src="" width="300" height="200" />
Allaahumma inni a'uudzubika min 'adzaabil qabri wa min 'adzaabinnaari jahannama wa min fitnatil mahyaa wal mamaati wa min fitnatil masiihid dajjaal. Artinya: "Ya Allah, sesungguhnya aku berlindung kepadaMu dari adzab Jahannam, dari adzab kubur, dari fitnah kehidupan dan kematian, dan dari keburukan fitnah Dajjal."
Wilujeng Sumping Pamiarsa di SMP NEGERI 2 CIPONGKOR WASPADA COVID-19

23 Mar 2017

MATERI UJIAN PRAKTIK MACA SAJAK

Baca sajak ieu di handap kalayan merenah! 

 

SAJAK GUPAY KATINEUNG


Aya mangsana datang
Aya mangsana miang
Datang dipapag ku gumbira
Miang dijajap ku cimata
…..
Aya mangsana gumbira
Aya mangsana nembragkeun cimata
Gumbira dipapag suka senang
Cimata dijajap ku kamelang
…..
Aya mangsana senang
Aya mangsana melang
Senang dipapag ku makalang
Melang dijajap ku kabimbang
…..
Ranggeuyan sungkeman kaheman
kadeudeuh Bapa, Ibu guru nu moal sirna
nu moal kasilih ku waktu
nu moal perlaya ku jaman
tekad anjeun nu satia
seungitna sumebar di alam dunya
…..
Tilu taun lamina
Abdi sadaya di atik ku pangaweruh
nu mucekil tan linuwih

hatur nuhun ibu,
hatur nuhun bapa,
hatur nuhun ku mangrupi-rupi
kadeudeuh ka kanyaah
nu nyimbutan di ieu sakola
…..
sok emut panyarek ti ibu
sok emut panyarek ti bapa
ku lantaran kabodoan ti abdi sadaya
ku lantaran kakirangan ti abdi sadaya
ku lantaran kahilapan ti abdi sadaya
ku lantaran kabangoran ti abdi sadaya
ku lantaran kaawonan ti abdi sadaya
neda di hapunten tina sadaya
kahilapan, mugiya awur cukup gumulung
…..
Rerencangan sadaya anu waluya
sinar candra nu mencrong wengi tadi
nyimbolkeun kasedih dina mangasa ayeuna
cahya panon poe nu nyaangan marcapada
baris jadi saksi sumanget urang
jentreng kacapi jadi
pangjajap paturay tineung
Kiwari cunduk waktu ninggang mangsana
Mangsa nu diguratkeun ku Pangeran
…..
Abdi miang, ibu
Abdi miang, bapa
najan beurat nyuhun abot nanggung
kabendung ku kasedih
mayunan hirup nu nyata
Abdi miang, ibu
Abdi miang, bapa
Abdi miang neda pidu’a
naraskeun hanca ngahontal cita-cita
…..
Pileuleuyan-pileuleuyan
sapunyere pegat simpay
ayeuna urang papisah
dina mangsa nu ditangtukeun
urang patepang deui
kayaning dina kabagjan
dunya aherat.

MATERI UJIAN PRAKTIK 2

Nulis Sisindiran

Di tepas nu maca koran
wanci isuk haneut moyan
hayu urang sisindiran
sempal guyon gogonjakan


Di luhur teh mangrupa conto sisindiran. Saha wae oge bisa nyieun sisindiran asal daek diajarna. Dumasar conto di luhur, kalimah atawa baris atawa jajaranana kabehna 4 baris dina sagundukanana. Dina tiap baris, mun diitung jumlah engang dina satiap barisna bakal sarua nya eta 8 engang. Geura urang itung:

di - te - pas - nu - ma - ca - ko - ran
1     2    3      4      5     6    7      8
wan - ci  i - suk - ha - neut - mo - yan
 1       2  3    4      5      6      7      8
ha - yu  u - rang - si - sin - dir - an
 1     2   3    4       5     6     7      8
sem - pal - gu - yon - go - gon - ja - kan
 1       2      3      4      5     6      7     8

Jadi lamun nyieun kalimah-kalimah dina sisindiran satiap barisna kudu neangan gabungan kecap nu jumlah engangna 8.

Ieu di handap aya conto sejen sisindiran dina wangun naratif:

Awi Beulah pikeun tali
dipasian digintiran
mugi ulah cua galih
abdi bade sisindiran

kade kedah ati-ati
bilih engke kabeureuyan
dangukeun nya wargi-wargi
abdi sanes bade ngaheureuyan

Kikinciran Rajagaluh
diteundeun dina campedak
sisindiran henteu puguh
estuning sapendak-pendak

Mawa peti dina sundung
ditumpangan ku karanjang
pangarti teu beurat nanggung
tapi mangpaatna panjang

Baju kutud heureut pola
dikelin teu dijalujur
mun teu cucud ti sakola
arisin balik ka lembur

Samping kageutahan dukuh
dikelab dikacaikeun
nu matak urang sing kukuh
papatah guru turutkeun

Angeun hurang sapariuk
bawangna ngan dua sihung
ulah mungpang ka piwuruk
bisi akhirna kaduhung

Lauk emas ngakan ganggeng
disamberan ku japati
boga emas moal langgeng
teu cara boga pangarti

Singgetol nginum jajamu
nu guna nguatkeun urat
singgetol neangan elmu
nu guna dunya aherat

Balayar urang balayar
balayar ka Bojong Menje
diajar urang diajar
diajar ulah talangke

Mun engke ka Bojong Menje
bakal nguriling jalanna
mun diajarna talangke
bakal kaduhung ahirna

Salila milu ka dinya
teangan roda padati
salila hirup di dunya
teangan elmu pangarti

Lamun poek nyeungeut lilin
teu pati caang seuneuna
ulah ngalobakeun ulin
bisi kaduhung ahirna

Aron pacampur jeung gigih
mun didahar kabuhulan
niron ulangan kapanggih
era teu cukup sabulan

Hulang huleng maen catur
disekak paeh rajanya
sakitu nu kapihatur
hapunten seueur lepatna

MATERI UJIAN PRAKTIK BASA SUNDA 1

 Conto Biantara Paturay Tineung ti Wawakil Siswa


Assalamu’alaikum wr. wb.

بِسْمِ اللهِ الرّحْمَنِ الرَّحِيْمِ 



اَلْحَمْدُ للهِ رَبِّ العَالَمِيْنَ, اَلرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ مَا لِكِ يَوْمِ الدِّيْنِ, وَالصَّلَاةُ وَالسَّلاَمُ عَلىَ اَشْرَفِ اْللأَنْبِياَءِ وَالْمُرْسَلِيْنَ سَيِّدِناَ وَمَوْلَنَا مُحَمَدٍ خَاتَمِ النَّبِيِّيْنَ وَاِمَامِ اْلمُرْسَلِيْنَ, وَعَلىَ اَلِه الطَّاهِرِيْنَ وَصَحَابَتِهِ اَجْمَعِيْنَ, اَمَّا بَعْدُ.

              Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah Illahi Robbi. Alhamdulillah wasyukurilah, Laillahhailallah, Subhanallah dina danget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni upacara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar salami tilu taun.

             Bapa kalih Ibu, hadirin hormateun sim kuring
Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelat. Asa kamari keneh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola, ngahontal harepan sareng cita-cita.
Kantenan wae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di dieu, di sakola urang nu genah pikabetaheun, sim kuring saparakanca diajar neangan elmu. Ruang riung boh di kelas boh dina rupa-rupa kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan. Tangtos bae eta sadayana bakal janten panineungan nu moal kahihilapkeun. Atuh kasaean Bapa kalih Ibu Guru sadaya, elmu pangaweruhna anu didugikeun ka sim kuring saparakanca tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun. Pamugi elmu nu katampi sing janten mangpaat kanggo abdi saparakanca.

              Saterasna pirang-pirang kasaean Bapa kalih Ibu, sim kuring saparakanca teu tiasa males eta kasaean, mung tiasa ngedalkeun du’a, pamugi rupining elmu sareng katiasa anu parantos dipaparinkeun, kenging ganjaran anu mangtikel-tikel ti Allah Ala Wa Zalla. Amin
Bapa kalih Ibu guru kalebet rengrengan ti tata usaha, salami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola tangtosna seueur pisan kalepatan, seueur pisan sikep sareng paripolah anu tangtosna tiasa janten ngajaheutkeun manah ka sadayana. Jalaran kitu, ngawakilan rerencangan sadayana, dina danget ieu sim kuring neda sih hapuntenna, mugi jembar hapuntenna kana samudaya kalelepatan sareng kaluluputan.

               Pamungkas, neda pidua ti sadayana, pamugi sim kuring saparakanca nu lulus taun ieu sing tiasa neraskeun tolabul elmu. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukcruk elmu di tingkat nu langkung luhur
Rupina sakitu nu kapihatur. Bilih aya basa nu kirang merenah, kecap nu kirang larap, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah, neda hapuntenna

              Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalu’alaikum wr. wb.