src="" width="300" height="200" />
Allaahumma inni a'uudzubika min 'adzaabil qabri wa min 'adzaabinnaari jahannama wa min fitnatil mahyaa wal mamaati wa min fitnatil masiihid dajjaal. Artinya: "Ya Allah, sesungguhnya aku berlindung kepadaMu dari adzab Jahannam, dari adzab kubur, dari fitnah kehidupan dan kematian, dan dari keburukan fitnah Dajjal."
Wilujeng Sumping Pamiarsa di SMP NEGERI 2 CIPONGKOR WASPADA COVID-19

24 Apr 2026

PUPUJIAN

 Asal-usul pupujian dina sastra Sunda raket patalina jeung asupna ajaran Islam ka tatar Sunda. Ieu karya sastra mangrupa wangun puisi anu asalna tina sastra Arab, nyaéta syi’ir (syair). 

Pupujian mekar jadi sarana dakwah pikeun nyebarkeun ajaran agama kalawan cara anu gampang ditarima ku masarakat. Ieu sababaraha poin penting ngeunaan sajarah jeung kamekaranana: 

1. Pangaruh Sastra Arab

Pupujian mangrupa adaptasi tina tradisi syair Arab anu eusina muji ka Pangéran jeung Nabi. Dina kamekaranana, pupujian henteu ngan saukur narjamahkeun, tapi ogé nyaluyukeun jeung rasa basa sarta budaya lokal Sunda. Anjeun tiasa maca langkung seueur ngeunaan sajarah ieu dina Puisi Pupujian Sunda: Sejarah dan Arti - Scribd. 

2. Media Dakwah jeung Atikan

Dina jaman baheula, nalika buku jeung alat tulis masih kawates, pupujian dipaké pikeun ngapalkeun rukun iman, rukun Islam, fikih, jeung akhlak. Kusabab dinatakeun (dilagukeun), ajaran agama jadi leuwih gampang diingat ku barudak boh sawawa. Penjelasan lengkepna sayogi dina BAHASA SUNDA - BAB 3 PUPUJIAN. 

3. Tradisi di Pasantrén jeung Masigit

Pupujian biasana dikolokeun atawa dinatakeun di tempat-tempat ibadah jeung atikan Islam, saperti:

Antara Adan jeung Komat: Pikeun nunggu jamaah bari ngeusian waktu ku hal anu mangpaat.

Di Pasantrén/Madrasah: Dipaké salaku bubuka atawa panutup pangajaran.

Acara Kaagamaan: Saperti Rajaban, Maulid Nabi, atawa pangajian rutin. 

4. Eusi jeung Papasingan

Nurutkeun sumber tina Repositori Institusi Kemendikdasmen, eusi pupujian umumna kabagi jadi sababaraha golongan, diantarana: 

1. Muji ka Gusti Allah: Ngébréhkeun kaagungan Pangéran.

2. Solawat ka Rasul: Panghormatan ka Nabi Muhammad SAW.

3. Doa jeung Tobat: Paménta hampura sarta panyalindungan.

4. Nasehat: Ajakan pikeun ibadah jeung nyingkahan dosa.

MIARA TATAKRAMA BASA

 Ceuk paribasa yen "Basa teh ciciren bangsa". Atuh geus jadi kawajiban pikeun urang, hususna urang Sunda pikeun ngarumat basana sangkan teu luntur ku waktu teu laas ku jaman tetep ajeg ti generasi ka generasi. Basa Sunda miboga fungsi sosial, salian ti alat komunikasi teh oge pikeun ngebrehkeun rupa-rupa peta jeung polah nu didadasaranan ku silih ajenan antar anggaota masarakatna. Unggah-ungguh basa Sunda mah miboga tata aturan nu tangtu nu sok diistlahkeun "Undak-usuk Basa". 

Naon ari undak-usuk basa teh? Sacara basajan mah dihartikeun ngagunakeun basa dumasar situasina. Aya situasi ngagunakeun basa akrab (teu hormat) jeung aya situasi ngagunakeun basa hormat. Tapi oge sakapeung sok aya situasina ngagunakeun basa nu kasar pisan.


21 Jan 2026

GAYA BASA (MAJAS)

    Gaya basa nya éta rakitan basa (kalimah) nu dipaké sangkan nimbulkeun pangaruh (éfék) anu leleb karasana ka nu maca atawa nu ngadangukeun, ku jalan ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjénna. Gaya basa, ceuk istilah séjén, mangrupa plastis-stilistik , nya éta lamun dipaké nyarita atawa dilarapkeun dina kalimah, éstu matak jadi mamanis basa, écés témbrés beunang rasa basana. (Wikipédia) 
    Gaya basa nya éta corak éksprési basa boh dina prosa boh puisi, atawa cara kumaha ku pangarang dina ngagunakeun omongan (Iskandarwassid, 2003: 44). Gelarna gaya basa téh raket patalina jeung suasana kajiwaan nu maké basa, ku kituna gaya basa nu dipaké bisa ngagambarkeun suasana kajiwaan panyajak. 
    Papasingan Gaya Basa di antarana: 
A. GUPAMAKEUN (ngabandingkeun). Nilik wandana, aya dua rupa: Babandingan Kabaheulaan (kaasup kana basa pakeman) Sawaréh make kecap babandingan (lir, cara, tanding, kawas, j/siga, asa), sawaréh deui teu make kecap babandingan Conto-conto nu make kecap babandingan Contona: 
– Angkat cara macan teu nangan 
–Jiga bueuk meunang mabuk
–Kawas kapuk kaibunan 
–Siga careuh bulan
–Asa dina pangimpian Nu geus teu make kecap babandingan
–Pipina kadu sapasi
–Ambekna sakulit bawang
–Nyaliksik ka bubuk leutik Babandingan Jaman Ayeuna
–Gancangna kawas pesawat jét
–Kawas Roméo jeung Juliét 

 Sawaréhna deui tina basa serepan:
–Babadamian téh manggih jalan buntu
–Waktu téh sarua jeung duit
–Angin subuh ngeharéwos 

B. MIJALMA (personifikasi) = Barang nu teu nyawaan atawa ogé sasatoan, diupamakeun boga polah kawas manusa (jalma). Contona: 
– Gunung siga milu nguyung, lebak siga milu susah 
– Sang Surya lumungsur ti marcapada 
– Bulan ngintip tina sela-sela méga – Sora tarawangsa ngabangingik katebak angin 

C. LALANDIHAN (métafora) = Nganganti sesebutan. Ieu aya dua rupa: A. Pideudeuh (ngalandi nyebut pédah mikalucu). Contona: – Srikandi (awéwé nu wanian) – Arjuna (lalaki nu kasép) – Si Gégép (kiper nu hésé kaasupan gulna) B. Ocon (ngalandi pikeun ngaheureuyan). Contona: – Ujang Gembru (budak nu gendut) – Wayang Pangsisina (gédé, tapi taya gawé) – Bujangga Mikung (nu kakara diajar ngarang) 4. SINDIR ( alégori) = Omongan anu teu togmol, dibalibirkeun (teu poksang). Contona: “Langkung saé nu ieu kanggo Euceu mah, nu kayas pikawayeun téh” (maksudna mah: “Entong éta, pikeun potongan gateuw kitu mah”) “ahhh da abdi mah cacah, sanés pangangung sapertos pangjenengan, atos wé damai” (maksudna mah: teu wani maju ka hukum, da hukum mah sok rajeun lolong ku pangkat-darajat) 5. MOYOK (spot) = Nyawad, nyempad, nyepét, atawa ngawada, tapi teu ku kasar. Aya tilu rupa: A. Ngomong Dua (ironi): “Profésor” (nyebut ka budak nu dianggep bodo) “Ajengan” (moyok ka nu kakara santri tapi adigung) “ Subuh-subuh teuing” (nyebut ka nu datang kabeurangan) B. Meupeuh Lemes (sarkasmeu) Contona: “Mun hayang téréh dikubur, ulah mamawa tiwas kabatur!” (ceuk pulisi ka supir nu ngajalankeun mobilna tarik teuing) C. Ngomong seukeut (sinis) = Moyok nu leuwih rosa/jero teurakna. Sanajan, bisa jadi ari basana mah lemes. Contona: “titingalan téh aya ucing bulu hiris (cacah/somah), sugan téh candramawat (turunan ménak/ningrat) sadayana” “mangga wé sadérék nu salaku sarjana nu mingpin deui, da ari abdi mah aki-aki bodo taya kanyaho” 6. KADALON (pleonasmeu) Kadalon = tina kecap dalu = leuwih. Kadalon = leuwih makéna kecap (saenyana cukup sakali/sakecap, tapi dina susastra dileuwihan téh pikeun nambahan sari/ jadi mamanis basa). Contona: Ngupat ngawada, naék ka luhur, turun ka handap, teuleum ka jero cai, ngomong ngawangkong, ningali ku panon, déngé ku ceuli, jsb. 7. RARAHULAN (hiperbul/hiperbola) Di dieu mah nu leuwih téh lain kecapna, tapi ungkarana (sagala digedékeun). Contona: Digawé satengah paéh, dehemna saga gélédég, hulu dijieun suku, jsb. Dina sastra Pantun kacida digegedékeunana: Kumisna mani ngajebug sagedé sapu injuk. Kumis pacorok jeung janggot, sok matak mintul baliung, matak rompang karia kujang. Bulu irung digelungan siga bangbara ngaliang. Bulu kélék dilélépé siga nu nyoréndang koja. Bulu taktak digulungan siga nu manggul heurap 8. NGASOR (litotés) Sabalikna tina rarahulan, ngasor mah sagala dileutikkeun, dihandapkeun (sakapeung dipaké pikeun ngahandapkeun diri/handap asor). Contona: Tuangna gé karo uyah, teu aya naon-naon Calik heula ka saung butut Hatur lumayan, sasieureun sabeunyeureun. Émutan cek abdi nu bodo, asa piraku………… 9. RAGUMAN (syneodoche) = anu loba dihijikeun, atawa sabalikna, nu hiji/sawaréh dianggap kabéh Aya dua rupa: Hurunan (totem pro parte) = nyebut sakumna, padahal nyatana ngan saurang, sahiji, sawaréh, atawa sabagian. Contona: – cau téh geus arasak dina tangkalna – mahasiswa Sunda keur ngiluan pasanggiri dangding – Indonesia keur pertandingan silat jeung Thailand Tunggalan (pars pro toto) = nyebut sabagian pikeun sajumlahna/sakabéhna. – Si Amud ti isuk mula teu katingali irungna – Jatah BLT pikeun sasirah téh saratus lima puluh rébu – “alatan cilaka kamari sukuna téh potong, jadi dibawa ka rumahsakit!” 10. RAUTAN (euphemisme) = iketan ungkara anu diganti ku nu leuwih halon, pédah karasana cohag upama diucapkeun sahinasna. Contona: – Badé ka pengker heula/badé ka cai heula. (hayang kiih/kahampangan) – Asep Irama teu awas socana (lolong) – Saéna dilereskeun deui (lepat) – “sareng anjeuna mah nyarios téh kedah rada tarik, margi anjeuna kirag ngadangu” (torék)