src="" width="300" height="200" />
Allaahumma inni a'uudzubika min 'adzaabil qabri wa min 'adzaabinnaari jahannama wa min fitnatil mahyaa wal mamaati wa min fitnatil masiihid dajjaal. Artinya: "Ya Allah, sesungguhnya aku berlindung kepadaMu dari adzab Jahannam, dari adzab kubur, dari fitnah kehidupan dan kematian, dan dari keburukan fitnah Dajjal."
Wilujeng Sumping Pamiarsa di SMP NEGERI 2 CIPONGKOR WASPADA COVID-19

SAJAK

SAJAK CAN ANGGEUS

Balebat wanci janari
angen-angen pecat sawed
asa geus nyeuri beuheung sosonggeteun
nu dianti ti bihari
nu diseja ti baheula
tanggarana mimiti mekar
jol anjeun geura datang
geus cunduk waktuna
geus ninggang mangsana
ngaguar elmuning hurip
geusan nanjeur ajeg-ajeg
Ki Sunda nu geus lawas ngalalana
tembong deui komarana
............................................. (Can anggeus)

BUDAK PAHATU LALIS

Dua budak pahatu lalis
adi lanceuk awéwé lalaki
kasarung di leuweung ganggong
adina ceurik ngalengis
mana jalan geusan balik.

Budak lalaki ngala kupa
leungeunna parigel metik
buah kupa dialungkeun
dipulungan ku adina.

Tina rungkun buni kacida
luar-léor oray sanca
gep ngegél awak adina
nu keur anteng murak kupa.

Jrut turun budak lalaki
ana rét ka sakuriling
Si Nyai ka mana geuning
reuwas kacida teuing.

Manuk Cukrik disada semu nalangsa
“Cukrik, cukrik turih ku pucuk eurih”
pucuk eurih bakal matih
Si Nyai bakal kapanggih.

Geberan ku hihid aing
hihid aing kabuyutan
mawa bayu kahuripan.

“Geber-geber hihid aing
hihid aing kabuyutan
titinggal nini awaking”.

Usik ngulisik raga tangtungan
paripurna hirup waras
ku saktina rasa asih.



(2) BUDAK SAKTI

Budak leutik bisa ngapung
jangjangna kulit salapis
hiberna di langit peuting
ludeung ngambah jomantara
disadana tingkoréak
karesepna bubuahan
nu amis semu kareueut

Budak leutik bisa ngapung
budak nu kacida sakti
nu kitu naon ngarana?



NINI ANTÉH

Di langit bulan nembongan
cahayana hurung ngempur
ngadamaran alam dunya.

Di bulan Nini keur anteng
ngentrung ninun kaén poléng
awak Nini mani bongkok
balas terus baé ninun
meureun geus rebuan taun.

Di bulan Nini bumetah
dibaturan Candramawat
buluna nu tilu warna
watekna matak diasih.




Cipongkor, 05 September 2019


TUKEURAN IEU SAJAK
Karya : Yus Rusyana

Tukeuran ieu sajak
Ku salambar simbut atawa samak saheulay
Heug rungkupkeun ka barudak nu teu kaburu heuay
Pating golépak dina trotoar

Tukeuran ieu sajak
Ku béas wuluh atawa heucak
Heug sidkahkeun ka nu haropak
Anu marangkuk di saung atawa di kolong sasak

Tukeuran ieu sajak
Ku sababaraha siki pélor
Heug témbakkeun ka genggerong koruptor manipulator
Sina enya kalojor

Tukeuran ieu sajak
Ku beubeutian dina kolbu anu rido
Keur nyébor nu balangsak
(mun teu kitu sasaak)


AJENGAN CIGALUMPIT
Karya : Apip Mustopa

Léngkob mana nu can kasaba
Pasir mendi nu can kasungsi
Ajengan Cigalumpit
Lalaki langit

Lamun kedal sora tina bahamna
Allahu akbar !
Aleutan Walanda bubar
Tina leungeun leungeunna nu baruluan
Bedil nu metet ku pélor maruragan

Beungeut dayeuh dileyek bari dijebéngan
Ngadadak muriang ngagibrig tentara karajaan
Ngagorowok ajengan Cigalumpit handaruan
Kaluar siah kapirin
Dikéré ku aing kawas lauk asin

Tentara karajaan kawalahan
Ngémbarkeun pengumuman
: sing saha nu bisa nyabut nyawa ajengan Cigalumpit
Bakal metet sakuna ku rébuan ringgit

Ba’da isa si hianat si murtad
Dedepongan ngabongohan ti tukang
Ajengan keur husu sumujud
Ditigas beuheungna disakalikeun
Digusur ka handapeun dapuran awi
Ditiir mastakana, ditancebkeun na dadana
Ngagakgak si murtad, pokna :ku lantaran dunungan sia di yogya
Ka dinya sia nyanghareup!

Ajengan Cigalumpit lalaki langit
Geus lawas leungit
Mastakana di bayar ku Walanda rébuan ringgit

Kesangna taya nu ngajénan najan sagedé reungit

Tidak ada komentar:

Posting Komentar