src="" width="300" height="200" />
Allaahumma inni a'uudzubika min 'adzaabil qabri wa min 'adzaabinnaari jahannama wa min fitnatil mahyaa wal mamaati wa min fitnatil masiihid dajjaal. Artinya: "Ya Allah, sesungguhnya aku berlindung kepadaMu dari adzab Jahannam, dari adzab kubur, dari fitnah kehidupan dan kematian, dan dari keburukan fitnah Dajjal."
Wilujeng Sumping Pamiarsa di SMP NEGERI 2 CIPONGKOR WASPADA COVID-19

14 Sep 2016

MATERI : CONTO BIANTARA PIKEUN KELAS 9

Biantara Bahasa Sunda


Biantara Paturay Tineung
Ti Wawakil Kelas IX

Maos Basmallah....

Assalamu ‘alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Maos Mukodimah dina Basa Arab......

Puji sinareng sukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Gusti Nu Maha Suci. Ku lungsurna rahmat sareng kurnia Anjeunna, dina dinten ieu urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina acara Paturay Tineung SMP Negeri 2 Cipongkor Taun Ajaran 2016/2017.
Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka rerencangan sakelas anu parantos maparin kapercantenan ka sim kuring kanggo ngadugikeun kereteg atiminangka wawakil ti panata calagara anu parantos maparin kasempetan ka sim kuring kanggo sasanggem dina ieu acara.
Para hadirin hormateun sim kuring.
Mungguh ari waktos heunteu karaos nyerelekna teh. Asa kamari sim kuring saparakanca lebet  janten murid di ieu sakola. Ayeuna tos kedah ngantunkeun deui ieu sakola. Padahal tilu taun teh sanes waktos anu sakedap. Tilu taun sasarengan, diaping sareng dijaring ku Bapa sareng Ibu guru didieu. Tilu taun simkuring saparakanca dipaparin rupi-rupi elmu sareng kaparigelan, pibekeleun sim kuring saparakanca kanggo neraskeun sakola ka tingkat nu langkung luhur.
Kiwari cunduk kana waktu, ninggang kana mangsa urang kedah papisah. Aya kabingah sareng kasedih gumulung jadi ngahiji. Bingahna, sim kuring saparakanca tos tiasa lulus diajar di ieu sakola. Ari sedihna, sim kuring saparakanca kedah ngantunkeun ieu sakola.
Abotna mah kalangkung-langkung kedah ngantunkeun ieu sakola the. Naming kumaha atuh, da sim kuring saparakanca kedah neraskeun deui ka sakola nu langkung luhur. Ku margi kitu, neda pidungana ka sadayana supados sim kuring saparakanca tiasa ngahontal cita-cita sareng tiasa babakti sa lemah cai, bangsa, sareng agama.
Rumaos, salami sim kuring saparakanca sakola di dieu, seueur pisan kalepatan. Malih sering matak repot sareng jengkel Ibu miwah Bapa Guru. Ku kituna sim kuring saparakanca heunteu tiasa males kana kasean Ibu miwah Bapa Guru. Mugia Alloh maparin ganjaran anu satimpal kana kasaean Ibu miwah Bapa Guru sadayana.
Teu hilap ka adi-adi kelas, hapunteun Akang sareng Teteh, upami salami urang sasarengan Akang sareng Teteh seueur kalepatan, boh anu karaos  boh anu heunteu karaos. Tangtos, Akang sareng Teteh oge ngahpunteun kana kalepatan adi-adi sadayana. Dungakeun Akang sareng Teteh, supados lungsur-lungsar dina diajar di sakola anu langkung luhur. Kitu deui Akang sareng Teteh ngadungakeun sangkan adi-adi tiasa langkung sae sareng pinter ti Akang sareng Teteh.
Parahadirin hormateun sim kuring.
Seueur panineungan endah salami sim kuring saparakanca nyuprih elmu di ieu sakola. Panineungan anu baris tetep nganteungkeun ras sareng hate sim kuring saparakanca, sanaos urang tos paanggang.
Rupina, sakitu pisanggem ti sim kuring minangka wawakil ti kelas IX. Hapunten bilih aya cariosan anu kirang merenah matak resag kana manah.
Akhirul kalam, wabillahi taufiq wal hidayah. Wassalamu ‘alaikum warohmatullohi wabarokatuh.