src="" width="300" height="200" />
Allaahumma inni a'uudzubika min 'adzaabil qabri wa min 'adzaabinnaari jahannama wa min fitnatil mahyaa wal mamaati wa min fitnatil masiihid dajjaal. Artinya: "Ya Allah, sesungguhnya aku berlindung kepadaMu dari adzab Jahannam, dari adzab kubur, dari fitnah kehidupan dan kematian, dan dari keburukan fitnah Dajjal."
Wilujeng Sumping Pamiarsa di SMP NEGERI 2 CIPONGKOR WASPADA COVID-19

ADMIN

Catetan Lalampahan Hirup
( Carita can anggeus )

Dibabarkeun di Cipongkor dina kaping 05 Desember 1973 ti pasangan Bapa Apun Rukmana (alm) sinareng Ibu Otih Hasanah. Mangrupa anak ka tilu tina jumlah genep sadulur kuduna mah, ngan teu kuhanteu dua dulur nu panggedena jeung nu kaopat tilar dunya. Jadina anak katilu tina jumlah opat sadulur.

Padumukan matuh mah di Kp.Ciporang Rt.05 Rw.02 Desa Neglasari Kecamatan Cipongkor Kabupaten Bandung Barat 40764.

Pangalaman nyuprih elmu ngawitan lebet sakola taun 1980 di SD Negeri 2 Cipongkor tepi ka taun 1986. Ti dinya neraskeun ka SMP Negeri 1 Cipongkor 1986 tepi ka 1989. Tuluy sakola ka SMAN Cililin 1989 tepi ka 1992. Sarta nuntaskeun sakola di Paguron Luhur IKIP Bandung 1992 tepi ka 1997. Arang langka harita nu kuliah nyokot jurusan Bahasa Sunda, tapi geus kudu kituna we kuring mah, padahal di SMA milih jurusan teh elmu IPA.

Saprak rengse kuliah, kuring teu langsung neangan pakasaban, kalah kabawa heula ku sakaba-kaba ngadon kalangsu ku pangulinan, nganteur heula karesep ruang-riung jeung balad di lembur. Pajarkeun teh leleson heula tina rupa-rupa pikiran di sakola. Seug padahal mah eta alesan wungkul da nu sabenerna mah panyakit kuring we nu burunungul. Batur-batur sapakuliahan mah teu aya nu kitu, kabeh ge geus di tempat nu kuduna nya eta di sakola ngaradon meunang sebutan Jang Guru, sebutan nu ilahar di jaman harita.

Guru mangrupa pakasaban nu jadi Bapa tepi ka teu kuhanteu ayeuna jadi nitis ka kuring. Nyoreang ka mangsa ka tukang rupa-rupa pangalaman geus karandapan. Ti mimiti gubrag lahir, aya dina apingan nu jadi indung bapa kiwari kuring ngarasakeun kumaha hesena ngurus nu jadi anak, da dikersakeun geus boga tilu budak teh, bari lalaki kabehanana. Nu kahiji karek sakola SD kelas genep. Pon kitu deui kadua sarua SD kelas hiji. Ari nu bungsu mah karek umur dua nincak tilu taun ayeuna. Ras inget mangsa ngamimitian sakola. Harita Taun 1980, kuring asup SD Negeri 2 Cipongkor bari hese-hese oge ahirna lulus taun 1986.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar