src="" width="300" height="200" />
Allaahumma inni a'uudzubika min 'adzaabil qabri wa min 'adzaabinnaari jahannama wa min fitnatil mahyaa wal mamaati wa min fitnatil masiihid dajjaal. Artinya: "Ya Allah, sesungguhnya aku berlindung kepadaMu dari adzab Jahannam, dari adzab kubur, dari fitnah kehidupan dan kematian, dan dari keburukan fitnah Dajjal."
Wilujeng Sumping Pamiarsa di SMP NEGERI 2 CIPONGKOR WASPADA COVID-19

21 Jul 2018

MATERI KELAS 9 : PANGAJARAN 1 (KHUTBAH/CERAMAH)

RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN
( RPP )

Nama Sekolah                   : SMP Negeri 2 Cipongkor
Mata Pelajaran                 : Bahasa Sunda
Kelas/Semester                : IX / 1
Alokasi Waktu                   : 2 x 40 Menit

A.      Standar Kompetensi
Mampu menyimak, memahami, dan menanggapi wacana lisan jenis pidato.khotbah, lirik (rumpaka) lagu jenis tembang, dan pembacaan cerita pencek (carita pondok).

B.      Kompetensi Dasar
Menyimak pidato khotbah (hutbah)

C.      Tujuan Pembelajaran
Siswa dapat menemukan, menyimpulkan dan  menanggapi  hal-hal penting dalam pidoto, khotbah

Indikator
·   Dapat menemukan hal-hal penting dalam pidoto, khotbah
·   Dapat menyimpulkan pesan pidato, khotbah, atau ceramah dengan kalimat sederhana
·  Dapat menanggapi pesan pidato khutbah atau ceramah dengan bahasa yang santun.

D.      Materi Pokok
Hutbah/Ceramah

E.       Metode Pembelajaran

1.       Pendekatan            : Komunikatif, alamiah

2.       Metode                    : Langsung

3.       Teknik                       : Ceramah, Diskusi, Latihan, Pemberian Tugas

F.       Kegiatan Pembelajaran
Pertemuan
Kegiatan
Waktu/
Pertemuan
1
Pendahuluan
10

Ø  Memeriksa kesiapan siswa
Ø  Apersepsi
Ø  Motivasi

Kegiatan Inti
60

Ø  Salah seorang siswa membacakan wacana hutbah /memutar kaset rekaman
Ø  Bersama-sama menyimak wacana hutbah yang dibacakan/diperdengarkan
Ø  Bertanya jawab tentang topik hutbah yang disimak
Ø  Bertanya jawab tentang isi hutbah
Ø  Dengan bimbingan guru menafsirkan kalimat-kalimat kunci dan maksud hutbah

Penutup
10

Ø  Bersama guru, siswa menyimpulkan isi wacana hutbah
Ø  Siswa ditugaskan untuk membaca wacana hutbah serta menelaah isinya

G.   Alat/ Bahan / Sumber
Ø  Wacana hutbah
Ø  Buku pegangan
Ø  Majalah
Ø  Surat kabar

H.   Penilaian
Tujuan Pembelajaran
Teknik
Bentuk
Instrumen
Kunci Jawaban
Dapat menemukan hal-hal penting dalam pidoto, khotbah

Lisan/ Tulisan
Uraian
Sebutkeun hal-hal penting nu ku hidep kacangkem tina hutbah!

Dapat menyimpulkan pesan pidato, khotbah, atau ceramah dengan kalimat sederhana

Lisan/ Tulisan
Uraian
Sebutkeun amanat nu ku hidep kacangkem tina hutbah!

Dapat menanggapi pesan pidato khutbah atau ceramah dengan bahasa yang santun.
Lisan/ Tulisan
Uraian
Jentrekeun, kumaha pamadegan hidep kana eta eusi hutbah?

                    Mengetahui                                                                           Cipongkor,     Juli 2018
                    Kepala Sekolah,                                                                    Guru Mata Pelajaran,

                    H. Dadang Arifin, S.Pd,M.Si                                            Saepudin Mukti, S.Pd
                    NIP.  19610511 198302 1 002                                          NIP.19731205 201412 1 002

BAHAN AJAR

Regepkeun hutbah ieu di handap! ( dibaca ku guru atawa ku salasaurang siswa )

FADILAH ELMU

HUTBAH KAHIJI
Hotib maca hamdalah, sholawat jeung wasiat taqwa.
Parahadirin Kaum Muslimin !
Saparantos muji ka hadirat illahi robbi, solawat sareng salam mugia ginulur ka jungjunan urang sadaya nyatana Nabi Muhammad SAW. Katut kulawargana, sahabatna, paratabi-in dugi ka yaumiddin.
Salajengna, hotib wasiat hususna ka diri pribadi umumna ka hadirin rohimakumulloh, sumangga urang ronjatkeun kataqwaan ka Alloh swt, margi mung ku taqwa urang tiasa ngahontal kasalametan di dunya sareng aherat.
Hadirin Kaum Muslimin Rohimakumulloh.
Manusa aya hargana lamun miboga élmu sanajan miskin. Kitu deui manusa jadi terhormat lantaran boga élmu. Lamun teu boga élmu, naon hargana hirup urang, sabab henteu aya bédana jeung sato.
Imam Syafi’i ngadawuh : “Hirup manusa atawa hiji pamuda, nyaéta ku elmu jeung taqwa.”
Lamun élmu jeung taqwa teu aya dina  diri manusa, mangka hirupna moal aya hartina. Kukituna hayu urang tungtut élmu. Sing  getol hadir di majlis élmu.
Seueur pisan ganjaranana pikeun jalmi nu resep nungtut élmu. Sakumaha dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad SAW. Dina haditsna:
“Diukna anjeun dina majlis élmu sanajan sakeudeung, sanajan teu nyabak kalam-kalam acan, sanajan teu nulis sahurup-hurup acan, maka éta geus leuwih hadé tibatan ngamedikakeun sarébu budak beulian.”
Anjeunna ogé ngadawuh, hiji jalma disebut sial upama dina éta poé teu nambahan élmuna.
“Lamun datang ka kaula hiji poé anu teu nambah élmu, mangka kaula nganggap éta poé-poé sial, henteu aya  berekahna.”
Urang sering miceunan waktu , dipaké ngobrol teu puguh, teu dieusian ku élmu. Kumaha bisana urang rék meunang kamajuan. Umat Islam baheula, maju lantaran soson-soson néangan élmu. Saperti Imam Syafi’i, Imam Ghozali, Ibnu Shina, jeung réa-réa deui. Urang bakal mundur lamun males néangan élmu. Nabi Muhammad SAW  tos wasiat ka urang sadaya anu unggelna : “Aranjeun kedah diajar élmu, sabab upama tambah élmu, maka bakal tambah sieun ku Alloh swt. Sarta bakal jauh tina ma’siat-ma’siat. Jeungna deui ari tolab élmu téh kaasup ibadah.”
Nyakitu deui lamun urang ngajarkeun élmu maka saolah-olah sidekah. Kauntungan séjénna pikeun jalma nu boga élmu nyaéta sakumaha dawuhan Nabi Muhammad SAW. :
”Kitu deui unggal barang anu aya di alam dunya ieu, tina barang anu garing jeung anu baseuh mangméntakeun hampura ka jalma anu boga élmu.”
Dugi ka sato nu aya di darat jeung di laut ti nu panggedéna nepi ka nu pangleutikna, nu galak jeung nu lindeuk, nya kitu deui sakabéh mahluk langit mangméntakeun hampura keur jalma-jalma nu tolab élmu.
Ku sabab kitu, hayu urang soson-soson diajar élmu satungtung masih kénéh aya kasempetan, aya keneh para-Ustad, para-Kiyai, para-Guru nu ikhlas ngajarkeun elmu.
Mugia urang dipasihan hidayah, taufiq sareng kasumanget enggoning nyiar élmu. Amin.
HUTBAH KADUA, Hotib maca hamdalah, sholawat, wasit taqwa diteraskeun ku du’a.

Pedaran kecap
Dina hutbah di luhur loba kecap nu asalna tina basa Arab.
·         Hamdalah                   : ngucapkeun Alhamdulillahirobbil’alamin
·         Sholawat                     : ngucapkeun Allohummasholli’ala muhammad jst.
·         Wasiat                          : nepikeun ajakan kana jalan kataqwaan
·         Taqwa                          : ngalaksanakeun paréntah Alloh sarta ninggalkeun anu dilarang-Na
·         Salam                           : kasalametan
·         Dunya                           : marcapada tempat hirup urang ayeuna
·         Aherat                          : alam kalanggengan sabada maot
·         Kaum                            : bangsa, umat
·         Rohimakumulloh     : nu dipikaasih ku Alloh
·         ma’siat                         : pagawéan nu dilarang ku Alloh
·         elmu                              : kanyaho
·         tolab                             : néangan, nyiar élmu
·         Ustad                            : guru
·         Ikhlas                            : nu miharep balesan

PEDARAN
Hidep tangtu sering ngaregepkeun cermah atawa hutbah. Komo pikeun lalaki mah da wajib ngalaksanakeun ibadah Jumaah. Salah sahiji bagian tina ibadah Jumaah nyaéta hutbah. Hutbah téh nyaéta pidato atawa biantara anu ditepikeun ku hotib di hareupeun jamaah. Tangtuna urang kudu ngabédakeun antara hutbah jeung biantara. Hutbah mibanda ciri khusus boh ditilik tina eusina, tempatna jeung waktuna.
Ditilik tina eusina, hutbah mah husus medar ngeunaan ajakan kana kasalametan dunya jeung ahérat, ngajak éling ka Alloh swt, ogé ngageuing sangkan teu ngagugu kana pangajak syétan. Sarta dipungkas ku du’a atawa paménta ka Alloh sangkan nyumponan sagala kabutuh manusa.
Lamun ditilik tina waktuna, hutbah dilaksanakeun dina waktu-waktu nu tangtu, saperti Jumaah, Idul Fitri, Idul Adha, Sanggeus sholat khusuf/khusuf (gerhana), jeung sabada sholat Istisqo (ménta hujan).
Husus pikeun jamaah nu ngaregepkeun hutbah, aya larangan nyarita atawa nyarék nyarita ka nu séjén. Ieu hal nu ngabedakeun antara hutbah jeung biantara.
Hal séjénna nu ngabédakeunana nyaéta dina hal-hal nu kudu ditepikeun ku hotib (struktur hutbah).

(Tengetan tabél di handap ! )
HUTBAH
BIANTARA
HUTBAH KAHIJI
-    Ngucapkeun salam (diselang ku adzan)
-    Ngucapkeun hamdalah, sholawat, wasiat taqwa, ayat Qur’an (Basa Arab)
-    Medar eusi
-    Panutup hutbah (Basa Arab)
HUTBAH KADUA
Teu dibagi 2 babak
-    Ngucapkeun salam (teu diselang ku adzan)
-    Ngucapkeun hamdalah, sholawat
-    Medar eusi
-    Panutup

Bari ngaregepkeun hutbah atawa ceramah, catet ku hidep hal-hal penting tina eusina, jieun kacindekanana. Hal ieu bisa nambah élmu pangaweruh pikeun pibekeleun hidep enggoning hirup di alam dunya sangkan salamet di ahérat.

Materi Pangdeudeul

KECAP SEREPAN
Dina hutbah kapanggih kecap-kecap hadirat, illahi, robbi, solawat jeung sohabat. Eta kecap tehe asal muasalna tina basa Arab. Sakur kecap dina basa Sunda nu asalna tina basa deungeun disebut kecap serepan. Lantaran geus dipaké dina kahirupan sapopoé ku urang Sunda, nya urang aku baé jadi milik urang Sunda. Urang paké dina kahirupan sapopoé sarta urang mumulé minangka milik budaya bangsa tur pikeun kabeungharan kecap dina basa Sunda.
Sajaba ti serepan tina basa Arab, loba kecap-kecap din basa Sunda nu asalna tina basa séjénna.
Geura titénan contona!
  1. Asalna tina basa Arab
Contona : ahad, hakim, hukum, hayat, elmu, hak, darajat, imam, waktu, jilid
  1. Asalna tina basa Cina
Contona : tauco, taogé, loténg, locéng, kelenténg, capcay, mie, cengkéh, panggung
  1. Asalna tina basa Walanda
Contona : semir, selip, emur, baki, béngkél, kartu, kopi, bor, duit, pelesir, selop
  1. Asalna tina basa Perancis
Contona : presiden, stasion, stadion, halteu
  1. Asalna tina basa Potugis
Contona : armada, bandéra, lantéra, jandéla, kaméja, ronda, kamer
  1. Asalna tina basa Inggris
Contona : botol, kiper, suksés, gelas, meter, heden, aut, gul, aktif
  1. Asalna tina basa Malayu
Contona : korék api, karéta api, méja makan, lomari makan, rumah sakit, korsi goyang

LAMPIRAN 2
LEMBAR KERJA SISWA

UJI KOMPETENSI
Sabada hutbah, jawab pananya ieu di handap !
1.       Tuliskeun deui bubuka hutbah kalawan lengkep !
----------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------
2.       Naon kauntungan pikeun jalma nu boga élmu ?

3.       Sebutkeun kauntungan pikeun jalma nu diuk di majlis élmu !

4.       Sebutkeun kauntungan pikeun jalma nu ngamalkeun élmu !

5.       Sebutkeun bédana antara hutbah jeung biantara atawa ceramah biasa !

6.       Tuliskeun ringkesan eusi hutbah ku basa hidep sorangan !

7.       Tuliskeun  léngkah-léngkah nu kudu dilaksanakeun ku hotib ti mimiti nepi ka ahir   hutbah !
----------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------

UJI KOMPETENSI
1.       Tuliskeun kecap-kecap basa Arab séjénna nu aya dina naskah hutbah !
----------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------
2.       Jéntrékeun maksud tina éta kecap-kecap nu ku hidep ditulis dina nomer 1 !

3.       Jieun kalimah maké kecap-kecap ieu di handap !
a.       élmu              : _____________________________________________________________
b.       imam             : _____________________________________________________________
c.       sholat            : _____________________________________________________________
d.       ibadah          : _____________________________________________________________
e.       salamet        : _____________________________________________________________
f.        wasiat           : _____________________________________________________________
g.       takwa            : _____________________________________________________________
h.       salam            : _____________________________________________________________
i.         dunya           : _____________________________________________________________
j.         ahérat           : _____________________________________________________________
4.       Teangan harti/maksud kecap-kecap ieu di handap dina kamus!
a.       darajat                  : _________________________________________________________
b.       pelesir                   : _________________________________________________________
c.       kelenténg            : _________________________________________________________
d.       halteu                   : _________________________________________________________
e.       armada                 : _________________________________________________________
f.        korsi goyang       : _________________________________________________________
g.       aktif                       : _________________________________________________________
h.       skénner                : _________________________________________________________
i.         selip                       : _________________________________________________________
j.         ajaib                      : _________________________________________________________
5.       Jieun kalimah tina kecap-kecap ieu di handap !
a.       darajat                  : _________________________________________________________
b.       pelesir                   : _________________________________________________________
c.       kelenténg             : _________________________________________________________
d.       halteu                   : _________________________________________________________
e.       armada                 : _________________________________________________________
f.        korsi goyang        : _________________________________________________________
g.       aktif                       : _________________________________________________________
h.       selip                       : _________________________________________________________
i.         ajaib                      : _________________________________________________________
PANCEN
Regepkeun ceramah tina radio/kasét/TV.
a.       Judul cermah/hutbah             :                 ___________________________________________________
b.       Nu ceramah                                :                 ___________________________________________________
c.       Tingkesan eusi ceramah        :
__________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________________

Tidak ada komentar:

Posting Komentar