src="" width="300" height="200" />
Allaahumma inni a'uudzubika min 'adzaabil qabri wa min 'adzaabinnaari jahannama wa min fitnatil mahyaa wal mamaati wa min fitnatil masiihid dajjaal. Artinya: "Ya Allah, sesungguhnya aku berlindung kepadaMu dari adzab Jahannam, dari adzab kubur, dari fitnah kehidupan dan kematian, dan dari keburukan fitnah Dajjal."
Wilujeng Sumping Pamiarsa di SMP NEGERI 2 CIPONGKOR WASPADA COVID-19

DONGENG


SASAKALA GUNUNG TANGKUBAN PARAHU


Kacaturkeun di hiji leuweung aya bagong putih. Éta bagong téh gawéna ngan tatapa baé, geus mangpuluh-puluh taun. Ari anu ditapaan ku manéhna, hayang boga anak awéwé sarta bangsa manusa.

Dina hiji waktu bagong putih ngarasa hanaang. Manéhna indit ka hiji tegalan, deukeut walungan Citarum. Barang datang ka dinya, manggih batok balokan, hartina urut anu meulah duwegan. Loba pisan éta batok balokan téh, urut nu moro uncal ka dinya. Aya hiji batok balokan urut tuang Kangjeng Prabu. Éta batok téh aya caian, nyaéta cikahampangan Kangjeng Prabu. Barang geus marulang, kapanggih ku bagong putih. Lantaran hanaang, leguk baé cai nu ngemplang dina batok téh diinum. Ari geus nginum kawas aya nu nyaliara kana awak bagong putih, kawas nu ngandeg reuneuh baé.
Lila-lila bagong putih téh reuneuhna beuki gedé. Ari gubrag orokna jelema sarta awéwé geulis. Pohara baé bagong putih téh atoheunana. Anakna diciuman, digaléntor bari disusuan. Éta orok téh tuluy dingaranan Dayang Sumbi.
Nalika geus gedé, pok Dayang Sumbi téh nanyakeun bapa, “Ibu, ari bapa kuring téh saha? Naha jelema kawas kuring atawa bagong saperti Ibu?”
“Euh, Nyai anu geulis anak Ibu! Nyai mah henteu boga bapa. Mun enya mah boga bapa, meureun aya di dieu,” témbal bagong putih.
“Euh, piraku Ibu, sakabéh mahluk gé kapan pada boga bapa, boh manusa boh sato héwan. Ngan bangsa kakaian anu henteu boga bapa mah.”
Lantaran anakna pok deui pok deui nanyakeun saban waktu, ahirna bagong putih téh balaka. “Bapa hidep mah Kangjeng Prabu, di ditu ayana di karaton,” cék bagong putih. Ngadéngé kitu Dayang Sumbi pohara reuwaseunana, jeung ujug-ujug panasaran, hayang nepungan bapana.
“Lamun kitu mah ayeuna kénéh ku kuring rék ditepungan,” cék Dayang Sumbi.
Dayang Sumbi kebat baé indit, ngajugjug ka karajaan. Ku Kangjeng Prabu tuluy diaku anak, diperenahkeun di hiji tempat sarta dititah diajar ninun ka tukang ninun. Teu lila ogé Dayang Sumbi geus mahér ninun kaén. Ku Kangjeng Prabu tuluy dipangnyieunkeun saung ranggon anu luhur di tengah leuweung. Ari baturna ngan ukur anjing hideung nu ngaran Si Tumang.
Dina hiji waktu nalika Dayang Sumbi keur ninun, taropongna murag ka kolong saung. Lantaran seunggah kudu turun, pok baé manéhna ngomong sorangan.
“Leuh, mun aya nu daék mangnyokotkeun éta taropong, tangtu bakal diaku salaki ku kuring.”
Kabeneran pisan di kolong saung téh aya Si Tumang, anu ngadéngékeun omongan Dayang Sumbi. Éta taropong téh dicokot ku Si Tumang sarta tuluy dibikeun ka Dayang Sumbi. Karuhan baé Dayang Sumbi pohara reuwaseunana, teu nyangka yén anu mangnyokotkeun taropong téh anjing, lain manusa. Mangkaning manéhna geus kedal ucap, rék ngaku salaki.
Dayang Sumbi rumasa geus kapalang kedal ucap. Kawas geus kitu katangtuan ti Déwata, manéhna tuluy hirup paduduaan jeung Si Tumang. Tepi ka hiji waktu kakandungan. Brol ngajuru, anakna lalaki, dingaranan Sangkuriang.

Sangkuriang sok resep ulin lulumpatan kadua Si Tumang. Sakapeung bari mamawa tumbak. Belewer dilempagkeun, cleb nanceb kana tangkal kai. Sangkuriang surak sorangan, bungah lantaran tumbakna meneran. Si Tumang dihucuhkeun. Sebrut lumpat, ngudag kana tangkal kai, bangun keur ngudag sato boroan. Sangkuriang beuki mahér baé ngalempagkeun tumbakna. Tuluyna mah lain saukur ulin lulumpatan, tapi mimiti diajar ngasruk ka leuweung, néangan sato boroeun. Moro sato naon baé, careuh, peucang, atawa mencek.
“Jung geura moro ka leuweung, Ibu mah hayang dahar jeung ati mencek,” cék Dayang Sumbi hiji waktu.

Sangkuriang tuluy indit ka leuweung, dibarengan ku Si Tumang. Anéh pisan poé éta mah sasatoan téh henteu aya nu katénjo ngaringkang hiji-hiji acan. Padahal ilaharna mah sok katénjo uncal atawa mencek keur rendang nyaratuan di tegalan. Poé harita mah kawas ngaleungit ka mana boa. Sangkuriang geus asruk-asrukan ka saban tempat, ka lamping ka tegalan. Lapur sasatoan téh teu kasampak tapak-tapakna acan. Ari Si Tumang bet ngadak-ngadak kebluk deuih, henteu daék lulumpatan néangan sato boroeun. Awahing ku jéngkél teu beubeunangan, ngan lékék baé Si Tumang téh dipeuncit ku Sangkuriang. Atina dibawa balik sarta dipasrahkeun ka indungna. Dayang Sumbi puguh baé kacida atohna, dagdag-dégdég ngasakan éta ati. Ngan barang Sangkuriang balaka yén éta ati téh ati Si Tumang lain ati mencek, Dayang Sumbi pohara ambekna. Sangkuriang ditoktrok sirahna ku sinduk tepi ka ngucur getihan.

Sangkuriang tuluy pundung, indit ti imahna ngajugjug ka tebéh wétan. Mangtaun-taun leuleuweungan tepi ka ahirna bras anjog ka nagara siluman. Di dinya Sangkuriang guguru élmu kasaktén ka siluman nu wujudna oray naga. Sangkuriang ngulik élmu Tumbul Muda. Jalma anu miboga éta élmu bakal bisa meruhkeun sakumna jin jeung siluman. Sanggeus élmuna kataékan, Sangkuriang dijurungan sina indit deui ngalalana.
Dina hiji waktu manéhna anjog deui ka nagara siluman. Lantaran geus boga élmu kasaktén, Sangkuriang bisa ngéléhkeun jin jeung siluman nu aya di éta nagara. Éta mahluk bangsa lelembut téh tuluy tunduk ka Sangkuriang.
Demi Dayang Sumbi, sanggeus ditinggalkeun ku anakna, manéhna ngarasa kaduhung kabina-bina. Hirupna éstu nunggelis. Manéhna tuluy indit ka tebéh kulon, rék néangan Sangkuriang. Ngaprak ngalalana tepi ka anjog ka Gunung Halimun. Di dinya Dayang Sumbi patepung jeung raja jin anu keur tatapa. Dayang Sumbi tuluy diajar rupa-rupa élmu kasaktén. Sanggeus tamat guguruna, manéhna dijurungan sina indit deui ka tebéh wétan. Di hiji tempat nu katelah Gunung Bohong manéhna nganjrek bumetah.

Kocapkeun Sangkuriang terus baé ngalalana. Mileuweungan migunungan tepi ka puluh-puluh taun, tepi ka ahirna anjog ka hiji gunung. Manéhna patepung jeung awéwé anu kacida geulisna. Sangkuriang bogoh sarta ngajak kawin ka éta awéwé, anu saenyana éta awéwé téh Dayang Sumbi, indungna sorangan. Dayang Sumbi nya kitu deui, bubuhan geus papisah mangpuluh-puluh taun, manéhna kalinglap. Méh baé daék diajak kawin. Ngan basa Sangkuriang keur disiaran rék diala kutu, dina sirahna katénjo bet aya céda. Dayang Sumbi ngagebeg, reuwas lain dikieuna. Manéhna kakara inget, moal salah ieu lalaki téh anak aing gerentesna, Sangkuriang anu baheula kungsi ditoktrok sirahna ku sinduk.
Sanajan geus ditétélakeun yén manéhna téh anak pituin, Sangkuriang teu percaya sarta keukeuh baé ngajak kawin. Mireungeuh anakna kitu, geuwat baé Dayang Sumbi nyiar akal.
“Heug kami daék dikawin, asal dipangnyieunkeun talaga jeung parahuna keur lalayaran urang papangantén. Éta talaga jeung parahu téh kudu anggeus dijieun sapeuting,” ceuk Dayang Sumbi. Ku Sangkuriang disanggupan éta paménta anu kacida banggana téh.
Harita kénéh Sangkuriang tuluy ngabendung walungan Citarum. Digawé teu eureun-eureun sapeupeuting, dibantuan ku bangsa jin jeung siluman. Nincak janari, talaga téh geus ngemplang. Kari nyieun parahuna. Kabeneran aya tangkal kai gedé, gedok dituar. Kai téh tuluy ditilasan régangna sarta dipapas dijieun parahu.
Dayang Sumbi yakin yén paméntana moal katedunan. Pimanaeun teuing nyieun talaga jeung parahu bisa anggeus sapeuting, cék pikirna. Tapi basa katénjo talaga geus ngemplang jeung parahuna geus ngabagug rék anggeus, manéhna kacida reuwasna. Dayang Sumbi bingung liwat saking. Kudu kumaha carana, sangkan aing teu tulus kawin, cék pikirna. Ras manéhna inget kana boéh rarang. Geuwat baé éta boéh téh dicokot tuluy dibawa ka mumunggang. Ku manéhna dikebut-kebutkeun, tepi ka bijil cahaya bodas kawas balébat di beulah wétan. Dadak sakala sasatoan leuweung disarada. Manuk récét. Hayam raong kongkorongok, da disangkana geus beurang.
Sangkuriang ngagebeg barang nénjo di wétan geus bijil balébat. Manéhna nu keur ngageduk nganggeuskeun parahu tuluy ngahuleng awahing ku reuwas. Bijil balébat tandana geus beurang. Mangka parahuna can anggeus, hartina manéhna moal tulus papangantén jeung Dayang Sumbi.
Bakating ku handeueul kabina-bina, ngan jedak baé parahuna ditajong satakerna. Bubuhan jalma sakti, parahu téh mangpéng jauh pisan. Gubrag di hiji tempat, parahu téh nangkub. Jleg salin rupa jadi gunung. Éta gunung téh kiwari katelah Gunung Tangkuban parahu. Ari talaga nu ngemplang ku Sangkuriang didupak tepi ka caina saat ngolétrak. Éta urut talaga téh kiwari jadi padataran Bandung anu ngampar lega pisan. Tunggul kai urut nuar Sangkuriang tuluy ngajanggélék jadi Gunung Bukit Tunggul, wétaneun Gunung Tangkuban Parahu. Ari régang kai anu ngahunyud sarta geus rangrang teu daunan, tuluy ngajanggélék jadi Gunung Burangrang di béh Kulon.


Tina Mahér Basa VII, Karya Drs. Ahmad Hadi, Spk




SANGKURIANG KABEURANGAN

Dina hiji mangsa, di Tatar Sunda. Kacaritakeun hiji indung, Dayang Sumbi, nitah anakna Sangkuriang, sangkan ngala kijang. Dayang Sumbi teh geus lila teu ngadahar ati kijang.
Isukna, wanci carangcang tihang, Sangkuring geus saged, dibaturan tumbak binang jeung Si Tumang. Norobos tuluy ka tengah leuweung. Ceuli jeung panonna cingceung ngadedengekeun korosakna dangdaunan jeung ngintip-ngintip sang kijang. Aneh, bet taya kijang nu ngalanto sahulu ge. Haneut moyan, taya. Pecat sawed, lebeng. Tengah poe, komo.
Wanci lingsir ngulon, Sangkuriang nyamos keneh. Waktu maju ka burit, tuluy reup-reupan. Leuh karunya teuing ambu, teu tulus ngadahar ati kijangna, kitu dina pikirna. Lalay nu geus rabeng mingkin ngaganggu pikiran Sangkuriang. Ret ka Si Tumang nu keur ungas-ingus rada jauh ti manehna. Sakilat, tumbak dilempag, gaiiikkkk! Si Tumang rubuh.
Wanci sareureuh budak, Dayang Sumbi langsung ngasakan ati beubeunangan ngala anakna. Tuluy duaan dahar balakecrakan. Bari dahar, Dayang Sumbi nanyakeun Si Tumang. Ku Sangkuriang dijawab satarabasna.
Gebeg teh Dayang Sumbi! Teu antaparah, sinduk celem gigireunana dijeuwang. Peletak ditakolkeun kana sirah deukeut tarang anakna. Getih ngaley lalaunan. Tuluy Dayang Sumbi ngusir Sangkuriang, titah nyingkah ti imah.
Bari mawa kapeurih ati, Sangkuriang leumpang bari tungkul ninggalkeun imahna. Cipanon ngalembereh. Getih nu ngaley disusut lalaunan. Dina hatena tumanya. Ku naon ambu teh, meni sakitu ambekna? Pira ge anjing, naha meni kudu ngusir anak? Kamana nya awaking kudu ingkah? Indit kamana atuh? Sakieu geus peutingna?
Sukuna terus ngalengkah ka wetankeun. Ka wetankeun. Ka wetankeun.
Di tengahing perjalananana, teu karasaeun waktu baganti. Sapoe. Sapuluh poe, dua puluh poe, tilu puluh poe. Sapurnama.  Dua purnama. Tilu purnama. Dua belas purnama. Sawarsa. Dua warsa. Tilu warsa. Dalapan warsa.
Sangkuriang geus jadi pamuda nu kacida kasepna. Dedegna tanggoh, dadana bangbang. Sukuna panceg, kayakinanana tohaga.
Hiji mangsa di hiji tempat, bet manehna papanggih jeung hiji wanoja nu kacida geulisna. Manehna katarik atina, tuluy wawanohan. Duanana horeng pada-pada katarik atina. Ahirna duanana jangji rek rumah tangga.
Tapi, dina hiji waktu, nalika eta wanoja ngusapan buuk papacanganana, kacabak aya urut raheut dina sirah deukeut tarang. Tuluy ditanyakeun ka Sangkuriang ku naon alatanana. Hatena geus teg bae, nu di hareupeunana teh taya lian ti anakna pituin.
Barabat Sangkuriang nyaritakeun asal musababna. Ranjug Dayang Sumbi! Tuluy manehna nerangkeun, saha dirina. Tapi Sangkuriang teu percayaeun. Keukeuh teu percayaan. Ahirna Dayang Sumbi menta tanjakan, daek jadi bojo Sangkuriang asal disadiakeun talaga parahu keur lalayaran. Sangkuriang ditempoan sapeuting kudu migawena. Tur kudu anggeus memeh bijil panon poe. Sangkuriang bari ambek nyanggupan pamenta Dayang Sumbi.
Sagala rupa kakuatan dikumpulkeun ku Sangkuriang. Talaga geus ngajadi, kari parahu sakeudeung deui anggeus.
Dayang Sumbi teu cicingeun usaha satekah polah ngeureunkeun pagawean anakna. Rahayat lembur dihudang-hudangkeun, ambu-ambuna dititah tutunggulan di saung lisung. Hayam dirojokan dina paranje supaya kokotak jeung kongkorongok. Di pasir, Dayang Sumbi nyeungeut 100 damar, tuluy boeh rarang (lawon bodas) diabar-abar supaya siga wanci balebat. Hayam pating kongkorongok mapag nu siga balebat teh.
Gebeg Sangkuriang! Hatena ambek kacida. Manehna teu percayaeun panonpoe meletek. Tapi ceulina ngadenge hayam reang kongkorongok jeung dibeulah wetan bet siga balebat tingarudat.
Ngagidir amarahna. Teu antaparah parahu nu rek jadi teh ditalapung satakerna. Parahu ngalayang ka jauhna. Gubrag murag tibalik! Lila ti lila eta parahu nangkub teh jadi gunung: Gunung Tangkuban Parahu!***

Bandung, 05 Mei 2010
Diserat deui ku Chye Retty Isnendes kanggo kapentingan lomba dongeng di SD (ngahaja teu seueur raehan ngudag waktu dina ngadongeng).




ANAK JAPATI NU TEU NURUT KA INDUNGNA


Chye Retty Isnendes



Dina hiji mangsa dina jaman sato hewan bisa nyarita. Kacaritakeun aya kulawarga japati nu cicing dina hiji sayang. Sayangna teh dina tangkal nu pati jangkung. Tangkal nu ngarimbun kana taneuh. Dina eta sayang aya indung japati jeung tilu anakna: Si Bodas, Si Coklat, Si Hawuk. Bapana eta anak-anak japati teh geus paeh dihakan careuh.
Kacida nyaahna indung japati teh ka anak-anakna. Isuk-sore dibere nyatu anakna teh, disina ngaloloh tina telihna nu aya dina beuheungna. Lila ti lila, anak-anakna teh ngagedean. Tina piyik jadi gumenol, lalaunan bulu-buluna ngandelan, tur ahirna bisa lumpat najan sosolontodan keneh ge jeung bisa diajar ngapung. Maranehna, Si Bodas, Si Coklat, Si Hawuk teh keur parakan kundang. Sok mimilu deuih lamun indungna neangan sarupaning cacing atawa sisikian. Sok parebut nu tiluan teh. Komo upama indungna meunang cacing mah, teu sirikna padupak-dupak, papacok-pacok, parebut we pokona mah.
Ceuk indungna. “Tong parebut, engke ge kabagean. Bakal kabagean, kabeh.” Cenah, leuleuy jeung sabar naker. Bari tuluy bulu beuheung anakna teh diberesihan, dipacokan, diusapan meureun ku pamatukna.
Lamun poe maju ka sore, maranehna hees dina sayang. Ditangkeup, dirungkupan ku jangjang indungna. Bisi anakna kahujanan, kaanginan, katirisan. Lamun isuk-isuk, anak-anakna diajar ngawih: ker, ker, ker, cenah, ngabageakeun panonpoe nu kakara bijil. Suka bungah silih tempas silih tembalan. Pabeubeurang, sanggeus nyaratu, anak-anakna disina diajar ngapung atawa lulumpatan. Diawaskeun seukeut pisan, lantaran sieuneun eta indung japati teh. Sieuneun nasib anak-anakna siga bapana nu tiwas dihakan careuh. Pan satru manuk mah, ti luhur heulang, tina tangkal oray, ti handap ajag atawa careuh.
Dina hiji poe, indung japati teh ngomong ka anak-anakna.
“Ambu rek neangan hakaneun. Sugan aya cacing, hileud, jeung sisikian. Jadi, poe ieu hidep caricing nya dina sayang! Ulah kamana-mana! Omat, ulah kamana-mana! Ambu rek ka beulah kidul, susuganan aya jagong. Sikina urang alaan. Ku ambu rek dibawa keur hidep… jadi omat ulah kamana-mana, nya!” ceuk indung japati omat-omatan pisan.
Anak-anakna cicing bae. Dina pikiranana, wah asik yeuh, rek ulin meungpeung teu aya ambu. Rek ulin satakerna, sangeunahna, senang-senang deukeut sirah cai lantaran di dinya becek jadi loba cacing… Kitu pamikiran Si Coklat jeung Si Hawuk. Si Bodas, nu cikal, ngareret ka adi-adina supaya nyatujuan omongan indungna. Tapi Si Coklat jeung Si Hawuk cicing bae bari ker- keran.
“Nya anaking. Ulah ka sirah cai, bisi aya careuh nginum. Omat nya bageur, Bodas, Coklat, Hawuk, sing nurut ka Ambu.” Cenah bari ngarungkupkeun jangjangna ka anakna nu tilu. Ti dituna mah amitan bari nangkeup heula, namplokkeun kanyaah ka nu jadi anak. Geus kitu geleber hiber. Ngiles kahalangan ku tatangkalan nu jarangkung.
Nu tiluan teh caricing keneh. Panonna maen silih isaratan. Barakatak weh Si Coklat jeung Si Hawuk seuseurian. Tuluy ajrag-ajragan dina sayang. Si Bodas ge bungaheun rek ulin sangeunahna, tapi manehna mah ingeteun kana papatah indungna. Tuluy ngahuit ka adi-adina, tapi adi-adina kalah nyeungseurikeun jeung moyokan lanceukna.
“Borangan! Wew borangan!” cenah bari meberkeun jangjangna, jlung-jleng kana dahan nu leuwih handap. Cle kana taneuh, nu duaan teh lulumpatan bungah. Si Bodas bingungeun, manehna ge hayangeun ulin, tapi sieuneun aya careuh. Hatena sabil. Lantaran dipoyokan wae, ahirna Si Bodas ge nuturkeun adi-adina, manehna aya niat ngaping adi-adina.
Nu tiluan geus dihandap. Daligdeu-daligdeu leumpangna can taregep. Sakapeung nyolontod beurat ku awakna, sakapeung nangkarak kadupak ku dulurna. Barakatak seuseurian, resep pisan. Lila-lila maranehna nepi ka sirah cai. Dina palebah nu becek, maranehna kokoer. Buringkal cacing. Bungah pisan macokan cacing bari ribut ker-keran.
Maranehna teu apaleun, dina rungkun aya sakadang careuh nu geus lila ngintip jeung nitenan tilu anak japati. Careuh teh geus kumetap neureuyan ciduh nempo anak japati satilu-tilu bari marontok bari parakan kundang keneh. Manehna bungaheun nempo anak japati nu can maher leumpang jeung ngapungna teh.
Bakating ku geus teu kuat hayang daging japati. Manehna bijil tina rungkun. Ngawahan. Sakilat! Gajleng! Gapruk! Tilu anak japati dirontok sakaligus. Anak japati nu kasima teh teu bisa kumaha. Disered tuluy digegel, dipaehan harita keneh. Si Bodas masih keneh eling bati jejeritan jeung ambu-ambuan… Tapi geus telat! Sihung jeung huntu careuh nu ranggeteng jeung seukeut teh ngabudal-badil awakna. Dunya poek saharita…
Kacaritakeun wanci lingsir ngulon, indung japati datang. Bungah nakeran. Telihna ngajendol tanda mawa hakaneun. Tapi, nepi ka sayangna? Manehna ngarenjag. Sayang geus kosong! Hatena ngaguruh teu paruguh. Cipanonna ngalembereh. Najan kitu, manehna kotatang-koteteng neangan tilu anakna. Ber ka wetan, ka kulon ka kaler ka kidul. Tapi anak-anakna teu nembalan panggero manehna.
Wanci panonpoe rek mubus, manehna manggihan sesa bulu anak-anakna di nu becek di sirah cai. Indung japati teh midangdam.
“Anaking, bet nyulayaan omong indung atuh hidep teh? Kumaha ieu ambu? Mangkaning ambu mawa jagong kabeuki hidep? Bodas, Coklat, Hawuk? Na teu ngawaro anaking?” cenah bari cipanonna murubut…
(Tah kitu, ganjaran pikeun mahluk nu sok nyulaan omongan indung)*

(Folklor, Sumber: Hj. Siti Asyiah, alm. 80 taun,
alamat: Nagrak-Sukabumi)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar