src="" width="300" height="200" />
Allaahumma inni a'uudzubika min 'adzaabil qabri wa min 'adzaabinnaari jahannama wa min fitnatil mahyaa wal mamaati wa min fitnatil masiihid dajjaal. Artinya: "Ya Allah, sesungguhnya aku berlindung kepadaMu dari adzab Jahannam, dari adzab kubur, dari fitnah kehidupan dan kematian, dan dari keburukan fitnah Dajjal."
Wilujeng Sumping Pamiarsa di SMP NEGERI 2 CIPONGKOR WASPADA COVID-19

SISINDIRAN

Di tepas nu maca koran
wanci isuk haneut moyan
hayu urang sisindiran
sempal guyon gogonjakan

Di luhur teh mangrupa conto sisindiran. Saha wae oge bisa nyieun sisindiran asal daek diajarna. Dumasar conto di luhur, kalimah atawa baris atawa jajaranana kabehna 4 baris dina sagundukanana. Dina tiap baris, mun diitung jumlah engang dina satiap barisna bakal sarua nya eta 8 engang. Geura urang itung:

di - te - pas - nu - ma - ca - ko - ran
1     2    3      4      5     6    7      8
wan - ci  i - suk - ha - neut - mo - yan
 1       2  3    4      5      6      7      8
ha - yu  u - rang - si - sin - dir - an
 1     2   3    4       5     6     7      8
sem - pal - gu - yon - go - gon - ja - kan
 1       2      3      4      5     6      7     8

Jadi lamun nyieun kalimah-kalimah dina sisindiran satiap barisna kudu neangan gabungan kecap nu jumlah engangna 8.

Dumasar eusina, sisindiran dipasing jadi 3 rupa:
1. Sisindiran wangun Paparikan, contona:

Nanggap wayang diheulakeun
Bodorna cepot jeung gareng
Murid nu rajin ngapalkeun
Moal meunang peunteun goreng

Meuncit meri dina rakit
Boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit
Kabogoh direbut batur

Poe saptu poe kemis
Salasa heuleut-heuleutan
itu saha gede kumis
leumpangna eundeuk-eundeukan

Ciri-ciri sisindiran wangun paparikan:
- jumlah baris 4
- jumlah engang / suku kata dina tiap baris 8 engang
- pasangan purwakanti sora, baris 1 jeung 3, baris 2 jeung 4
- baris ka 1 jeung 2 cangkang, baris ka 3 jeung 4 eusi
- eusi sisindiran: papatah/piwuruk, asmara/silih asih, jeung pikaseurieun/sesebred

2 Sisindiran wangun Rarakitan, Contona:

Peupeujeuh ari ka Bandung,
ulah meuli hayam kate.
Peupeujeuh ari ka indung,
ulah nganyerikeun hate.

Sing getol nginum jajamu,
nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan elmu,
nu guna dunya aherat.

Sapanjang jalan soreang
moal weleh diaspalan
sapanjang tacan kasorang
moal weleh diakalan

Ciri-ciri sisindiran wangun Rarakitan:
- jumlah baris 4
- jumlah engang / suku kata dina tiap baris 8 engang
- pasangan purwakanti sora, baris 1 jeung 3, baris 2 jeung 4
- baris ka 1 jeung 2 cangkang, baris ka 3 jeung 4 eusi
- eusi sisindiran: papatah/piwuruk, asmara/silih asih, jeung pikaseurieun/sesebred
- mindoan kawit (pengulangan bagian/kecap) baris 1 jeung 3 baris 2 jeung 4

3. Sisindiran wangun Wawangsalan, contona:

Aya hal anu beda jeung dua wangun sisindiran di luhur (paparikan, rarakitan), sisindiran wangun wawangsalan mah miboga ciri:
- jumlah baris 2
- baris kahiji cangkang, baris kadua eusi
- jumlah engang dina tiap baris 8 engang
- aya wangsal nu jadi teteguhan

Contona:
teu beunang disupa dulang
teu beunang dibebenjokeun  (wangsalna: kejo)

gedong ngambang na sagara
ulah kapalang nya bela (kapal cai)

belut sisit saba darat
kapiraray siang wengi (oray)

gambar hirup dikacaan
hayang beunghar teu katepi (wangsalna: tipi)







  

Tidak ada komentar:

Posting Komentar