Conto Biantara Paturay Tineung ti Wawakil Siswa
Assalamu’alaikum wr. wb.
بِسْمِ اللهِ الرّحْمَنِ الرَّحِيْمِ
اَلْحَمْدُ للهِ رَبِّ
العَالَمِيْنَ, اَلرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ مَا لِكِ يَوْمِ الدِّيْنِ, وَالصَّلَاةُ
وَالسَّلاَمُ عَلىَ اَشْرَفِ اْللأَنْبِياَءِ وَالْمُرْسَلِيْنَ سَيِّدِناَ
وَمَوْلَنَا مُحَمَدٍ خَاتَمِ النَّبِيِّيْنَ وَاِمَامِ اْلمُرْسَلِيْنَ, وَعَلىَ
اَلِه الطَّاهِرِيْنَ وَصَحَابَتِهِ اَجْمَعِيْنَ, اَمَّا بَعْدُ.
Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah
Illahi Robbi. Alhamdulillah wasyukurilah, Laillahhailallah, Subhanallah
dina danget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni
upacara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun
ieu sakola sabada tamat diajar salami tilu taun.
Bapa kalih Ibu, hadirin hormateun sim kuring
Mungguh
ari waktu asa nyeak pisan sajorelat. Asa kamari keneh sim kuring
saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay
deui. Sim kuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola,
ngahontal harepan sareng cita-cita.
Kantenan wae salami tilu taun
diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di
dieu, di sakola urang nu genah pikabetaheun, sim kuring saparakanca
diajar neangan elmu. Ruang riung boh di kelas boh dina rupa-rupa
kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan.
Tangtos bae eta sadayana bakal janten panineungan nu moal kahihilapkeun.
Atuh kasaean Bapa kalih Ibu Guru sadaya, elmu pangaweruhna anu
didugikeun ka sim kuring saparakanca tangtos bakal nyerep dina angen,
janten obor nu nyaangan jalan sorangeun. Pamugi elmu nu katampi sing
janten mangpaat kanggo abdi saparakanca.
Saterasna pirang-pirang
kasaean Bapa kalih Ibu, sim kuring saparakanca teu tiasa males eta
kasaean, mung tiasa ngedalkeun du’a, pamugi rupining elmu sareng katiasa
anu parantos dipaparinkeun, kenging ganjaran anu mangtikel-tikel ti
Allah Ala Wa Zalla. Amin
Bapa kalih Ibu guru kalebet rengrengan ti
tata usaha, salami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola tangtosna
seueur pisan kalepatan, seueur pisan sikep sareng paripolah anu
tangtosna tiasa janten ngajaheutkeun manah ka sadayana. Jalaran kitu,
ngawakilan rerencangan sadayana, dina danget ieu sim kuring neda sih
hapuntenna, mugi jembar hapuntenna kana samudaya kalelepatan sareng
kaluluputan.
Pamungkas, neda pidua ti sadayana, pamugi sim kuring
saparakanca nu lulus taun ieu sing tiasa neraskeun tolabul elmu.
Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukcruk elmu di tingkat nu
langkung luhur
Rupina sakitu nu kapihatur. Bilih aya basa nu kirang
merenah, kecap nu kirang larap, bilih aya kalimah nu teu raos kana
manah, neda hapuntenna
Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalu’alaikum wr. wb.