src="" width="300" height="200" />
Allaahumma inni a'uudzubika min 'adzaabil qabri wa min 'adzaabinnaari jahannama wa min fitnatil mahyaa wal mamaati wa min fitnatil masiihid dajjaal. Artinya: "Ya Allah, sesungguhnya aku berlindung kepadaMu dari adzab Jahannam, dari adzab kubur, dari fitnah kehidupan dan kematian, dan dari keburukan fitnah Dajjal."
Wilujeng Sumping Pamiarsa di SMP NEGERI 2 CIPONGKOR WASPADA COVID-19

CALIWEURA

Murid anyar

                  Kénging Nana Sukman
Oman : "Hay! Nepangkeun, nami abdi Oman. Tapi supados langkung akrab, sebat wéh yayang imut!" (bari cu­ngar-cengir)
Ucing
“Ucing aing nu indungna reu­neuh tuluy anakan satilu-tilu, ih da éta mah ucing jaluna geus kitu mah pleng waé teu embol-embol, tong boro nganapkahan, ngalongokan ogé henteu!”
“Ah, tong boroning ucing, kiwari mah manusa ogé loba nu kitu téh!”
“Ih, kutan?”
Ayah Kawunglarang
Rancah
Onta
Dudu : “Naon bédana onta jeung kangkung?”
Adar : “Onta di arab, kangkung di urab!”
Ryan Darmawan
Jl. Jamika No. 45
Cangkeul
Rina : “Aa naha teu cangkeul?”
Dodo : “Cangkeul kumaha kitu?”
Rina : “Éta mamawa beungeut goréng,..”
Ryan Darmawan
Jl. Jamika No. 45
Hartina
Udin : “Néng naon hartina ana uhibbu anta?”
Enéng : “Abdi bogoh ka anjeun!”
Udin : “Qobiltu néng! yés, yés!”
Enéng ngahuleng….
Astri
Jl. Gurame no. 123
Salah pok
Iman : “Néng! Tos gaduh salaki?”
Unah : “Teu acan a!”
Iman : “Sami atuh, aa gé can boga salaki da.”
Unah : “Haaar!”
Ifah Musdalifah
Jl. Saturnus No. 67
Bangkong
Guru : “Naon sababna anak bangkong sok luluncatan?”
Udin : “Biasana bu, ari murang­kalih mah da sok kitu.”
Guru : ???
Asep Mahpudin
SDN Haruman Sari – Garut
Bulan Béntang
Icih : “A, upami icih janten bulan, aa keresa janten bintangna?
Ibro : “Keresa atuh!” (Atoh)
Icih : “Sok atuh nyingkah 149,680,000 km ti abdi.”
Ibro colohok….
Obar Sobarsa
Jl. Astana Anyar No. 90
Papatah
Ceuk kolot : Lalaki sajati mah pantrang kudu nginum kiranti...
Indra Gunawan
Jl. Keansantang No. 34
Sagala Tiasa
“Tiasa nambal ban Mobil?”
“Tiasa asal aya lém ban baé!”
“Tiasa nambal calana soéh?”
“Tiasa asal aya lamak tilas!”
“Tiasa pangnambalkeun hutang?”
“Tiasa mangga!”
“Kumaha?”
“Ditaplok BPKB Mobil!”
“Is ! ulah-ulah!”
Apih Suratman
Cimangkok Sukabumi
Kabiasaan
“Lamun jelema ngomong bari nulak cangkéng, éta nandang­keun sipat gedé hulu, lamun bari nyakuan leungeun, nandakeun simpati!”
“Lamun  nu bari sidakep?”
“Éta mah jelema muriang…”
Ajat Sudarjat
 Sumedang
Blok
“Cenah baheula unggal nagara téh kungsi perang dingin. Di dunya aya tilu blok. Nu kahiji blok barat, nu kadua blok timur. Jeung nu netral ngaranna non-blok!”
“Ari kuring ka asup blok mana?”
“Deuh, sok malaweung ari nanaon téh, ieu mah keur ngomongkeun nagara. Silaing mah sigana asup blok ka opat, blok go-blok!”
Iis Siti Fatimah
Suryalaya –
Tasikmalaya
Témbak
Guru basa Inggris keur ngayakeun soal tanya jawab jeung murid-muridna.
Guru: “Open the book, naon tah Nyil hartina?”
Unyil: “Buka buku.”
Guru: “Lamun open the door?”
Unyil: “Buka pantona, tuluy tembak!”
Ajat Sudarjat
 Sumedang
Ulah Ngaroko
Dina hiji waktu, pelatih maénbal ngainstruksikeun ka pamaén-pamaén­na, lamun seug keur mawa bola omat ulah bari ngaroko, keun baé cenah kiperna mah. Pédah sakabéh pamaénna téh nyandu pisan kana roko. Nepi ka kituna nya di dunia barakatak mah. Heuheuh.
Iis Siti Fatimah
Suryalaya –
Tasikmalaya
Lagu
“Cenah lagu dangdut téh, asalna tina kecap dikendangan tuluy ngagedut!”
“Lamun lagu rock n roll?”
“Éta mah asalna tina kecap rok jeung …”
“Hisss, enggeus-eungeus ah, geus tangtu nyonghar manéh mah!”
Ajat Sudarjat
 Sumedang
Tatarucingan
“Kuéh naon nu ngarana diwangun ku ngaran jelema jeung ngaran wadah cai?”
“Euh… surabi?”
“Salah, nu bener mah martabak. Marta ngaran jelema, bak tempat cai!”
“Capruk ah silaing mah!”
Ajat Sudarjat
 Sumedang
Pamohalan
Doni: “Ki, manéh yakin teu gunung sakumaha luhurna ogé lamun dituga­ran unggal poé bakal rata?”
Oki: “Saratus persén yakin!”
Doni: “Lamun laut unggal poé di tawu ku séndok bakal saat?”
Oki: “Duaratus persen silaing ngacapruk!”
Iis Siti Fatimah
Suryalaya –
Tasikmalaya
Nyelok
Adel: “Pa… Ujang mah alim gaduh indung téré!”
Bapa: “Har ari Ujang, nyasaha nu badé nikah deui?”
Adel: “Leres Pa?”
Bapa: “Sumpahna gé!”
Adel: “Saleresna mah  Ujang téh dipiwarang mamah kanggo nyelok bapa!”
Iis Siti Fatimah
Suryalaya – Tasikmalaya
Rock Dangdut
Si Uding jeung Si Tukdel tas lalajo Rock Dangdut.
“Cék uing mah lain pertunju­kan rock dangdut ieu tadi téh…”
“Pertunjukan naon atuh?”
“Pertunjukan rock mini, tinga­li waé rok artisna pararundat kitu!”
Ena Rs – Rancah
Bacang
“Cenah eusi bacang téh ku hayam, mana atuh euweuh nanaonan ieu mah?”
“Enya ku hayam pan dipacok jadi wé euweuh nanaonan…”
“Bedul téh, sugan téh aya hayaman, horéng eusina dimangsa ku hayam nya!”
Ena Rs – Rancah
Diasupkeun
“Oded, kamari ku manéh lin hayam téh diasupkeunana?”
“Uhun Ma.”
“Geuning ayeuna euweuh?”
“Da diasupkeunana gé ka dieu… diangge rencang liwet…” (bari nyabak beuteung)
Ena Rs - Rancah
Siki Saga
Camay: “Déwék mah boga babatu­ran urang Batak, bageur téh.”
Jojon: “Saha ngaranna euy?”
Camay: “Ngaranna téh Henry Sikisaga!”
Jojon: “Lain Henry Sikisaga tolol, Henry Sinaga kituh!”
Camay: “Heueuh meureun… hehe.”
Ayah Kawunglarang
Rancah
Studi Banding
Para anggota Dewan keur rerembugan arek ka mana studi banding taun ieu. Aya nu ngusulkeun ka Eropa, Rusia jeung Amerika Serikat. Ngan aya saurang nu usulna rada beda ti batur.
“Kumaha lamun studi ban­ding ayeuna mah… ka jalur Gaza?”
Euweuh saurang ogé ti anggota dewan nu ngadukung usul éta.
Ena Rs - Rancah
Pesimis
Koming: “Pesimis déwék mah euy…”
Bonang: “Nanaonan bet teu pupuguh nyarita kitu?”
Koming: “Éta puguh, saingan déwék beuki loba baé!”
Bonang: “Saingan dina naon kitu?”
Koming: “Nyieun barakatak euy, kiwari mah loba pendatang anyar jeung aralus deuih barakatakna téh!”
Bonang: “Oh, sugan téh soal bisnis properti!”
Ayah Kawunglarang
Rancah
Barudak Kiwari
Jasmin: “Let’s go…”
Jasman: “Go, alone…”
Bapana: “Da heueuh atuh, barudak kiwari mah geus embung waé ngagunakeun basa Sunda téh!”
Ayah Kawunglarang
Rancah
Ari Sugan téh
“Rompong…! Rompong…!”
“Ma ! Dagang naon di luar?”
“Ah ! Tukang kokorompong éta mah!”
“Mésér Ma! sarébueun wéh!”
“Ari manéh! Éta téh nu meulian barang urut!”
“Oh... sugan téh kuéh Rompong!”
Ajat Sudarjat
 Sumedang

Abong Budak

Ngaranna gé budak leutik geus kitu adatna bangor ngoprek sagala ditanyakeun, kurang-kurangna kolotna sabar mah sok matak rungsing, komo deui budak kuring nu bungsu nu umurna kakara lima taun nyakitu sarua mun aya kahayang teh kudu gancang ditedunan teu bisa diengke engke kajeun dibebenjokeun tetep ngaeh menta kahayang manehna.
Mun kuring keur migawe nanaon si Kasep mah biasa mantuan bapana cakah cikih sagala di cekel sagala di tanyakeun kabeh dioprek, sakapeung mah bosen ngajawabna, tapi da nya kitu mun can ka jawab teh terus wae nananyakeun teu kaur gawe. Sakapeung mah sok aya keselna mun pakakas rek dipake ku si Kasep ulaheun, kajeun di olo kumaha wae ge tetep ulah ari dipaksa kalah ka ceurik bari jeung gogoleran sagala.
Meneran keur pere gawe geus lila niatna mah rek ngarombak bupet leutik jadi rak buku, ngarah susunan buku alus katempona jeung rapih mun neangan buku nu penting teh gampang kapanggih tinggal nempo kana susunan alphabetna. Ari ahli mah henteu juan-jieun bupet atawa lomari tina kai ngan lahlahan we ieu mah susuganan jadi da ukur ngarombak ieuh jeungna deui pakakas tukang kayu rada kumplit, ti mimiti sugu, ragaji, kampak jeung palu ngahaja meuli da sawaktu-waktu mah perelu. Kabeh pakakas tukang kayu geus sayagi di dinya ngarah gampang ngarongkongna maksud teh.
Basa kuring keur anteng nyugu ngarah papanna rata, biasa si Kasep ngarewong nginjeum sugu nu keur di pake meni maksa pisan padahal mah kakara bieu pisan nyonyoo palu jeung ragaji, atuh patulayah pakakas teh.
“Pa nambut suguna sakedap weh, Kasep bade nyugu papan nu itu!” pamentana bari curukna tutunjuk. Kulantaran keur kagok teu di denge ieuh jongjon we neruskeun maksud teh hayang gancang anggeus da ti tatadi ngarewong terus nginjeum itu ngajewang ieu teu kaur pisan rek dek di gawe
“Sugu Pa ...’’ ngomong kituna teh bari merenyeng pedah teu di denge.
“Ke sakedap nya Sep, Bapa keur kapameng!’’ jawab teh rada nyentak. Sakedapan budak murungkut sieuneun meureun anu saterusna undur-unduran bari ngajewang ragaji terus nyalingker ka tukangeun, sihoreng papan nu geus rata meunang nyugu jadi raca di ragajian ku si Kasep.
“Beu ..., na ari maneh kacida teuing bangor teh!” ceng teh bari mireungeuh kana papan nu geus raca
Budak teh tuluy ngajengkat bari ngabeubeutkeun ragaji. Ku kuring di polototan bakating ku keuheul, kumaha mun eta ragaji keuna ka kuring.
Rada salse di gawe teh pedah si Kasep teu ngaganggu, teuing diajak kamana ku indungna sigana mah di bebenjokeun meuli cocooan. Rak buku geus jadi ngan kari malitur, pedah nyieun paliturna mah geus ti kamari sirlakna di keueum ku sepirtus di na keler urut wadah rangginang. Sanggeus di dempul tuluy dihampelas ngarah lemes mun dipalitur teh hasilna jadi herang. Palitur nu dina keler geus nyampak di dinya ngahaja diangkut ngarah babari ngarongkongna nyakitu deui koasna ge weuteuh keneh anyar meuli basa sakalian meuli palitur.
Sabot kuring mindahkeun rak buku ka nu rada panas sangkan katojo ku panon poe ngarah hasil palituranana alus, kurunyung wae si Kasep datang bari lumpat nyampeurkeun ka kuring, dina leungeunna ranggem ku cocooan momobilan laleutik aya ka na opatna, moal salah deui indungna nu mangmeulikeun. Basa kuring ngalieuk, katempo si Kasep keur ngocekan keler nu dieusi ku palitur, cocooanana kabeh aya na jero keler. Kuring reuwas pedah dampal leungeunna lamokot ku palitur sedengkeun ngumbahna ge kudu ku sepirtus.             Sanggeus mireungeuh kitu mah gancang di deukeutan, teuing pedah kuring keur ambek jeung handeueul ningali ka na kaayaan kitu, si Kasep kageteun, na atuh ari juralit teh keler nu dieusi palitur tiguling kadupak leungeunna replek pisan atuh eusina kabeh tamplok ka na taneuh. Kuring ukur bisa ngahuleng, ret ka si Kasep dipelong salila-lila kalaka rempah rempih merenyeng nu saterusna hing wae ceurik bari kokosehan. Ngadenge budak nu ngadengek ceurik lol pamajikan kaluar ti panto dapur, gurung gusuh nyampeurkeun si Kasep.
“Alah Bapana ..., kunaon ieu si Kasep meni lamokot ku palitur kieu?!” ngomong kituna teh bari ngarawu si Kasep anu saterusna dipangku dibawa ka jero.
Pamajikan nanya kitu, kuring teu ngajawab ukur mirengkeun ka na urut palitur anu bahe. Puguh ari keselna mah kesel ngan rek di kumahakeun atuh, ukur bisa ngurut dada.***

Hayang Disuntik

Kénging Taufan Ramadan
Hareupeun imah aya dokter umum nu anyar muka praktek, dr. Hesti Khoerunnisa. Sok sanajan praktekna kaitung anyar, loba pisan nu ngadon tatamba téh. Salirana someah darehdeh, ngaladenan teu ngabeda-beda jalma, obatna nu manjur jeung pangpangna mah biaya dipariksa teu mahal, malah kalan-kalan keur nu teu mampuh mah sok diharatiskeun.
Nyaho sotéh kuring mah ceuk béja, da can pernah dipariksa. Bararaid teuing sing dijauhkeun tina panyakit, kaditu ka sabrang ka palembang. Kuring sorangan can nyaho ari rupana mah dr. Hesti téh kumaha, sanajan imahna paeunteung-eunteung tapi da can kungsi ningali. Sapopoéna dinesna di Rumah Sakit Kabupatén, soréna muka praktek nepi ka peuting.
Geulis jeung masih lalagasan deuih cenah. Kuring jadi rada panasaran barang ngadenge beja aya dokter ngora geulis jeung masih lalagasan mah. Lantaran hayang ningali dokter nu cenah geulis, isuk-isuk téh tos solat subuh tara sare deui, tuluy maca koran dihareupeun imah bari teuteupan mah teu weleh manco ka imah dipeuntaseun.
Ret ka peuntas aya awéwé ngora kaluar, teg waé pasti éta nu disebut dr. Hesti téh, bener waé sapantaran. Ngan leuwih tegep, perbawa profesi dokter sigana téh. Teu lila manéhna asup kana mobil. Tayohna mah rék indit tugas ka rumah sakit.
Ti harita mah sok mindeng ngamodus maca koran mun isuk-isuk téh, osok oge api-api moyan ti lantai dua, nyerangkeun nu geulis indit gawe. dr. Hestina mah sigana téh teu nyahoeun yen unggal isuk aya nu nyerangkeun.
Hiji poé adi kuring nu bungsu nu kakarék SMP harééng. Basa ku indung rék dipariksa ka dokter téh kuring rikat nawarkeun sorangan, rék dibawa ka dr. Hesti cekéng téh..
Barang kuring tepung, adi téh tuluy dipariksa tensi, geus kitu dikedengkeun dipariksa dada jeung beuteungna. Rada kabita beurang ningali adi dicagapan dadana ku alat kedokteran téh, duh mun kuring dicagapan ku dokter geulis kieu mah hayang terus.
Beres nganteur adi kuring jadi loba ngalamun. Enya ngalamun hayang tepung deui jeung dr. Helmi, tapi kumaha carana? Kudu nganteur adi deui, apan enggeus cageur ayeuna mah. Sanggeus ngahuleng lila mah kakarék boga akal. Kuring rék api-api gegeringan waé. Tapi kalah ngahuleng deui lila, gegeringan naon? Apan gering mah teu bisa dipaksakeun.
Sanggeus sababaraha lila, nyéh kuring seuri. Rék begadang waé maén Playstation nepi ka subuh, tuluy isukna tong dahar. Biasana lamun peutingna tos begadang jeung beurangna teu dahar mah sok asup angin jeung awak rada paranas.
Teu lila nungguan téh, kuring da pangheulana nu dipariksa.
“Mangga calik,” pokna bari dibarengan imut.
Jajantung asa ratug, duh imutna meuni kareueut. Lain geulis gunung dr. Helmi mah, tapi geulis nu sageulis-geulisna. Ti kajauhan témbong manis, ti kadeukeutan kareueut. Mun geus jadi pamajikan mah hayang ngarontok da.
“Naon nu karaos?” pokna halimpu bari neuteup anteb.
“Ieu dok,” cekeng téh bari tuluy ngabohong api-api babatukan, ngarah dramatis disangka enyaan gering. “Awak paranas tiris sareng rada lieur, batuk ogé sakedik.”
“Kadieu pananganana, suwiterna cobi laan. Urang parios tensina,” pokna bari mawa alat, jung nangtung nyampeurkeun kuring. Teg jajantung ratug. “Emh ... darah mah normal, saé.” Dokter téh rada kerung. “Cobi ngedeng,”.
Kuring hideng sorangan nyingkabkeun kaos, ngahaja ngarah témbong dada atletis kuring nu meunang ngabentuk di GYM.
“Wios téh kedah dibukakeun,” ceuk dr. Helmi bari nutupkeun kaos, rey beungeut kuring beureum da hideng sorangan hayang dibukakeun. Padahal maksud téh ngarah mariksa dada jeung beuteungna langsung keuna kana kulit.
Tuluy dada jeung beuteung kuring dicagapan ku stetoskop, padahal mah kahayang teh hayang langsung dicagapanana ku leungeun wae. Beuteung kénca ditepakan kitu ogé beuteung katuhu, bari nanya nyeri jeung henteuna. Awak ngadadak tingsariak, jajantung beuki ratug. Geus bérés asa teu karasa, kuring hudang, tuluy diuk deui dina korsi.
“Lebet angin biasa katawisna mah, kedah seueur istirahat sareng tuang.”
Kuring unggeuk, bari panon mah terus manco ka nu geulis.
“Ieu aya resep nu kedah dipésér, vitamin sareng suplemen.”
“Kedah nuang obat, hoyong disuntik waé Dok,” cekeng téh nawar. Pédah adi mah kamari cenah disuntik bujurna, jeung teu sakara-kara ari geus disuntik mah langsung cenghar.
“Teu tiasa sembarangan atuh disuntik mah,” cenah bari angger imut.
Kuring asa handeueul, padahal mah baé disuntik ogé ku dokter sageulis dr. Helmi mah. Keur leutik mah malah nepi ka ayeuna ogé pangsieun-sieunna disuntik téh, ari ayeuna sanggeus ningali dr. Helmi mah bet hayang disuntik waé bawaanana téh, teu gering teu nanaon ogé.
Sanggeus bérés dipariksa jeung babayar, kuring tuluy mulang. Obat mah teu ditebus, da teu gering nanaon apan. Langsung disarékeun waé ogé cénghar deui. Saméméh saré téh bet tuluy mikiran, engké saminggu deui api-api gering naon nya? Geus kitu mah reup waé peureum.***

Bancang Pakéwuh

Kénging Basyar Isya
Lima treuk Satuan Dalmas ti Polréstabes Bandung dikeprik nuju ka hiji titik TKP. Teu katinggaleun dua treuk ti Satuan Brimob Polda Jawa Barat gé nga-back up tukangeunana. Samalah mah Kapolda jeung Pangdam geus sapuk basa aranjeunna “saling koordinasi” ngaliwatan telepon kurang leuwih sajam kaliwat,yén pihak Kodam nga-BKO-keun sapeleton Kesatuan Kostrad, nu rikat “merapat” ka titik TKP nu sarua.
Sora siréné patinghariung matak barirat supir angkot jeung nu balantik kakilimaan. Jalma-jalma paciweuh lalumpatan teu puguh nu dituju. Sakabéh padumuk dayeuh Bandung kacida galeumpeurna, saroak, reuwas éstu tan wates wangenna mireungeuh kajadian nu teu disangka jeung teu dinyana. Sora patingjarerit patingjéréwét ti kaom awéwé awor jeung sora klakson patalimarga, siréné mobil pulisi, jeung mangrupaning sosoraan séjénna. Teu tinggaleun para wartawan, fotografer, jeung kaméramén ti sajumlahing média citak jeung éléktronik patingberetek, paheula-heula hayang ngaliput éta kajadian.
Na aya naon cenah? Aya maung ngamuk gajah meta kitu? Atawa, para aktivis mahasiswa démo masak di hareupeun Gedong Saté? Sugan para buruh pabrik keur demo nungtut naék gajih sapuluh lipet tikel? Jih, lain!Lain éta nu jadi marga lantaran pangna kota Bandung ngadadak jadi “chaos” téh.
Nu jadi cukang lantaranana mah éta pédah nomer telepon darurat di Bagian Yanmas di kantor pulisi patingkirining méh samenit sakali. Warga kota Bandung nu galeumpeur kaliwat saking méh saur manuk lalaporan, yén maranéhna ningali di tengah kota aya jalma ngamuk nguwak-ngawik.
Aya dua atawa tilu mobil angkot nu dibelewerkeun, nepi ka aya nu nyangsang di luhur gedong hotél Savoy Homann. Nu hiji deui nyangkut dina tangkal kai gedé di taman balaikota Pemkot Bandung. Malah aya nu nangkod di hateup beus kota sagala. Nu teu kaharti mah éta béko ngalayang di awang-awang, laju ngagedebut di tengah lapang sépak bola Stadion Siliwangi. Jigana éta jelema nu keur ngamuk téh sempet lumpat ka kantor Dinas Bina Marga meureun. Geus komo deui patung badak bodas nu anjeucleu di taman balaikota mah. Meni ngan sakali nalapung, ngabelewer ka awang-awang, laju murag meni ngagedebut pas pisan di pakarangan Pendopo Gubernuran. Pokona mah Bandung kacow-balow téh lain bobohongan.
Kumaha cenah ketak aparat kaamanan nu tadi dikeprik ka TKP téh? Berekah teu walakaya! Éta jelema nu keur ngamuk téh rék ditéwak kacida girasna. Rék ditémbak, teu aya nu tégaeun. Untung ieu bancang pakéwuh téh teu mangkuk lila. Nya kitu lah ngan lumangsung kana tilu jam-an mah meureun. Alatanana banget kacida teu disangka jeung teu dinyanana. Aya awéwé tacan pati kolot, aya meureun umurna téh 30 taunan mah, gura-giru turun tina békjul bangun rurusuhan pisan, tuluy lumpat sakalumpat-lampét nyampeurkeun hiji budak leutik nu keur ngamuk ngoyag-ngoyag tihang billboard di sisi pertelon jalan.
“Ujang, atos Ujang, ulah amuk-amukan kitu. Sing hawatos ka urang kota,” cenah satengah gogorowokan nyampeurkeun hiji budak leutik umur tujuh taunan. “Yeuh, palay peremén mah ku Ema tos dipésérkeun. Atos, Jang, atos…. Yu urang uih,” pokna deui bari ngarawu éta budak nu keur ngadat, ngamuk nguwak-ngawik, sagala dipeclengkeun téh. Laju regeyeng wéh éta budak téh diais ku indungna rék diboncéngkeun kana békjulna nu diparkir rada jauh.
Memeh indit mulang, teu poho éta awéwé téh sasadu heula bari rada rawah-riwih ka para aparat kaamanan nu keur ranggéténg siaga sabedilna-sabedilna nu kabéhditujukeun ka éta budak.
“Hapunten, Bapa Pulisi. Hapunten, Bapa Tentara. Pun anak mah sok kitu petana pami nuju ngadat téh. Mugi ngama’lum. Hapunten tos ngagareuwahkeun ka sadayana,” pokna téh, teu sirikna bari acong-acongan nyembah.
Hadeuh! Horéng nu ngabalukarkeun kota Bandung jadi “chaos” téh si Ujang.Budak SD kelas 2, putrana Uwa Gatotkaca nu dumuk di Jalan Inhoftank. Nu jadi musababna mah teu pira. Ménta jajan peremén teu buru-buru ditedunan ku indungna!***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar