src="" width="300" height="200" />
Allaahumma inni a'uudzubika min 'adzaabil qabri wa min 'adzaabinnaari jahannama wa min fitnatil mahyaa wal mamaati wa min fitnatil masiihid dajjaal. Artinya: "Ya Allah, sesungguhnya aku berlindung kepadaMu dari adzab Jahannam, dari adzab kubur, dari fitnah kehidupan dan kematian, dan dari keburukan fitnah Dajjal."
Wilujeng Sumping Pamiarsa di SMP NEGERI 2 CIPONGKOR WASPADA COVID-19

25 Apr 2016

PANGAJARAN 8.2 (WARTA)


A. Macakeun Warta Kalayan Merenah

     Regepkeun sarta Perhatikeun Tayangan ieu di handap!


    Tah tayangan di luhur teh disebutna Warta anu disiarkeun ngaliwatan televisi. Aya sababaraha saluran televisi, hususna tv lokal nu aya di wilayah Jabar Banten, diantawisna:
  1. TVRI Jabar nyiarkeun warta basa Sunda nu ngaran acarana "Kalawarta"
  2. Bandung TV nyiarkeun warta basa Sunda nu ngaran acarana "Tanggara Pasundan" 
  3. Cianjur TV nyiarkeun "Warta Cianjur"
  4. PJTV nyiarkeun Bewara Bandung
  5. TV Ciamis nyiarkeun "Warta Priangan"
  6. STV, Sunda News, jeung sajabana deui

      Warta téh béja. Mun dina koran, majalah, atawa televisi sok disebut berita. Unggal poé televisi ngawartakeun rupa-rupa béja ti sakuliah dunya, dina unggal widang kahirupan. Ayeuna mah mun hayang nyaho kana kajadian di Amérika ogé teu kudu hiber jauh-jauh ka ditu, cukup nyetél televisi atawa maca koran jeung majalah, kabéh geus nyampak. Ku kituna, warta téh geus jadi pangabutuh hirup sangkan urang apal sagala rupa kajadian di sakuliah dunya. Ceuk barudak ayeuna mah sangkan up-date alias teu tinggaleun jaman. 
      Umumna warta dina mangsa kiwari ditepikeun ngaliwatan media elektronik jeung surat kabar/majalah. Warta ngaliwatan media elektronik diantarana:
a. televisi warta disiarkeun sacara audiovisual ditarima ku masarakat ku cara ditingali dibaca jeung didengekeun.
b. radio: warta disiarkeun sacara audio ditarima ku masarakat ku cara didengekeun wungkul.
c. Internet: mangrupa gabungan antara warta nu ditepikeun ngaliwatan televisi radio jeung koran/majalah. Ieu mangrupa media warta panganyarna di jaman kiwari. Bisa jadi pangmoderna ku sabab berita panganyarna ti sakuliah dunya teh bisa leuwih gancang katarimana ku masarakat. Eta berita disimpen di halaman nu disebut Website atawa blog. Saperti: google, yahoo, detik.com, okezone, jeung rea-rea deui.
      Warta anu ditepikeun ngaliwatan media surat kabar/koran jeung majalah. Ieu media nu nyiarkeun warta ku cara dibaca ku masarakat pamakena.
      Warta dina basa Sunda mah teu loba jiga dina basa Indonésia.
Majalah ogé ukur sababaraha hiji, kitu deui koran jeung televisi. Keun baé saeutik ogé, nu penting aya. Dina pangajaran ieu mah hidep ngan rék diwanohkeun warta nu kungsi dimuat dina majalah jeung televisi. Naon waé eusina, kumawa wangunna, jeung unsur-unsur naon waé anu kudu aya dina warta sangkan informasi anu
ditepikeunana lengkep.
      Pek geura bacakeun conto warta ieu di handap kalayan merenah! 

Sampurasun...
Tepang deui sareng simkuring pun......................... dina warta basa sunda anu disiarkeun tingawitan tabuh 5(lima) sore dugika tabuh 6 (genep) sore

Wartos-wartos anu parenting. Geus sababaraha minggu katukang, wewengkon Bale Endah Kabupaten Bandung kakeunaan ku rupa-rupa musibah salah sahijina, mudalna cai wahangan Citarum. Dumasar kana data nu katalungtik kurang leuwih 1536 (sarebu lima ratus lima puluh genep) imah katut wangunan sakola jeung pamarentahan kakeueum ku cai wahangan citarum tea. Nu ngalantarankeun cai wahangan mudal teh, salian ti gede na cai hujan, oge ku ayana seserepan cai hujan anu teu katampung jeung teu ngocor kana kamalir alatan lobana runtah anu ngahalangan kokocoran nu ngabalukarkeun cai jadi ngeyembeng.


Pamarentah daerah geus ngayakeun panalungtikan ka saban-saban tempat anu tujuanna ngadata korban jiwa, sabab dumasar kana hasil laporan ti warga masyarakat teu saeutik ayana korban jiwa alatan ka bawa cai caah tea.


Aparat pamarentah ngarasa kapanggil jiwana milu ancrub ka lapangan, keur merenahkeun wargana sangkan jauh tina marabahaya ku cara ngungsikeun ka palataran anu rada anggang ti wahangan Citarum tea.


Gubernur Jawa Barat Bapa H. Ahmad Heryawan katut rengrengan satekah polah ngayakeun tarekah sangkan eta musibah teh teu tumiba wae, ku jalan nyieun tanggul sacara babarengan disisi wahangan Citarum. Tapi teu saeutik warga masyarakat sabudeureun kota Bandung ngarasa prihatin ku ayana musibah kieu teh. Maranehna rereongan ngayakeun tarekah ngumpulkeun waragad keur sumbangkeuneun ka warga anu ka keunaan ku musibah tea. Nu utamana mah nyumbangkeun obat-obatan, sabab geus mimiti loba nu katarajang ku rupa-rupa panyakit diantarana ararateul jeung mencret, akibat tina cai anu geus pacampur jeung kokotor tina runtah anu geus buruk. Ku ayana hal eta, boh pamarentah pusat atawa daerah teu bosen-bosen meredih kawargana sangkan bisa ngariksa jeung ngajaga lingkungan.


Pamungkas ti simkuring...

Pamarentah ge teu cicingeun ku ayana musibah kieu teh jadi panyepret sangkan wargana sadar kana pentingna kabersekaan jeung ngajaga lingkungan tina bibit berewit jeung panyakit.



Rupina mung sakitu...

Simkuring pun ........................ seja amit mundur amit mungkur kasadayana. Caag....



Wasallam..

B. Jejer Warta

Anu dimaksud Jejer Warta di dieu nya eta poko pasualan anu dijadikeun bahan/materi warta. Saperti dina conto warta di luhur jejerna teh nya eta Perkara kajadian banjir di wewengkon Baleendah Kabupaten Bandung alatan mudalna cai wahangan Citarum. 

Ku ayana jejer/topik tadi, mangka warta anu ditepikeun teh bakal leuwih gampang dina mekarkeun katerangan-katerangan panglengkepna. Katerangan-katerangan panglengkep eta bakal leuwih nguatkeun sarta ngarojong kana jejer/topik warta.  


Mun seug dituliskeun, struktur warta di luhur saperti kieu:

Jejer: Banjir di wewengkon Baleendah alatan mudalna cai wahangan Citarum (What)
Kalimah-kalimah penjelasna:
1. Kajadianana di wewengkon Baleendah katut sabudeureunana (Where)
2. Eta kajadian geus lumangsung sababaraha minggu kapengker (When)
3. Eta kajadian alatan mudalna cai wahangan Citarum (Why)
4. Sajumlah 1536 imah, sakola, jeung wawangunan pamarentah kakeueum (How)
6. Mudalna eta wahangan alatan hujan gede, kurangna serapan air, jeung runtah nu loba (Why)
7. Pamarentah ngadata jumlah karugian materil jeung korban jiwa ka daerah nu keuna banjir (Who)
9. Pamarentah jeung masarakat gawe bareng nyieun tanggul di sisi wahangan (Who)

Jadi saupama rek nyieun poko-poko berita teh mangka urang kudu nyieun rumusanana ku mangrupa kalimah-kalimah pananya sangkan gampang pikeun ngajabarkeunana:
1. Naon kajadian anu rek diwartakeun teh? (what)
2. Iraha eta kajadian lumangsungna? (when)
3. Dimana eta kajadian lumangsungna? (where)
4. Naon sababna eta kajadian teh? (why)
5. Saha wae anu kalibet dina eta kajadian? (who)
6. Kumaha proses lumangsungna eta kajadian? (how)

Sakitu heula pedaran ngenaan warta. Saterusna pigawe latihan Quis pangajaran 8.2




Tidak ada komentar:

Posting Komentar