src="" width="300" height="200" />
Allaahumma inni a'uudzubika min 'adzaabil qabri wa min 'adzaabinnaari jahannama wa min fitnatil mahyaa wal mamaati wa min fitnatil masiihid dajjaal. Artinya: "Ya Allah, sesungguhnya aku berlindung kepadaMu dari adzab Jahannam, dari adzab kubur, dari fitnah kehidupan dan kematian, dan dari keburukan fitnah Dajjal."
Wilujeng Sumping Pamiarsa di SMP NEGERI 2 CIPONGKOR WASPADA COVID-19

PANGGEUING HURIP

Assalaamu ‘alaikum Warahmatullahi wabarakaatuh
Para wargi sadayana anu sami-sami hadir di ieu tempat, Alhamdulillah dina ieu kasempetan simkuring kapasihan waktos kanggo ngadugikeun perkawis DUIT
Para wargi sadayana, perlu kauninga yen urang sadayana salaku jalmi anu fakir tangtos ngabutuhkeun perkara anu namina DUIT. Naon margina? Margi sagala rupi kahayang, cita-cita, atanapi naon rupi perkara, tangtos ngabutuhkeun anu namina DUIT. Tapi kade, ulah lepat ngartoskeun, anu di maksud DUIT di dieu teh nyaeta:
    D na DO’A
    U na USAHA
    I na IMAN
    T na TAQWA
Janten leres pisan kan?
Hiji kahayang, cita-cita, atanapi naon rupi perkawis, tangtos kedah ngabutuhkeun anu namina DUIT anu nembe, margi tanpa do’a, usaha, iman, sareng taqwa tangtos hasilna moal sapertos anu ku urang dipikahoyong.
Mung sakitu anu ku simkuring tiasa di dugikeun, hapunten bilih aya cariosan anu kirang merenah. akhirul kalam
Wassalamu ‘alaikum warahmatullahi wabarakaatuh

Hutabah / Ceramah Islam dina Bahasa Sunda (untuk Mubtadi)


اَلسَّلَامُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ

بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ

اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ  الْوَاحِدِ الْقَهَّارِ، اَلْعَزِيْزِ الْغَفَّارِ، مُكَوِّرُ اللَّيْلِ عَلَى النَّهَارِ، وَتَبْصِرَةٌ لِأُولِى الْقُلُوْبِ وَالْأَبْصَارِ، وَتَذْكِرَةٌ لِأُولِى الْأَلْبَابِ وَالْإِعْتِبَارِ. وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلٰى مُحَمَّدٍ الْمُخْتَارِ، وَعَلٰى آلِهِ وَاَصْحَابِهِ الْأَخْيَارِ. أَمَّا بَعْدُ
فَقَدْ قَالَ اللهُ تَعَالٰى فِى الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ وَهُوَ أَصْدَقُ الْقَائِلِيْنَ أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا إِذَا قِيلَ لَكُمْ تَفَسَّحُوا فِي الْمَجَالِسِ فَافْسَحُوا يَفْسَحِ اللهُ لَكُمْ وَإِذَا قِيلَ انْشُزُوا فَانْشُزُوا يَرْفَعِ اللهُ الَّذِينَ آمَنُوا مِنْكُمْ وَالَّذِينَ أُوتُوا الْعِلْمَ دَرَجَاتٍ وَاللهُ بِمَا تَعْمَلُونَ خَبِيرٌ (المجادلة : ١١)
وَقَالَ النَّبِيُّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ ((كُنْ عَالِمًا اَوْ مُتَعَلِّمًا اَوْ مُسْتَمِعًا اَوْ مُحِبًّا وَلَا تَكُنْ خَامِسًا فَتَهْلَكَ))
تَبَارُكًا فِى الدُّعَاءِ. اللهم صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَيْهِ... آمِيْن
اَللهم إِنِّى أَعُوْذُ بِكَ مِنْ عِلْمٍ لَا يَنْفَعُ وَقَلْبٍ لَا يَخْشَعُ وَعَمَلٍ لَا يُرْفَعُ وَدُعَاءٍ لَا يُسْمَعُ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ.
Teu aya kecap anu langkung megah, anu pantes diucapkeun ku hiji jalmi anu do’ifah, salian ti manjatkeun puja ka dzat Allah anu Maha Kawasa, Puji didugikeun ka dzat Allah anu Maha Suci, oge Syukur ka dzat Allah anu Maha Ghofur, nyatana Allah ‘azza wa jalla anu ngagaduhan sifat kasampurnaan jeung bersih tina sifat kakirangan.
اَلْمُتَّصِفُ بِكُلِّ كَمَالٍ وَالْمُنَزَّهُ عَنْ كُلِّ نَقْصٍ
Anu parantos maparin nikmat ka makhlukna anu patut ku urang disyukuran sanes dikufuran. Sakumaha Allah ngadawuh dina Al-Qur’an:
لَئِنْ شَكَرْتُمْ لأزِيدَنَّكُمْ وَلَئِنْ كَفَرْتُمْ إِنَّ عَذَابِي لَشَدِيدٌ
Shalawat مع salamna, mudah-mudahan dilimpah curahkeun ka buah manah  Siti Aminah penguasa Makkah pembuka syafa’ah, nyatana kengjeng nabi Muhammad saw., sakumaha imam Ibnu Malik  nyarioskeun dina baet terakhirna :
فَأَحْمَدُ اللهَ مُصَلِّيًا عَلٰى # مُحَمَّدٍ خَيْرِ النَّبِيِّ أُرْسِلَ
Oge henteu hilap ka para kulawargina ka para sohabatna oge ka urang sadayana salaku umatna mudah-mudahan kenging Syafa’atul’udzma ti mantenna.
شَيْخُنَا الْمُكَرَّمُ وَالْمُكَرَّمَةُ، اَلْعَالِمُ اَلْعَلَّامَةُ صَاحِبُ الْفَضِيْلَةِ وَالسَّعَادَةِ
Pimpinan sekaligus sesepuh ieu masjid anu ku simabdi dihormati anu mudah-mudahan aya dina rahmat Gusti anu Maha Suci
بَارَكَ اللهُ فِى عِلْمِهِمْ بَارَكَ اللهُ فِى رِزْقِهِمْ بَارَكَ اللهُ فِى طُوْلِ حَيَاتِهِمْ. آمِيْنَ يَا رَبَّ الْعَالَمِيْنَ
Alhamdulillah kalayan izin Allah swt., di Haflah anu barokah ieu urang sadayana tiasa patepung lawung patepang wajah dina acara muhadoroh.
Hadirin rahimakumullah...
Dina kitab “Fawa’idulmakiyah” mushonnif Said ‘Alawiy bin Ahmad Asy-Syeghaf, menjelaskan :
لَابُدَّ لِلْعَبْدِ مِنْ أَرْبَعَةِ أَشْيَاءَ : اَلْعِلْمِ وَالْعَمَلِ وَالْإِخْلَاصِ وَالْخَوْفِ
Diwajibkeun ka hiji abid anu hayang salamet dunia akherat, kudu boga 4 perkara ;
1. Ilmu 2. Amal            3. Ikhlas           4. Khauf, nyaeta sieun ku Allah
Coba ku urang tafakkuran, Allah nyiptakeun manusia benten jeung nyiptakeun binatang. Pami binatang mah teu gaduh akal, sedengkeun ari jalmi mah gaduh jiwa, dipasihan akal anu mana eta akal teh kangge nampi pamahaman sareng ilmu ti gusti Allah. Maka dina hiji katerangan dijelaskeun :
اَلْإِنْسَانُ حَيَوَانٌ نَاطِقٌ اَيْ مُدْرِكُ الْعِلْمِ
Manusia teh nyaeta “hewan“ anu berfikir, maksudna tiasa mendakan kana ilmu.
Margi ari ilmu eta diibaratkeun cahaya anu nyaangan ka urang sadayana. Margi saur rosul :
اَلْعِلْمُ نُوْرٌ
“ari ilmu eta cahaya”
Upami aya jalmi teu gaduheun ilmu eta jalmi lir ibarat jalmi anu lolong. Tah ari jalmi buta mah sagala rupi oge pantes, najong baskom, pantes..! nubruk panto, pantes..! malah ragrag kana jurang oge pantes..! kitu oge jalmi anu bodo eta oge pantes wae ngagebrus kana rupi-rupi jenis dosa jeung pamaksiatan. Benten sareng jalmi anu berilmu anu bakal diangkat darajatna ku gusti Allah.
يَرْفَعِ اللهُ الَّذِينَ آمَنُوا مِنْكُمْ وَالَّذِينَ أُوتُوا الْعِلْمَ دَرَجَاتٍ
Hadirin rahimakumullah...
Poin kadua anu kedah dimiliki ku hiji abid nyaeta “amal”. Sabab ilmu moal aya manfaatna pami henteu diamalkeun.
وَمَنْ لَمْ يَعْمَلْ بِمَا عَلِمَ فَهُوَ مَحْجُوْبٌ
Saha wae jalmi anu teu ngamalkeun kana ilmuna, eta pasti kahalangan.
Hadirin rahimakumullah...
Poin katiluna nyaeta ikhlas. Margi hiji abid anu ngarepkeun salamet dunia jeung akherat eta teu cukup ku ilmu jeung amal wungkul, tapi salian ti eta kudu didasari ku kaikhlasan.
فَمَنْ لَمْ يُخْلِصِ الْعَمَلَ فَهُوَ مَغْبُوْلٌ
Saha jalma anu teu ikhlas dina midamel amalna, eta jalma anu rugi.
Tapi hadirin sadayana...!
Ilmu, amal sareng ikhlas wungkul mah eta teu nyukukeun janten jaminan, tapi kedah disampurnakeun ku syarat ka opat nyaeta ”khauf”, nyatana sieun ka Allah. Margi Allah ge parantos ngajelaskeun dina Al-Qur’an :
وَأَمَّا مَنْ خَافَ مَقَامَ رَبِّهِ وَنَهَى النَّفْسَ عَنِ الْهَوٰى فَإِنَّ الْجَنَّةَ هِيَ الْمَأْوٰى
Saha wae jalmi anu bener-bener sieun ka murka Allah, ngajauhan sagala laranganna, nyegah hawa nafsu tina perkara anu dilarang ku Allah, tah eta jalmi bakal ditempatkeun di Surga tempat kasih sayang Allah.
Hadirin rahimakumullah...
Saba’dana urang ngabahas kana opat poin tadi, hayu urang betot hiji natijah, yen pami jalmi hoyong meunang kabahagiaan dunia aakherat, kedah nyukcruk mapai kana 4 perkarana.
1. Ilmu 2. Amal            3. Ikhlas           4. Khauf, nyaeta sieun ku Allah
Mung sakitu wae panginten anu tiasa ku abdi didugikeun. Kirang langkungna nyuhunkeun dijemblongkeun lawang pangapunten nu saageung-ageungna. Ditutup kalayan do’a.
رَبَّنَا آتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
وَالسَّلَامُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ

COBAAN JEUNG UIAN TI ALLOH SWT

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Alhamdulillahilladzi an’ama ‘alaina bi ni’matil iman, wal islam. Asyahadualla ilaha illaloh,wasyhadu anna Muhammadarrosullulah. Allohuma sholi ‘ala Muhammad wa’ala ali syaidina Muhammad amma ba’du

Panghulung kalbu kajembaran fuji janten panghias ati urang sanggakeun ka dzat anu maha suci. Dzat anu ngan sahiji nyatana Allah rabbul ijati. Fuji anu janten panghias rasa urang sanggakeun ka dzat anu maha kawasa nyatana Allah, aza wajala syukur anu janten pangratos masihan rahmat, taufik sinareng hidayahna sahingga urang sadaya tiasa kempel ngariung di ieu majlis ilmu anu mudah-mudahan kenging ridho ti gusti Allah ta’ala. Amiin…..

Sholawat sinareng salamna mugia tetep di kocorkeun, dilengserkeun ka jungjunan urang sadaya, panutan sadaya umat islam nyatana kanjeng Nabi Muhammad SAW ka para kaluwargina sohabatna tabi’in tabi’atna anu pamudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna.

Kepala Madrasah, dewan guru sadayana anu ku simkuring di pihormat, oge teu hilap ka sadaya rerencangan abdi, anu kusimkuring di pihormat.
Ngadegna simkuring di didieu Insya Allah bade nyobian nyampekeun hiji biantara anu eusina
“ COBAAN ATAWA UJIAN “
Ujian anu di pasihan ku gusti Allah ka bagi 2 nyaeta :
1. Ujian anu manis
2. Ujian anu pait
- Nu kahiji ujian anu manis nyaeta anu di pasihan nikmat ti gusti Allah
- Nu kadua ujian anu pait nyaeta saperti di pasihan musibah
Jadi kasimpulanan
Upami urang di pasihan anu manis, urang kedah bersyukur. Naon sababna ?
sabab aya ayat Al Quran surar Ibrahim ayat 7
Anu hartosna
Saestuna upami urang syukuran kana nikmat Allah, pasti kami bakal nambihan nikmat . Tapi sabalikna, upami kufur kana nikmat Allah maka siksa Allah kacida pedihna.
Upami urang di pasihan ujian anu pait, sapertos musibah maka urang kedah sabar.
Nabi bersabda :
Sabar eta sabagian tina iman
Sareng Allah ngadawuh :
Allah seneng ka jalma-jalma anu sabar, jadi urang hirup di dunya ieu pinuh cobaan.
Saleresna masih aya keneh anu di saurkeun tapi waktosna anu teu cekap, sakieu ti abdi hatur nuhun ka sadaya perhatosan nana.
Hapunten bilih aya kalepatan.....
Aqulu Qouli hada, wassalamu’alaikum Wr Wb.




CIKARACAK NINGGANG BATU LAUN-LAUN ADI LEGOK


Aya santri pohara beletna. Nepi ka mindeng jadi pamoyokan santri-santri lianna. Mangtaun-taun masantrén, can ngalaman hatam Alqur’an sakali-kali acan. Boro-boro hatam Alqu’an, jampé solat ogé ukur baé bisa maca fatihah jeung surat parondok. Puguh deui nalar kitab atawa nyarita ku basa Arab mah, tinggaleun pisan. Tapi, ari ngaliwet mah pangpinterna. Kabéjakeun kaanggo ku Ajengan sagala.

Loba babaturanana nu geus baroga pasantrén sorangan. Atuh santri-santri anyar jul-jol, ngaganti nu geus taramat. Ari manéhna teu menyat-menyat. Tungtungna ngarasa éra sorangan. Éra ku sasama santri, éra ku Ajengan.

Tina geus teu kuat nahan kaéra, hiji poé manéhna nepungan Ajengan di bumina. Maksudna rék terus terang, niat balik ka lemburna. Barang tepung pok nyarita, “Ajengan abdi seja amitan, badé mulang ka lembur,” cenah.

“Mulang téh mulang kumaha, apan lain waktuna peré?” témbal Ajengan.

“Mulang teras, moal wangsul deui ka pasantrén. Da bongan geuning, mangtaun-taun masantrén, teu aya pisan kamajengan.”

Ajengan henteu buru-buru ngidinan. Malah teras ngawurukan, sangkan ulah babari pegat harepan. Unggal jelema kamampuhna teu sarua, cenah. Aya nu gancang bisa nangkep pangajaran, teu kurang-kurang anu butuh waktu rada lila, kakara manéhna ngarti.

“Ulah, manéh ulah mulang, mending balik deui ka pondok. Hég diajar leuwih rajin!” saurna deui.

Tapi manéhna keukeuh ménta diidinan mulang. Basana, ti batan miceunan waktu di pasantrén, mending sagawé-gawé di lembur. Diajar néangan pangupa jiwa.

Ku sabab niatna geus pageuh, ahirna Ajengan teu tiasa naon-naon.

“Rék iraha manéh mulang, apan ayeuna mah geus burit?”

“Badé énjing saatosna solat subuh,” cenah, teu poho ménta didungakeun.

Isukna, rebun-rebun pisan manéhna ninggalkeun pasantrén. Ti pasantrén ka lemburna téh, lilana kira-kira sapoé. Sajaba ti éta kudu ngaliwatan leuweung, ngurilingan pasir, sarta turun ngaraas walungan. Tengah poé kakara meunang satengahna. Hartina satengah poé deui, kakara nepi ka lemburna.

Lantaran ngarasa capé, Ki Santri eureun heula niat reureuh. Gék diuk handapeun tangkal kai. Kaayaan di sakuriling kacida tiieuseunana. Nu kadéngé téh ukur sora angin nebak tatangkalan, paselang jeung cluk-clakna cikaracak. Tapi, ku sabab capé, guher manéhna saré tibra pisan.

Hudang-hudang beuteungna ngarasa lapar. Rét ka luhur, panonpoé mimiti déngdék ngulon. Kop kana bekel bawana. Réngsé dahar tuluy beberesih, nginum sakalian wudu tina solokan leutik, teu jauh ti tempat manéhna reureuh. Bérés wudu solat lohor, luhureun batu lémpar.

Tah, waktu manéhna solat, sora cai nyakclak kadéngéna beuki jelas. Clak … clak … clak …, cenah, siga meunang ngatur. Méh baé solatna batal.

Tutas solat, panasaran hayang nyaho asalna sora. Sabada ditéangan, bréh … katénjo, cai tina sela-sela batu, ngarayap mapay aakaran, méméh ragrag ninggang batu lémpar.

Ieu geuning asal datangna sora téh, gerentesna. Ngan édas mani siga beunang ngatur. Sora ragragna ngalagu, sarta angger wirahmana. Persis sora tik-tekna jarum jam. Kalakuan cai ku manéhna terus diperhatikeun. Ti mimiti barijil tina sela-sela batu, tuluy mapay aakaran, nepi ka tingkareclak ragrag kana batu téa.

Ana diteges-teges, geuning batu anu kacakclakan cai téh, nepi ka legokna. Hég ku manéhna dipikiran, batu sakitu teuasna bisa legok ukur karagragan cikaracak. Pasti lain waktu sakeudeung-sakeudeung. Bisa jadi mangpuluh-puluh taun.

Heueuh, ari leukeun jeung sabar mah, cai nu ukur sakec-lak-sakeclak, bisa ngalegokan batu nu sakitu teuasna. Naha ari aing…, tungtungna inget kana kalakuan sorangan. Pédah diajar ngaji teu bisa-bisa, gancang ngarasa éléh. Nepi ka milih balik ka lembur, ti batan diajar leuwih soson-soson.

Harita kénéh manéhna ngagidig seja balik deui ka pasantrén. Jero haténa jangji rék leuwih rajin diajar. Cenah éta boga uteuk kacida beletna, rék nurutan laku cai. Teu bisa sataun, dua taun. Dua taun teu bisa kénéh, matak naon tilu taun. Sugan ari leukeun jeung sabar mah, laun-laun kataékan.

Kajurung ku sumanget rék diajar leuwih getol, leumpang-na satengah lumpat. Atuh méméh magrib téh geus datang deui ka pasantrén. Rasa éra duméh geus amitan balik deui, buru-buru disingkirkeun.

“Aéh, geuning ilaing?” Ajengan kagét nénjo santrina balik deui.

“Leres, abdi Ajengan,” cenah.

Méméh Ajengan naros papanjangan, leuwih ti heula manéhna ngadadarkeun lalakonna. Nyaéta manggihan cikaracak, ragrag nyakclakan ninggang batu, nepi ka éta batu jadi legok.

“Piraku abdi, manusa, kudu éléh ku cai,” cenah ka Ajengan.

Ku sabab diajarna leuwih enya-enya, sakitu taun ti harita, masantrénna teu burung tamat. Kabéjakeun éta santri belet téh nepi ka boga pasantrén gedé, sarta sohor ajengan luhung élmuna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar