Standar Inti 3.
Memahami pengetahuan (faktual,
konseptual, dan prosedural) berdasarkan rasa ingin tahunya tentang ilmu
pengetahuan, teknologi, seni, budaya terkait fenomena dan kejadian tampak
mata. 4. Mencoba, mengolah dan menyaji dalam ranah
konkret (menggunakan,menguari, memodifikasi, dan membuat) dan ranah abstrak
(menulis, membaca, menghitung, menggambar, dan mengarang) sesuai dengan yang
dipelajari di sekolah dan sumber lain yang sama dalam sudut pandang/teori. |
|
Kompeténsi Dasar Pengetahuan 3.3.Mengidentifikasi
kekayaan idiom bahasa Sunda dan nilai-nilai yang terkandung di dalamnya
dengan memperhatikan struktur, fungsi sosial, dan aspek kabahasaan yang benar
dan sesuai konteks. |
Kompetensi Dasar Keterampilan 4.1 Menyajikan kekayaan idiom
bahasa Sunda serta nilai-nilai yang terkandung di dalamnyadengan memamfaatkan
berbagai media. |
PERTEMUAN KE-1
Idiom atawa pakeman basa téh mangrupa wangunan basa
anu has tur mandiri, nepi ka teu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun tata
basa
Nilik kana harti jeung sipat anu dikandungna pakeman
basa téh aya anu disebut babasan, paribasa, gaya basa, cacandran, caturangga,
uga, kecap injeuman, jeung rakitan
lantip.
1)
Babasan
Babasan
téh nya éta ungkara basa winangun kecap (kantétan) atawa frasa anu susunanana
geus matok sarta ngandung harti injeuman (Yayat Sudaryat, 1995:118).
Nilik
kana unsur pangwangunna, babasan téh aya tilu rupa, nya éta: babasan wangun kecap rundayan, babasan wangun
kecap kantétan jeung babasan wangun frasa.
A.
Babasan wangun kecap rundayan nya éta babasan anu
diwangun ngaliwatan prosés ngararangkénan, boh binarung ngarajék jeung
ngantétkeun boh henteu, tapi tetep ngandung harti injeuman. Contona:
- anggeus-anggeusan
= bébéakan, pupuasan
- dibéjérbéaseun
= dijéntrékeun, dijelaskeun
- ngaburuy
= nginum wungkul teu maké lalawuh
B.
Babasan wangun kecap kantétan, nya éta babasan anu
diwangun ku dua kecap atawa leuwih sarta ngandung harti injeuman anu béda jeung
harti unsur-unur pangwangunna. Contona:
- akal koja = akal pinter dipaké pikeun
ngajalankeun kajahatan
-
ceuli léntaheun = sadéngé-déngéna
-
kacanir bangban = kawiwirangan atawa kaéraan.
C.
Babasan wangun frasa nya éta babasan anu
diwangun ku dua kecap atawa leuwih, tapi hubungan unsur-unsurna henteu dalit
tur ngandung harti injeuman. Ieu babasan téh umumna mangrupa frasa éndoséntris,
nya éta frasa anu salahsahiji unsurna bisa ngawakilan éta frasa dina distribusi
kalimahna. Contona:
- kawas aul = sok cumiduh
- aya
astana sajeungkal = hal anu pamohalan
- teu
gugur teu angin = teu aya sababna
PANCEN 1
Teangan hartina babasan di handap! |
|||
|
|
|
|
NO |
BABASAN |
HARTINA |
|
1 |
Adigung adiguna |
: |
takabur, sombong |
2 |
Aki aki tujuh mulud |
: |
geus kolot pisan |
3 |
Amis budi |
: |
|
4 |
Amis daging |
: |
|
5 |
Asa teu beungeutan |
: |
|
6 |
Babalik pikir |
: |
|
7 |
Beak déngkak |
: |
|
8 |
Bengkok tikoro |
: |
|
9 |
Beurat birit |
: |
|
10 |
Birit aseupan |
: |
|
11 |
Bodo aléwoh |
: |
|
12 |
Bodo katotoloyoh |
: |
|
13 |
Hampang leungeun |
: |
|
14 |
Buntut kasiran |
: |
|
15 |
Kokolot begog |
: |
|
16 |
Kandel kulit beungeut |
: |
|
16 |
Leuleus awak |
: |
|
18 |
Gurat batu |
: |
|
19 |
Hampang birit |
: |
|
20 |
Haréwos Bojong |
: |
|
2. Amis Daging = Babari kakeunaan ku panyakit kulit, contona borok.
3. Atah Anjang = Langka nganjang ka batur atawa ka tempat-tempat lianna.
4. Ayeum Tengtrem = Senang hate, teu boga kasieun atawa kahariwang.
5. Babalik Pikir = Sadar tina kasalahan.
6. Beak Dengkak = Geus ihtiar rupa-rupa tapi teu hasil.
7. Bengkok Tikoro = Teu kabagean dahareun lantaran elat datang.
8. Beurat Birit = Kedul, hese dititah.
9. Bodo Alewoh = Bodo tapi daek tatanya.
10. Buntut Kasiran = Pedit, koret, hese mere ka batur.
11. Cueut Ka Hareup = Jelema nu geus kolot.
12. Dogdog Pangrewong = Saukur omongan panambah. (Ngagosip)
13. Elmu Ajug = Mapatahan batur bari sorangan teu bener.
14. Epes Meer = Babari ceurik, babari peunggas harepan.
15. Gantung Denge = teu anggeus anu didengekeun.
16. Gantung Teureuyeun = henteu cacap barang dahar, lantaran kadaharanna kurang.
17. Gede Hulu = Sombong, Adigung.
18. Getas Harupateun = Babari nuduh atawa ngahukum.
19. Gurat Batu = Mawa karep sorangan.
20. Hampang Birit = Babari dititah, henteu kedul.
21. Hampang leungeun = Babari neunggeul.
22. Handap Lanyap = Ngomongna hade padahal maksudna ngahina.
23. Harewos Bojong = Ngaharewos tapi kadenge ku batur.
24. Haripeut ku teuteureunyeun = Babari kapincut ku pangbibita.
25. Hawara Biwir = Bebeja ka batur samemeh dipigawe.
26. Hejo Tihang = resep pipindahan.
27. Heuras Genggerong = Ngomongna kasar.
28. Heureut Pakeun = Saeutik Pangaboga.
29. Indit Sirib = Indit sakulawarga.
30. Kawas Gaang Katincak = jempe, teu ngomong.
31. Kawas beueuk beunang mabuk = jempe/ ngeheruk teu ngomong.
32. Kawas Anjing tutung buntut = Teu daek cicing.
33. Kembang Buruan = Budak keur meujeuhna resep ulin diburuan.
34. Kokolot Begog = Niron-niron omongan atawa kalakuan kolot.
35. Kurung Batok = Tara liar ti imah, tepika teu nyaho nanaon.
36. Laer Gado = Resep barang penta.
37. Lesang Kuras = Geus teu boga nanaon.
38. Leuleus Awak = Resep barang gawe.
39. Leumpeuh Yuni = Teu kuat nenjo nu pikasieuneun/ pikareuwaseun.
40. Leutik Burih = Kurang kawani, sieunan, borangan.
41. Lungguh Tutut = Katenjona lungguh/ cicingeun padahal saenyana henteu.
42. Miyuni Kembang = Loba nu mikaresep.
43. Murag Bulu Bitis = Resep indit-inditan.
44. Ngabuntut Bangkong = Teu puguh tungtungna, teu tep ka rengse.
45. Ngegel Curuk = Teu menang hasil.
46. Ngeplek Jawer = Teu boga kawani, sieunan, elehan.
47. Ngijig Sila = Henteu satia.
48. Nyoo Gado = Ngunghak, ngalunjak.
49. Panjang Lengkah = Loba pangalaman.
50. Pindah Pileumpangan = Robah kalakuan.
51. Saur Manuk = Ngomong rampak/ bareng.
52. Tuturut Munding = Nurutan batur bari teu nyaho maksudna.
53. Era Paradah = Era ku kalakuan batur.
54. Geulis Gunung = Katingali ti jauhan alus tapi beh dekeut goreng.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar