug digusur.
“Kabayan!
Kabayan!” Ceuk sora jero karung. “Ieu aing, mitoha sia ulah digusur!”
Reg Si
Kabayan eureun, “Ah puguh roay, roay!” Bari gaplok dipeupeuh karung téh.
Durugdug deui digusur.
“Kabayan!
Bapa deuleu ieu, lain roay!”
Roay! Roay!”
Bari terus digusur.
Barang
datang ka dapur, gebrug ditinggangkeun kana rarangjangan, “Ek!” Sora jelema nu
titeundeut.
“Tah mitoha
awéwé, roay sakarung!” Bari léos manéhna mah indit ka cai.
Barang
diudulkeun eusina, gurubug salakina ragrag bari gegerungan. Awakna daronglak
raraheut urut digugusur anu sakitu jauhna. Pamajikanan teu kira-kira
kagéteunana Tuluy diubaran ku cilebu. Meunang dua poé mitoha lalaki teu bisa
hudang-hudang acan.
(Tina Lima
Abad Sastra Sunda, karya Wahyu Wibisana, spk.)
SI KABAYAN NGALA NANGKA
Si Kabayan
dititah ngala nangka ku mitohana. “Nu kolot ngala nangka téh, Kabayan!” Ceuk
mitohana. Kencling Si Kabayan ka kebon, nyorén bedog rék ngala nangka. Barang
nepi ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu geus kolot
hiji tur gedé pisan. Tuluy waé diala. Barang dipanggul kacida beuratna.
“Wah, moal
kaduga yeuh mawana, “ pikir Si Kabayan téh. Tuluy wé nangka téh ku Si Kabayan
dipalidkeun ka walungan. Jung waé balik ti heula, da geus kolot ieuh!” ceuk Si
Kabayan téh nyarita ka nangka.
Barang tepi
ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana.
“Kabayan,
meunang ngala nangka téh?”
“Komo wé
meunang mah, nya gedé nya kolot,” témbal Si Kabayan.
“Mana atuh
ayeuna nangkana?” Mitohana nanya.
“Har, naha
can datang kitu? Apan tadi téh dipalidkeun dititah balik ti heula, ceuk Si
Kabayan téh.
“Ari manéh,
na mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan!” Mitoha Si
Kabayan keuheuleun pisan.
“Wah nu bodo
mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik,” ceuk Si Kabayan bari ngaléos.
(Tina Lima
Abad Sastra Sunda, karya Wahyu Wibisana, spk,)
SI KABAYAN NGALA TUTUT
Cék Ninina,
“Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia mah, ngala-ngala tutut
atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.”
Cék Si
Kabayan, “Ka mana ngalana?”
Cék ninina,
“Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagaru geura.
Léos Si
Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katémbong tututna loba,
lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna pating golétak. Tapi
barang diteges-teges ku Si Kabayan katémbong kalangkang langit dina cai.
Manéhna ngarasa lewang neuleu sawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya
sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh kalangkang langit. Cék Si Kabayan
dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina caina. Kumaha dialana
éta tutut téh? Lamun nepi ka teu beunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi éta
tutut téh sok dialaan ku jalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.”
Geus kitu
mah Si Kabayan léos ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kana
nyéré, dijejeran ku awi panjang, sabab pikirna dék ti kajauhan baé ngala tutuna
moal deukeut-deukeut sieun tikecebur. Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutan tutut
méh sapoé jeput, tapi teu aya beubeunanganana, ngan ukur hiji dua baé. Kitu ogé
lain beunang ku leugeut, beunang sotéh lantaran ku kabeneran baé. Tutut keur
calangap, talapokna katapelan ku leugeut tuluy nyakop jadi beunang. Lamun teu
kitu mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari di jero cai mah éta leugeut
téh teu daékeun napel, komo deui tutut mah da aya leuleueuran.
Di imah ku
ninina didagoan, geus ngala salam, séréh jeung konéng keur ngasakan tutut.
Lantaran ambleng baé, tuluy disusul ku ninina ka sawah. Kasampak Si Kabayan
keur ngaleugeutan tutut.
Cék ninina,
“Na Kabayan, ngala tutut dileugeutan?”
Cék Si Kabayan,
“Kumaha da sieun tikecebur, deuleu tuh sakitu jerona nepi ka katémbong langit.”
Ninina
keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun brus ancrub ka sawah.
Cék Si
Kabayan, “Heheh él da déét.”
Tina Lima Abad
Sastra Sunda.
SI KABAYAN MORO UNCAL
Isuk kénéh
Si Kabayan jeung mitohana geus harudang, lantaran poé éta rayahat rék moro
uncal.
Urang
kampung geus saraged, maké calana sontog, samping dibeubeurkeun kana cangkéng,
bedog panjang nyolégréng. Sawaréh marawa tumbak. Anjing ragég geus hayangeun geura
ngudag boroan ka leuweung.
Nénjo batur
saraged téh Si Kabayan mah teu ieuh kapangaruhan. Manéhna mah ngaléléké, maké
sarung dikongkoyangkeun. Batur-batur marawa bedog, manéhna mah kalah mawa péso
raut.
“Keur naon
mawa péso raut, Kabayan?” tatanggana nanya.
“Keur nyisit
uncal,” jawabna.
Nu rék moro
laju indit. Tepi ka leuweung, der ngasruk. Anjing ragég ti kulon, ti kalér, ti
wétan. Jalma-jalma pating corowok. Nu megat ayana di beulah kidul, lebah
bubulak.
Ari Si
Kabayan misahkeun manéh. Manéhna mah nangtung handapeun tangkal jambu batu bari
tatanggahan, néangan jambu asak.
Keur
tatanggahan, gorowok nu ngagero, “Pegaat…!”
Si Kabayan
ngalieuk. Ari torojol téh ti jero rungkun, uncal jaluna. Tandukna ranggah.
Si Kabayan
can nyahoeun uncal. Cék pangirana uncal téh sagedé anak embé. Nu matak barang
nénjo sato nu siga kuda bari tandukan téh, ngan térékél wé manéhna naék kana
tangkal jambu. Teu bisa luhur naékna téh da kagok ku sarung. Manéhna nangkod
kana dahan panghandapna, sarungna ngoyondon.
Kabeneran
uncal téh lumpat ka handapeunana pisan. Si Kabayan peureum, sieuneun kaparud ku
tanduk uncal nu sakitu ranggahna.
Si kabayan
teu kira-kira reuwaseunana barang karasa aya nu ngabedol ti handap. Ari diténjo
horéng tanduk uncal téh meulit kana sarungna. Uncal ngarengkog, tuluy babadug
hayang ngalésotkeun tandukna. Kadéngé ambekanan hos-hosan. Si Kabayan beuki
pageuh muntangna, uncal beuki rosa ngamukna, tapi tandukna kalah beuki pageuh
kabeulit ku sarung. Si Kabayan beuki geumpeur, sepa taya getihan.
“Tuluuuuung….tuluuunngg….,
ieu aing ditubruk uncal…!” Si Kabayan gegeroan ménta tulung.
Teu lila
burudul nu moro nyalampeurkeun. Nénjo uncal abrug-abrugahn téh, teu antaparah
deui belewer wé ditumbak. Uncal ngajéngjéhé. Jekok-jekok pada ngadékan tepi ka
rubuhna. Uncal ngajoprak. Si Kabayan gé ngalungsar gigireunana bari rénghap
ranjug.
Nu ngariung
uncal hélokeun.
“Kumaha
ditéwakna ucal sakieu badagna, Kabayan?”
Si Kabayan
nangtung lalaunan bari cungar-cengir., “Ah gampang. Uncal mengpengan ka
handapeun tangkal jambu, ku kuring dipegat. Barang geus deukeut, dirungkup wéh
tandukna ku sarung . Tuh geuning sarungna ogé tepi ka rangsak saroéh. Geus
karungkup mah teu hésé, kari marieuskeun wé tandukna.”
Saréréa
gogodeg. Ari Si Kabayan padamuji téh nyéréngéh wé bari ngusapan tuurna nu
barared.
Uncal pada
ngarecah. Si Kabayan ngajingjing pingping uncal bari heheotan.
(Tina Gapura
Basa Jilid 2, Karya Drs. Hidayat Suryalaga, spk.)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar