src="" width="300" height="200" />
Allaahumma inni a'uudzubika min 'adzaabil qabri wa min 'adzaabinnaari jahannama wa min fitnatil mahyaa wal mamaati wa min fitnatil masiihid dajjaal. Artinya: "Ya Allah, sesungguhnya aku berlindung kepadaMu dari adzab Jahannam, dari adzab kubur, dari fitnah kehidupan dan kematian, dan dari keburukan fitnah Dajjal."
Wilujeng Sumping Pamiarsa di SMP NEGERI 2 CIPONGKOR WASPADA COVID-19

22 Mar 2016

Pangajaran 8.1 (Ngaregepkeun Kakawihan)

Ngaregepkeun Kawih

Regepkeun kawih-kawih ieu di handap!







Sabilulungan

Sabilulungan dasar gotong- royong
sabilulungan dasar silihrojong
sabilulungan genténg ulah potong
sabilulungan persatuan témbong
Tohaga
rohaka
teguh tanggoh perbawa sabilulungan
sadia
sajiwa
segut singkil ngabasmi pasalingsingan
Sabilulungan hirup sauyunan
sabilulungan silihpikahéman
sabilulungan tulung tinulungan
sabilulungan kukuh persatuan
Santosa
samakta
teuneung ludeung ngajaring kawibawaan
saihwan
sapaham

nagri nanjung berekah sabilulungan


Pahlawan Toha

Getih suci nyiram bumi
tulang sétra mulang lemah
babakti sungkem pertiwi
cikal bugang putra bangsa

Nyatana Muhamad Toha
pahlawan Bandung Selatan
patriot ti Dayeuh Kolot
tugu diwangun ngajadi ciri
taraté nu mangkak ligar di émpang
Muhammad Toha jadi bukti gugurna pahlawan bangsa

Mahamkeun Eusi Kawih
1. Eusi Kawih
Kawih Sunda téh loba pisan rupana. Aya anu dipirig ku calung, ku degung, kacapi suling, malah anu
dipirig ku keyboard jeung gitar ogé loba. Jejer/témana ogé rupa-rupa deuih. Aya nu nyaritakeun kapahlawan, cinta, kahirupan masarakat, kaéndahan alam, cinta lemah cai, rupa-rupa kadaharan, jsb. Jejer kawih anu judulna “Pahlawan Toha” mah ngeunaan kapahlawanan. Eusina nyaritakeun kajadian gugurna Muhamad Toha salasaurang pahlawan pajoang kamerdékaan ti Jawa Barat. Kajadian ieu téh kawangikeun
ka sakuliah Nusantara. Kumaha gedéna jasa Muhamad Toha, kagambar dina rumpaka kawih. Muhamad Toha dianggap maot sahid dina kaayaan suci. Pan disebutna ogé : getih suci nyiram bumi/tulang sétra mulang lemah. Rumpaka getih suci jeung tulang sétra nganggap yén maotna dina kaayaan sahid. Satuluyna Muhamad Toha gé disebut cikal bugang putra bangsa. Ieu rumpaka nétélakeun Muhamad Toha téh dianggap korban munggaran di pangperangan. Sana-jan saméméhna tangtu baé geus loba nu jadi korban perang, tapi ku gedé-gedéna jasa Muhamad Toha dina mangsa perjoangan nepi ka dianggap cikal bugangna putra bangsa. Pantes rék kitu ogé, kapan Muhamad Toha téh ngorbankeun dirina sorangan waktu ngahuru gudang mesiu. Dina pada kadua, ieu kawih téh nyaritakeun yén Muhamad Toha téh urang Dayeuh Kolot, Bandung Selatan. Pikeun pangéling-éling kana jasana, diwangun tugu anu dikurilingan ku émpang pinuh kembang taraté. Éta tugu téh perenahna di sisi lapang di Dayeuh Kolot.

Latihan 1
Pikeun nambahan pangaweruh ngeunaan kawih,
jawab pananya di handap!
1. Sebutkeun kawih-kawih anu témana rupa-rupa kadaharan minimal lima judul!
2. Sebutkeun kawih-kawih anu témana kaéndahan alam minimal lima judul!
3. Sebutkeun kawih-kawih anu témana ngeunaan cinta minimal lima judul!
4. Sebutkeun kawih séjénna anu témana kapahlawanan minimal lima judul!
5. Saha Muhammad Toha téh? Caritakeun kalawan jéntré naon jasana ka nagara!
6. Naha Muhamad Toha dianggap korban munggaran di pangperangan?
7. Naha Muhamad Toha dianggap maot sahid?
8. Kumaha perasaan hidep sabada maca rumpaka kawih Pahlawan Toha?
9. Keur naon diwangun tugu anu dikuriling ku émpang pinuh kembang taraté?
10. Sebutkeun pahlawan Jawa Barat séjénna anu kungsi kasebut dina kawih!

Purwakanti dina Kawih

Basa anu digunakeun dina kawih, biasana karasa pisan kaéndahanana. Lian ti kekecapanna meunang milihan téh, ogé leubeut ku purwakanti. Ku ayana purwakanti, beuki karasa baé éndahna basa téh. Ari nu dimaksud purwakanti téh padeukeutna sora dina tungtung kecap atawa kalimah. Jadi, sarupaning mamanis basa nu diudagkeun kana sora, boh vokal boh konsonan.

Dina kawih Pahlawan Toha, leubeut pisan ku purwakanti, boh dina jajaranna boh dina gundukanana. Geura urang cutat deui kawihna!
• Getih suci nyiram bumi (murwakanti dina sora i)
• tulang sétra mulang lemah (murwakanti dina sora a)
• babakti sungkem pertiwi (murwakanti dina sora i)
• cikal bugang putra bangsa (murwakanti dina sora a)
• Nyatana Muhamad Toha (murwakanti dina sora a)
• pahlawan Bandung Selatan (murwakanti dina sora a)
• patriot ti Dayeuh Kolot (murwakanti dina sora o)
• tugu diwangun ngajadi ciri (murwakanti dina sora u jeung i)
• taraté nu mangkak ligar di émpang (murwakanti dina sora a)
• jadi ciri gugurna pahlawan bangsa (murwakanti dina sora i jeung a)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar