src="" width="300" height="200" />
Allaahumma inni a'uudzubika min 'adzaabil qabri wa min 'adzaabinnaari jahannama wa min fitnatil mahyaa wal mamaati wa min fitnatil masiihid dajjaal. Artinya: "Ya Allah, sesungguhnya aku berlindung kepadaMu dari adzab Jahannam, dari adzab kubur, dari fitnah kehidupan dan kematian, dan dari keburukan fitnah Dajjal."
Wilujeng Sumping Pamiarsa di SMP NEGERI 2 CIPONGKOR WASPADA COVID-19

27 Apr 2016

PANGAJARAN 7.1 MACA PAGUNEMAN

A. Maca dina Jero Hate

Indung jeung Anak

         “Mah, aya nu badé ditaroskeun,” ceuk Atia.
         “Naroskeun naon? Ké, Mamahna capé kénéh,” jawabindungna. Geus biasa, lamun tas nyanyabaan, Atia mah sok tetelepék ngeunaan naon-naon anu katénjo atawa nu kaalaman, boh di perjalanan boh di tempat nu dituju. Harita ogé kakara jol pisan tas piknik ti Maribaya.
       “Sok, badé naroskeun naon? Mani bangun daria,” ceuk indungna deui, bari neuteup… bréh budak téh mani ngembang céngék.
        “Kieu, Mah..., naon margina ari naék mobil sok istri heula, ari lungsur sok pameget heula. Geuning tadi ogé, basa naék angkot, Bapa mah ti pengker naékna...lungsurna
mah ti payun,” pokna.

          “Tah, éta téh salasahiji tatakrama dina naék jeung turun tina mobil.”
          “Naon ari tatakrama téh, Mah?” Atia nanya deui.
          “Tétéh terang! Tatakrama téh aturan sopan santun téa, nya?” omong lanceukna, haget mangjawabkeun.
          “Leres. Sakumaha ceuk Si Tétéh, tatakrama téh mangrupa aturan sopan santun dina hirup kumbuh sapopoé. Tatakrama téh jembar pisan. Lain ngan dina naékturun mobil baé, dina nyarita, waktu nyémah, dina maké papakéan, waktu dahar, anggah-ungguh awak, ngaliwat ka hareupeun jalma...,” ceuk indungna, ngécéskeun.

         “Dina waktos natamu atawa nyémah kumaha, Mah?”
         “Tatakrama dina natamu di antarana, ngucapkeun salam, punten, atawa ngetrok panto tilu kali.”
         “Ari dina dangdosan?” ceuk Atia, bangun beuki panasaran.
         “Sarua, aya tatakramana. Nya di antarana, papakéan anu dipaké ku urang téh kudu diluyukeun kana waktu jeung situasina.”
         “Mah, ari hubungan tatakrama sareng atikan moral...kumaha?” lanceukna milu nanya.
         “Ari kitu?” malik nanya, giliran indungna ngembang kadu. Dina haté indungna aya rasa reueus duméh si Tétéh, lanceukna Atia nu kakara kelas tujuh SMP ngajukeun pananya anu kaitung alus jeung munel saperti kitu.
         “Wiréhna Bapa Guru di sakola kantos nyabit-nyabit sual éta,” jawabna.
         “Hubungan tatakrama jeung atikan moral téh pohara raketna. Malah bisa disebutkeun tatakrama téh bagian tina atikan moral! Kapan nu disebut moral téh nyaéta ahlak, ajaran ngeunaan laku lampah hadé jeung goréng,” ceuk indungna, “Tos heula, nya...Mamah badé salat asar heula.”

B. Perkara Paguneman
         Wacana “Indung jeung Anak” di luhur téh mangrupa paguneman (dialog) antara Atia, lanceukna (Tétéh), jeung indungna. Ari nu jadi bahan gunemanana nyaéta ngeunaan tatakrama dina kahirupan sapopoé nu kapanggih waktu piknik ka Maribaya. Lamun seug dibaca kalawan lentong anu merenah, karasa ayana suasana loma tapi santun. Dina paguneman, lentong (luhur handapna sora) jadi karasa pentingna, malah bagian tina tatakrama ogé.
          Salian ti lentong, dina paguneman kudu diperhatikeun ogé tatakrama basana nu ngawengku basa lemes jeung basa loma. Basa atawa kekecapan nu dipaké dina wacana di luhur sagemblengna ngagunakeun basa lemes. Naha kudu salilana dina guneman atawa obrolan ngagunakeun basa lemes? Ah nya henteu, gumantung jeung saha urang ngobrolna. Ari ngobrol jeung babaturan nu geus dalit mah meunang maké basa loma saperti indit, saré, dahar ogé. Dina harti, sok sanajan tatakrama basa
téh tujuanana pikeun silihajénan, lain hartina maké basa loma teu ngajénan.
          Salian ti kudu merhatikeun lentong jeung tatakrama basa (undak-usuk basa), dina paguneman ogé kudu dibarengan ku rengkuh jeung pasemon anu merenah. Ieu ogé diluyukeun kana waktu jeung situasina. Cindekna, jeung saha urang ngobrol (babaturan, sahandapeun, atawa saluhureun) kaasup dina situasi kumaha-kumahana kudu diluyukeun kana rengkuh katut pasemon anu merenah. Situasi urang keur ambek tangtu boh basa boh rengkuhna bakal béda upama dibandingkeun jeung situasi séjén, upamana waé dina diskusi.

Ngajawab pananya. (Pigawe dina Buku Tugas)
1. Nanyakeun naon Atia ka indungna téh?
2. Ari nu dipikareueus ku indungna saha?
3. Saha waé anu kalibet dina éta paguneman?
4. Naon nu jadi téma dina éta paguneman téh?
5. Tatakrama téh jembar. Cik terangkeun!
6. Ari tatakrama dina nyarita kudu kumaha?
7. Naon sababna tatakrama diperlukeun dina kahirupan?
8. Cik kumaha kira-kirana lamun jalma teu boga tatakrama?

C. Paguneman dina Diskusi

Baca paguneman diskusi ieu di handap!

Panumbu Catur : Saparantos narasumber ngadugikeun makalahna, salajengna para pamilon
dipasihan kasempetan kanggo ngadugikeun patarosan. Urang bagi 3 termin waé, termin kahiji tilu jalmi, termin kadua tilu jalmi, lajeng termin katilu kanggo dua jalmi margi waktosna bilih teu nyekapan. Mangga kanggo termin kahiji…
Pamilon 1 : Naon nu ngalantarankeun masarakat teu disiplin di tempat umum?
Pamilon 2 : Naha perlu masarakat nu ngalanggar aturan keuna ku sangsi?
Pamilon 3 : Sim kuring moal ngajengkeun patarosan, tapi badé ngadugikeun pamadegan yén timbulna rupa-rupa kateuberésan téh akibat aparat henteu tegas!
Panumbu Catur : Salajengna mangga ka pangersa narasumber kanggo ngawaler.
Pangjejer : Hatur nuhun… haduh patarosan kalintang saéna. Urang waler sakaligus waé. Naon           sababna masarakat teu disiplin, sapertos miceun runtah, dagang di trotoar, parkir sakarepna, jst. Tadi tos disabit, di antarana balukar teu kungsi meunang kabiasaan disiplin di kulawargana, leres ari numutkeun aturan mah mémang tos aya peraturan daérah (perda) nu sangsina dibui atawa denda, tapi kan henteu gampil kitu waé. Sim kuring gé panuju kana pamadegan yén aparat henteu tegas, tapi bisa jadi aya pertimbangan-pertimbangan séjén. Upamana waé, padagang kaki lima dirajia, tangtu sanggeus dirajia kudu aya solusina.
Panumbu Catur : Hatur nuhun ka narasumber anu parantos ngawaler, rupina sugema teu sugema         kedah sugema kana waleran narasumber, salajengna kanggo termin kadua, mangga dihaturananan.
……………………………………………………………………………………

D. Ciri-Ciri Paguneman

1. Paguneman teh mangupa kagiatan komunikasi lisan/tuturan antara dua urang atawa leuwih.
2. Paguneman ditulis winangun kalimah-kalimah langsung anu dicirian ku ayana tanda kekenteng
    atanapi tanda kutif ("..........") dina kalimahna
3. Bahasa nu digunakeun dumasar situasi, iraha jeung dimana paguneman eta lumangsung. samodel
    paguneman ngobrol biasa bakal beda jeung paguneman dina diskusi. Utamana dina sikep jeung
    bahasa nu dipakena.

E. Nyusun Paguneman
Pancen: Susun hiji paguneman pondok anu caritana hidep/siswa nyaritakeun ka kolot di imah yen tadi basa di jalan aya babaturan anu katabrak motor.

F. Kabeungharan Kecap
1. Paguneman: Kagiatan ngobrol/komunikasi antara dua urang atawa leuwih dina rupa-rupa situasi
2. Piknik: kagiatan ka hiji tempat wisata anu tujuana pikeun nyenangkeun hate.
3. Daria: bener-bener dina merhatikeun atawa migawena (B.Ind=sungguh-sungguh)
4. neuteup: ningali anteb bari semu anu panasaran
5. Tatakrama: aturan dina tingkah laku atawa sopan-santun ka batur
6. jembar: lega (B.Ind=luas)
7. atikan: didikan/pendidikan
8. atikan moral: pendidikan nu patali jeung laku lampah hade/sopan santun/etika
9. ngembang kadu: colohok sabab aya rasa kaget
10. reueus: rasa hate anu bungah/bangga/agul
11. munel: eusina atawa hasilna alus
12. raket: dalit/deukeut pisan

Sanggeusna neuleman ieu materi kerjakeun sual QUIS ONLINE DINA TAB SOAL QUIS KLS 7 SUB QUIS PANGAJARAN 7.1 (Paguneman)




Tidak ada komentar:

Posting Komentar