src="" width="300" height="200" />
Allaahumma inni a'uudzubika min 'adzaabil qabri wa min 'adzaabinnaari jahannama wa min fitnatil mahyaa wal mamaati wa min fitnatil masiihid dajjaal. Artinya: "Ya Allah, sesungguhnya aku berlindung kepadaMu dari adzab Jahannam, dari adzab kubur, dari fitnah kehidupan dan kematian, dan dari keburukan fitnah Dajjal."
Wilujeng Sumping Pamiarsa di SMP NEGERI 2 CIPONGKOR WASPADA COVID-19

3 Okt 2016

SAWALA

Conto ucapan Panumbu Catur waktu muka diskusi

Conto biantara waktu muka acara diskusi di kelas:

Assalamu’alaikum Wr. Wb
 
        
Puji sinareng syukur urang sami-sami panjatkeun ka Gusti Nu Maha Suci, berkah rahmat ti mantenna urang sdaya tiasa ngempel riung mungpulung bongkok ngaronyok dina ieu rohangan kalayan kaayaan sehat walafiat, oge teu hilap solawat miwah salam mugia ditetepkeun ka panutan alam habibana wanabiyana Muhammad SAW…teu kakantun ka para kulawargana, parasohabatna, paratabiit-tabiinna, hingga mudaha2an dugi ka urang sadayana salaku umatna hingga ahir jaman. Amin

Bapa guru anu ku sim kuring dipihormat, rerencangan nu dipikareueus ngahaturkeun nuhun kana perhatosanna wireh parantos rempeg di ieu ruangan seja ngiring jabung tumalapung, dina kagiatan diskusi kelompok

Alhamdulillah dina ieu waktos,  kelompok hiji kapancen kanggo ngajejeran diskusi, anu mudah-mudahan ieu diskusi teh tiasa lumangsung kalayan lancar. Sateuacan diskusi dikawitan, langkung ti payun sim kuring seja ngawanohkeun heula nu bade ngajejeran ieu diskusi.
Anu kahiji salaku panumbu catur atanapi moderatorna sim kuring pribadi pun ............................ (eusi ku ngaran sorangan)
Anu kadua salaku pangejejer nya eta saderek .......... (eusi ku ngaran babaturan)
Anu katilu salaku girang serat nya eta saderek ......... (eusi ku ngaran babaturan)
Dina ieu kasempetan sim kuring saparakanca bade ngaguar diskusi anu judulna “Sunda Urang Sunda Gaul” .

Supados henteu nyangkolong teuing kana waktos, sumangga urang kawitan bae ieu diskusi kalayan macakeun basmallah sasarengan ………. (ngucapkeun bismillahirrohmanirrohim babarengan)


Kanggo acara salajengna sim kuring ngahaturanan ka saderek ...... salaku panyaji kanggo ngadugikeun makalah nu judulna “Kumaha Cara Diajar nu Hade”, sumangga dihaturanan.

14 Sep 2016

MATERI : CONTO BIANTARA PIKEUN KELAS 9

Biantara Bahasa Sunda


Biantara Paturay Tineung
Ti Wawakil Kelas IX

Maos Basmallah....

Assalamu ‘alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Maos Mukodimah dina Basa Arab......

Puji sinareng sukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Gusti Nu Maha Suci. Ku lungsurna rahmat sareng kurnia Anjeunna, dina dinten ieu urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina acara Paturay Tineung SMP Negeri 2 Cipongkor Taun Ajaran 2016/2017.
Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka rerencangan sakelas anu parantos maparin kapercantenan ka sim kuring kanggo ngadugikeun kereteg atiminangka wawakil ti panata calagara anu parantos maparin kasempetan ka sim kuring kanggo sasanggem dina ieu acara.
Para hadirin hormateun sim kuring.
Mungguh ari waktos heunteu karaos nyerelekna teh. Asa kamari sim kuring saparakanca lebet  janten murid di ieu sakola. Ayeuna tos kedah ngantunkeun deui ieu sakola. Padahal tilu taun teh sanes waktos anu sakedap. Tilu taun sasarengan, diaping sareng dijaring ku Bapa sareng Ibu guru didieu. Tilu taun simkuring saparakanca dipaparin rupi-rupi elmu sareng kaparigelan, pibekeleun sim kuring saparakanca kanggo neraskeun sakola ka tingkat nu langkung luhur.
Kiwari cunduk kana waktu, ninggang kana mangsa urang kedah papisah. Aya kabingah sareng kasedih gumulung jadi ngahiji. Bingahna, sim kuring saparakanca tos tiasa lulus diajar di ieu sakola. Ari sedihna, sim kuring saparakanca kedah ngantunkeun ieu sakola.
Abotna mah kalangkung-langkung kedah ngantunkeun ieu sakola the. Naming kumaha atuh, da sim kuring saparakanca kedah neraskeun deui ka sakola nu langkung luhur. Ku margi kitu, neda pidungana ka sadayana supados sim kuring saparakanca tiasa ngahontal cita-cita sareng tiasa babakti sa lemah cai, bangsa, sareng agama.
Rumaos, salami sim kuring saparakanca sakola di dieu, seueur pisan kalepatan. Malih sering matak repot sareng jengkel Ibu miwah Bapa Guru. Ku kituna sim kuring saparakanca heunteu tiasa males kana kasean Ibu miwah Bapa Guru. Mugia Alloh maparin ganjaran anu satimpal kana kasaean Ibu miwah Bapa Guru sadayana.
Teu hilap ka adi-adi kelas, hapunteun Akang sareng Teteh, upami salami urang sasarengan Akang sareng Teteh seueur kalepatan, boh anu karaos  boh anu heunteu karaos. Tangtos, Akang sareng Teteh oge ngahpunteun kana kalepatan adi-adi sadayana. Dungakeun Akang sareng Teteh, supados lungsur-lungsar dina diajar di sakola anu langkung luhur. Kitu deui Akang sareng Teteh ngadungakeun sangkan adi-adi tiasa langkung sae sareng pinter ti Akang sareng Teteh.
Parahadirin hormateun sim kuring.
Seueur panineungan endah salami sim kuring saparakanca nyuprih elmu di ieu sakola. Panineungan anu baris tetep nganteungkeun ras sareng hate sim kuring saparakanca, sanaos urang tos paanggang.
Rupina, sakitu pisanggem ti sim kuring minangka wawakil ti kelas IX. Hapunten bilih aya cariosan anu kirang merenah matak resag kana manah.
Akhirul kalam, wabillahi taufiq wal hidayah. Wassalamu ‘alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

9 Mei 2016

Bacaan dan gerakan sholat

PANGAJARAN 7.3: WAWARAN JEUNG IKLAN LAYANAN MASARAKAT

Mindeng urang manggihan tulisan nu eusina mangrupa wawaran, sakapeung mirip iklan.
Atuh hidep ogé apal nu dimaksud iklan, boh iklan pikeun tujuan komersil boh nonkomersil (henteu ngudag kauntungan matéri), enas-enasna mah sarua sangkan masarakat wanoh kana sagala rupa anu diiklankeunana.
Iklan téh alat anu pohara ampuhna pikeun ngawanohkeun produk atawa jasa. Ari iklan layanan masarakat tujuan utamana sangkan timbulna pangjurung tinu maca (masarakat) pikeun partisipasi (ilubiung), ayana kasadaran, jeung ayana rasa butuh “ngagugu” kana éta iklan. Ku sabab kitu, boh basana, papaésna, boh tempat masangna kudu enya-enya diperhatikeun.Tina wanoh jadi kapangaruhan ku éta iklan. Ari médiana, bisa langsung dipajang di tempat umum (tinulis/visual), dina radio (audio), televisi/internét (audio visual). Lain baé perusahaan nu sok masang iklan téh, dalah pamaréntah atawa lembaga-lembaga lianna ogé osok. Biasana iklan nu jolna ti pamaréntah mah karéréanana “iklan layanan masarakat”. Tah, dina pangajaran ayeuna, salian ti wawaran, urang medar pedaar oge iklan layanan masarakat. Ieu aya sawatara contona di handap.
A. Iklan Tinulis
1. Perpustakaan lain tempat ngobrol!
2. Piceun runtah kana tempatna!
3. Sakumna pengurus OSIS wajib hadir poé Saptu, wajib!
4. Etang heula artosna sateuacan ngantunkeun kasir
5. Parkir di tempat nu geus disadiakeun
6. Colenak Mang Ujo Raos Nimat  Seger Mirah

B. Iklan Radio (Iklan Sora nu Dikupinkeun)


IKLAN JOKOWI DALAM BAHASA SUNDA

Iklan Kopi ABC Versi Sunda

2 Mei 2016

LAPORAN HASIL SEMESTARA QUIZ ONLINE KELAS 8A S.D 8D (UPDATE 02 MEI 2016)

NONAMA SISWAKELASUSERNAMEJUMLAHBENARSALAHSCORNILAI AKHIRPERINGKATTARAP
SOALSERAP(%)
1NADIA CITRA PRATIWI8Dnadyacitra618379410911890190
2RIAN ABDUL ROHMAN8Drian618379910731470370
3INDRA WAHYUDI8Dindra618378810641260460
4CECEP SUPRIATNA8Dcecep618378110641260460
5SALMAN MUNJAKI8Asalman618384110821680280
6RIO GUNAWAN8Ario618383810731470370
7DANDI PRAYOGA8Ddandi618378210731470370
8PUTRI ANDINI8Dputri618379810911890190

30 Apr 2016

PANGAJARAN 7.2: KAULINAN BARUDAK

KAULINAN BARUDAK

A. Baca ieu wacana di handap!

Langlayangan

           Tétéla barudak Sunda téh beunghar ku rupa-rupa kaulinan, boh keur barudak awéwé boh barudak lalaki. Aya kaulinan nu maké alat saperti kenténg sasemplék, awi sabébék, kewuk, siki nangka walanda, jst. Aya ogé kaulinan nu ngan saukur maké kakawihan. Aya nu
sipatna olahraga, seni, jeung sakadar kalangenan ngeusi waktu wungkul. Nya kitu arulinna, aya kaulinan cukup duaan, aya ogé anu babaladan lobaan. Ieu di handap aya sawatara kaulinan. Hég titénan!

           Medar langlayangan téh salasahiji kaulinan barudak lalaki anu kacida populérna. Dina kanyataanana nu raresep medar téh lain barudak waé, dalah kolot gé loba nu resep. Méh di unggal tempat/daérah aya waé nu medar, pangpangna dina usum halodo bari kabeneran
alus angin, langit téh mani sok katémbong rapang ku langlayangan. Atuh urang mancanagara gé geus loba nu mikaresep kana ieu kaulinan.

          Lantaran medar langlayangan mah loba nu mikaresep, pamaréntah ngaliwatan Dinas Pariwisata mindeng ngayakeun pestival langlayangan boh tingkat nasional boh tingkat internasional, hususna langlayangan hias. Di Pangandaran, osok diayakeun “Pangandaran Kite Festival”, atuh di Bali ogé osok deuih diayakeun pestival langlayangan internasional. Ari intina mah nya lomba paalus-alus mangsana kumalayang di langit langlayangan nu sok dipéstivalkeun mah.

          Di tatar Sunda kaulinan langlayangan téh sasat geus ti baheula pisan ayana, boh di lembur boh di kota. Aya nu sakadar resep papantengan wungkul, tapi ari karéréaanana mah sok diadukeun, tangtu baé kenur atawa bola keur kapentingan ngadu mah bagian ka hareupna dipasangan gelasan anu bahan utamana tina bubuk beling. Ukuran langlayangan ogé rupa-rupa, ti nu leutik tepi ka nu gedé. Langlayangan gedé sok maraké buntut nyaéta
nu sok disebut langlayangan gomrés. Malah baheula mah aya nu ngahaja buntutna maké buntut merak. Ari ngaduna, langlayangan leutik mah umumna sok maén kubet/betot,
ari langlayangan gedé mah sok maén tataran atawa ulur. Salian ti paalus-alus gelasan, langlayangan ogé sok paalus-alus wangkong atawa gambar. Mangsana diadu, sok katémbong gagah langlayangan nu wangkongna alus mah.
          
           Rarancang langlayangan dijieunna tina awi nu dirautan sarta diaturna maké bola, ari keretasna aya tilu rupa, nyaéta keretas endog, keretas minyak, jeung keretas jarami/keretas sampeu. Tah ari langlayangan gedé nu jangkungna leuwih ti saméter mah cocogna maké keretas jarami, lantaran mangsana kagentak angin sok karasa hipu henteu matak langsung kapakan.

B. Istilah-istilah dina Langlayangan
Aya rupa-rupa istilah dina kaulinan langlayangan:
kapakan = langlayangan leupas/pegat sorangan henteu karana diadu.
godos = langlayangan keur diadu terus lésot/misah deui.
nyasar = ngaduan langlayangan batur lain tina gelasanana.
ditataran = diulur, dibéréan sina luhur.
dikubet = dibetot kalawan ngagentak dina diadu.
digibrig = ngadu langlayangan ku cara dicentokcentok, henteu loba ngulur.
digombél = ngadu diulur bari langlayanganana sina “hirup”.
kebluk = langlayangan hésé disarang-séréngna.
gélényé = gampang disarang-séréngna jeung teu daék anteng.
gédég = ngapungna kérétég (ngagibrig), biasana
alatan tali timbana handap teuing.
mayung = langlayangan nanjung kawas payung.
mumbul = langlayangan nu leupas beuki ka luhur.
nyéréng = malik ka kénca atawa ka katuhu.
nutug = langlayangan nyirorot.
wangkong = gambar langlayangan.
cacap = béak pangulur tina golonganana.
ngarucu = moro langlayangan.
rérénténg = bola/kenur nu diberendil-berendil paragi ngabandang.
ngabandang = néwak langlayangan nu éléh ku langlayangan deui.
ngarebol = megatkeun (maling) benang/gelasan batur nu langlayanganana geus éléh
atawa kapakan.
gelasan = benang seukeut husus paragi ngadu, biasana maké campuran bubuk beling,
silikon, atawa salatin.

C. Ngaran-ngaran Kaulinan Barudak Sejena
1. anjang-anjangan kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak,
tatangga, warung, pasar, jsb. Biasana dilakukeun ku barudak awéwé, tapi saupama aya 
budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa. 
2. bébénténgan kaulinan anu dipetakeun ku cara silihbeunangkeun (ditoél) bari ngajaga 
bénténg anu dijaga ku batu, talawéngkar, jsb. 

3. béklen kaulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk. Biasana dilakukeun di jero 
imah atawa téras. 

4. boy-boyan kaulinan anu maké bal saukuran bal ténis pikeun malédog 
5. talawéngkar nu ditumpukkeun. Upama keuna, anu jadi ucing kudu ngaberik terus malédogkeun bal ka nu malédog tumpukan talawéngkar bieu. Kitu terus nepikeun kabéh pamaén keuna kabalédog. 


6. congklak kaulinan maké papan kai dieusi kewuk. 

7. cacaburangé kaulinan di jero imah bari kakawihan. Aya nu jadi ucing nu kudu neguh barang anu dikeupeul ku batur. Upamana nu ngeupeul éta batuna kateguh, gantian jadi ucing. 
8. cingciripit kaulinan bari kakawihan. 
9. damdaman kaulinan anu maké mikir lantaran butuh stratégi sangkan buah dam urang teu béak dihakan ku buah dam batur anu jadi lawan urang. 


10. endog-endogan kaulinan maké leungeun bari kakawihan. Leungeun ditumpuk bari meureup nyarupa endog, terus gogoléangan atawa endogna peupeus nuturkeun kawih. 
11. empét-empétan kaulinan mangsa sawah dibuat ku cara niupan tarompét tina jarami. 

12. éncrak kaulinan anu biasana maké sarupaning sisikian (siki asem, siki tanjung, jsb.) 

13. éngklé kaulinan ku cara éngklé-éngkléan bari suku nu teu napak kana taneuh mawa batu. Nalika nepi kana kalang anu jadi bates, batu éta kudu ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun 
14. galah asin kaulinan maké kalang di taneuh buruan ku cara lumpat ti hiji kalang ka kalang lain terus balik deui. Salila bulak-balik, teu meunang katoél atawa beunang ku nu ngajaga kalang. Dipaénkeun baladan. 
15. gatrik kaulinan maké awi bébékan anu kudu dibetrikkeun pajauh-jauh ku jalan diteunggeul ku paneunggeul tina awi ogé. 
16. gugunungan kaulinan paluhur-luhur nyieun gugunungan tina taneuh, biasana taneuh ngebul. 
17. hahayaman kaulinan lobaaneun anu salah saurangna jadi hayam, saurang nu lain jadi careuhna. Hayam diudag-udag careuh bari lulumpatan sanajan teu laluasa lantaran dihalang-halang nu séjén anu jadi pager. 
18. jajangkungan kaulinan leumpang maké awi dua anu aya panincakan. Disebut ogé égrang 
19. luncat tali kaulitan ngaluncatan tali anu dicekelan ku duaan. Talina saeutik-saeutik diluhurkeun. 
20. oray-orayan kaulinan lobaaneun bari kakawihan, pacekel-cekel taktak, jeung ngantay maju siga oray luar-léor. 
21. paciwit-ciwit lutung kaulinan bari kakawihan jeung paciwit-ciwit leungeun nuturkeun paréntah kawih 
22. pérépét jéngkol kaulinan bari kakawihan jeung nyangkedkeun unggal suku sabeulah, terus puputeran teu meunang leupas. 
23. pelak cau kaulinan nangkeup tihang imah ku sababaraha urang pauntuy-untuy. Aya hiji nu kudu nyobaan ngabetot budak ti nu pangtukangna sina leupas. 
24. sérmen kaulinan peperangan pabalad-balad bari maké pedang anu dijieun biasana tina awi. Saurang dianggap paéh upama sukuna ti tuur ka handap katoél ku pedang musuhna. Kitu saterusna nepikeun kabéh musuh paéh. 
25. sondah kaulinan ku cara éngklé-éngkléan make ngaliwatan kalang kotak-kotak. Aya kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditincak. 
26. sorodot gaplok ampir sarua jeung éngklé, ngan batuna dibawa ku suku bari leumpang gancang terus sarua ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun 
27. ucing-ucingan kaulinan lulumpatan jeung nyingcétan lantaran diudag jeung rék ditoél ku nu jadi ucing. 
28. ucing sumput kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan.

28 Apr 2016

DAFTAR USERNAME DAN PASSWORD SISWA KLS 8B (UPDATE)

NONAMA SISWAUSERNAMEPASSWORD
1Abdul Rahmanrahmanabdulrahmanp003
2Agus Sandi Wagussandiagusp002
3Aji Firmansyahajifirmansyahajip003
4Aldi Muhamadaldimuhamadaldip004
5Cindy Shepiacindysehiacindyp005
6Dede Rahmandederahmandedep006
7Diki Rifansyahdikirifansyahdikip007
8Evah Faujiahevahfaujiahevahp008
9Fuji Herma Dianafuzyhermafuzyp009
10Ilham Azizilhamalazizilhamp010
11Izmi Aeniahizmiaeniahizmip011
12Keny Ariantikenyariantikenyp012
13Lisdiani Alyalisdianialyalisdianip013
14Ridwan Farhanudinridwanfarhanudinridwanp014
15Muhamad Adityamuhamadadityaadityap015
16Muhamad Ardiansyahmuhamadardiansyahardiansyahp016
17Muhamad Priatnamuhamadpriatnapriatnap017
18Muhamad Riandikamuhamadriandikariandikap018
19Muhamad Taufiktaufikmuhamadtaufikp021
20Muhamad Aldanmuhammadaldanaldanp019
21Muhamad Aldinmuhammadaldinaldinp020
22Nrng Mitanengmitamitap022
23Nita Paridanitaparidanitap023
24Nuraeninuremiemip024
25Nurul Siti Hasanahnurulsitihasanahnurulp025
26Nurwida Alawiyahnurwidaalawiyahnurwidap026
27Pipit Pitriapipitpitriapipitp027
28Rian Saepul Rohmanriansaepulrohmanrianp028
29Rifan Mirajrifanmirajrifanp001
30Rifiani Shoffaariyahrifianishoffaariyahrifianip030
31Rika Putriyantirikaputriyantirikap031
32Rina Maryanirinamaryanirinap032
33Samsul Arifinsamsularifinsamsulp004
34Sarahsarah555sarahp033
35Sely Bonitaselybonitaselyp034
36Shinta Irawatishintairawatishintap035
37Silasila666silap036
38Siti Nurhalimahsitinurhalimahnurhalimahp037
39Siti Nurlatifahsitinurlatiffahnurlatiffahp038
40Siti Sopiahsitisopiahsopiahp039
41Yuyun Yuliantiyuyunyuliantiyuliantip040

27 Apr 2016

PANGAJARAN 7.1 MACA PAGUNEMAN

A. Maca dina Jero Hate

Indung jeung Anak

         “Mah, aya nu badé ditaroskeun,” ceuk Atia.
         “Naroskeun naon? Ké, Mamahna capé kénéh,” jawabindungna. Geus biasa, lamun tas nyanyabaan, Atia mah sok tetelepék ngeunaan naon-naon anu katénjo atawa nu kaalaman, boh di perjalanan boh di tempat nu dituju. Harita ogé kakara jol pisan tas piknik ti Maribaya.
       “Sok, badé naroskeun naon? Mani bangun daria,” ceuk indungna deui, bari neuteup… bréh budak téh mani ngembang céngék.
        “Kieu, Mah..., naon margina ari naék mobil sok istri heula, ari lungsur sok pameget heula. Geuning tadi ogé, basa naék angkot, Bapa mah ti pengker naékna...lungsurna
mah ti payun,” pokna.

          “Tah, éta téh salasahiji tatakrama dina naék jeung turun tina mobil.”
          “Naon ari tatakrama téh, Mah?” Atia nanya deui.
          “Tétéh terang! Tatakrama téh aturan sopan santun téa, nya?” omong lanceukna, haget mangjawabkeun.
          “Leres. Sakumaha ceuk Si Tétéh, tatakrama téh mangrupa aturan sopan santun dina hirup kumbuh sapopoé. Tatakrama téh jembar pisan. Lain ngan dina naékturun mobil baé, dina nyarita, waktu nyémah, dina maké papakéan, waktu dahar, anggah-ungguh awak, ngaliwat ka hareupeun jalma...,” ceuk indungna, ngécéskeun.

         “Dina waktos natamu atawa nyémah kumaha, Mah?”
         “Tatakrama dina natamu di antarana, ngucapkeun salam, punten, atawa ngetrok panto tilu kali.”
         “Ari dina dangdosan?” ceuk Atia, bangun beuki panasaran.
         “Sarua, aya tatakramana. Nya di antarana, papakéan anu dipaké ku urang téh kudu diluyukeun kana waktu jeung situasina.”
         “Mah, ari hubungan tatakrama sareng atikan moral...kumaha?” lanceukna milu nanya.
         “Ari kitu?” malik nanya, giliran indungna ngembang kadu. Dina haté indungna aya rasa reueus duméh si Tétéh, lanceukna Atia nu kakara kelas tujuh SMP ngajukeun pananya anu kaitung alus jeung munel saperti kitu.
         “Wiréhna Bapa Guru di sakola kantos nyabit-nyabit sual éta,” jawabna.
         “Hubungan tatakrama jeung atikan moral téh pohara raketna. Malah bisa disebutkeun tatakrama téh bagian tina atikan moral! Kapan nu disebut moral téh nyaéta ahlak, ajaran ngeunaan laku lampah hadé jeung goréng,” ceuk indungna, “Tos heula, nya...Mamah badé salat asar heula.”

B. Perkara Paguneman
         Wacana “Indung jeung Anak” di luhur téh mangrupa paguneman (dialog) antara Atia, lanceukna (Tétéh), jeung indungna. Ari nu jadi bahan gunemanana nyaéta ngeunaan tatakrama dina kahirupan sapopoé nu kapanggih waktu piknik ka Maribaya. Lamun seug dibaca kalawan lentong anu merenah, karasa ayana suasana loma tapi santun. Dina paguneman, lentong (luhur handapna sora) jadi karasa pentingna, malah bagian tina tatakrama ogé.
          Salian ti lentong, dina paguneman kudu diperhatikeun ogé tatakrama basana nu ngawengku basa lemes jeung basa loma. Basa atawa kekecapan nu dipaké dina wacana di luhur sagemblengna ngagunakeun basa lemes. Naha kudu salilana dina guneman atawa obrolan ngagunakeun basa lemes? Ah nya henteu, gumantung jeung saha urang ngobrolna. Ari ngobrol jeung babaturan nu geus dalit mah meunang maké basa loma saperti indit, saré, dahar ogé. Dina harti, sok sanajan tatakrama basa
téh tujuanana pikeun silihajénan, lain hartina maké basa loma teu ngajénan.
          Salian ti kudu merhatikeun lentong jeung tatakrama basa (undak-usuk basa), dina paguneman ogé kudu dibarengan ku rengkuh jeung pasemon anu merenah. Ieu ogé diluyukeun kana waktu jeung situasina. Cindekna, jeung saha urang ngobrol (babaturan, sahandapeun, atawa saluhureun) kaasup dina situasi kumaha-kumahana kudu diluyukeun kana rengkuh katut pasemon anu merenah. Situasi urang keur ambek tangtu boh basa boh rengkuhna bakal béda upama dibandingkeun jeung situasi séjén, upamana waé dina diskusi.

Ngajawab pananya. (Pigawe dina Buku Tugas)
1. Nanyakeun naon Atia ka indungna téh?
2. Ari nu dipikareueus ku indungna saha?
3. Saha waé anu kalibet dina éta paguneman?
4. Naon nu jadi téma dina éta paguneman téh?
5. Tatakrama téh jembar. Cik terangkeun!
6. Ari tatakrama dina nyarita kudu kumaha?
7. Naon sababna tatakrama diperlukeun dina kahirupan?
8. Cik kumaha kira-kirana lamun jalma teu boga tatakrama?

C. Paguneman dina Diskusi

Baca paguneman diskusi ieu di handap!

Panumbu Catur : Saparantos narasumber ngadugikeun makalahna, salajengna para pamilon
dipasihan kasempetan kanggo ngadugikeun patarosan. Urang bagi 3 termin waé, termin kahiji tilu jalmi, termin kadua tilu jalmi, lajeng termin katilu kanggo dua jalmi margi waktosna bilih teu nyekapan. Mangga kanggo termin kahiji…
Pamilon 1 : Naon nu ngalantarankeun masarakat teu disiplin di tempat umum?
Pamilon 2 : Naha perlu masarakat nu ngalanggar aturan keuna ku sangsi?
Pamilon 3 : Sim kuring moal ngajengkeun patarosan, tapi badé ngadugikeun pamadegan yén timbulna rupa-rupa kateuberésan téh akibat aparat henteu tegas!
Panumbu Catur : Salajengna mangga ka pangersa narasumber kanggo ngawaler.
Pangjejer : Hatur nuhun… haduh patarosan kalintang saéna. Urang waler sakaligus waé. Naon           sababna masarakat teu disiplin, sapertos miceun runtah, dagang di trotoar, parkir sakarepna, jst. Tadi tos disabit, di antarana balukar teu kungsi meunang kabiasaan disiplin di kulawargana, leres ari numutkeun aturan mah mémang tos aya peraturan daérah (perda) nu sangsina dibui atawa denda, tapi kan henteu gampil kitu waé. Sim kuring gé panuju kana pamadegan yén aparat henteu tegas, tapi bisa jadi aya pertimbangan-pertimbangan séjén. Upamana waé, padagang kaki lima dirajia, tangtu sanggeus dirajia kudu aya solusina.
Panumbu Catur : Hatur nuhun ka narasumber anu parantos ngawaler, rupina sugema teu sugema         kedah sugema kana waleran narasumber, salajengna kanggo termin kadua, mangga dihaturananan.
……………………………………………………………………………………

D. Ciri-Ciri Paguneman

1. Paguneman teh mangupa kagiatan komunikasi lisan/tuturan antara dua urang atawa leuwih.
2. Paguneman ditulis winangun kalimah-kalimah langsung anu dicirian ku ayana tanda kekenteng
    atanapi tanda kutif ("..........") dina kalimahna
3. Bahasa nu digunakeun dumasar situasi, iraha jeung dimana paguneman eta lumangsung. samodel
    paguneman ngobrol biasa bakal beda jeung paguneman dina diskusi. Utamana dina sikep jeung
    bahasa nu dipakena.

E. Nyusun Paguneman
Pancen: Susun hiji paguneman pondok anu caritana hidep/siswa nyaritakeun ka kolot di imah yen tadi basa di jalan aya babaturan anu katabrak motor.

F. Kabeungharan Kecap
1. Paguneman: Kagiatan ngobrol/komunikasi antara dua urang atawa leuwih dina rupa-rupa situasi
2. Piknik: kagiatan ka hiji tempat wisata anu tujuana pikeun nyenangkeun hate.
3. Daria: bener-bener dina merhatikeun atawa migawena (B.Ind=sungguh-sungguh)
4. neuteup: ningali anteb bari semu anu panasaran
5. Tatakrama: aturan dina tingkah laku atawa sopan-santun ka batur
6. jembar: lega (B.Ind=luas)
7. atikan: didikan/pendidikan
8. atikan moral: pendidikan nu patali jeung laku lampah hade/sopan santun/etika
9. ngembang kadu: colohok sabab aya rasa kaget
10. reueus: rasa hate anu bungah/bangga/agul
11. munel: eusina atawa hasilna alus
12. raket: dalit/deukeut pisan

Sanggeusna neuleman ieu materi kerjakeun sual QUIS ONLINE DINA TAB SOAL QUIS KLS 7 SUB QUIS PANGAJARAN 7.1 (Paguneman)




LAPORAN HASIL SEMENTAR SOAL QUIZ ONLINE KLS 8A B C DAN D

NONAMA SISWAKELASUSERNAMEJUMLAHBENARSALAHSCORNILAI AKHIRPERINGKATTARAP
SOALSERAP(%)
1NADIA CITRA PRATIWI8Dnadyacitra618379410911890190
2RIAN ABDUL ROHMAN8Drian618379910731470370
3INDRA WAHYUDI8Dindra618378810641260460
4CECEP SUPRIATNA8Dcecep618378110641260460
5SALMAN MUNJAKI8Asalman618384110821680280
6RIO GUNAWAN8Ario618383810731470370

26 Apr 2016

PANGAJARAN 8.8 (NULIS SURAT DINES)

Conto surat dines di sakola

ORGANISASI SISWA INTRA SEKOLAH (OSIS)
SMP  NEGERI 1 Tepiswiring
Jl. Gagak Ngelak No. 25 Sukabumi Tlp.  (0266) 221098
 



                                                                                        
Nomer          :10/OSIS/VIII/2005                                      Sukabumi,3 Agustus 2005
Lampiran     : -
Perkawis      :  Uleman
Sipat              :  Biasa

Kahatur
Rengrengan pangurus OSIS
di
Tepiswiring

Assalamu'alaikum warrohmatullahi wabarakatuh,

Dina Raraga tatahar enggoning mieling tur ngareuah-reuah poe  kamerdikaan, sim kuring ngalulungsur Saderek kanggo ngaluuhan gempungan anu baris dilaksanakeun:
dinteun   : saptu
tabuh      : 14.00 dugi ka rengse
tempat    : rohangan 15

Ku kituna, pamugi Saderek kersa sumping dina waktosna.
Hatur nuhun

Wassalamu'alaikum warrohmatullohi wabarokatuh.

Pupuhu                                                                                            Girang serat


Arya Gintara                                                                                Teja Wening