src="" width="300" height="200" />
Allaahumma inni a'uudzubika min 'adzaabil qabri wa min 'adzaabinnaari jahannama wa min fitnatil mahyaa wal mamaati wa min fitnatil masiihid dajjaal. Artinya: "Ya Allah, sesungguhnya aku berlindung kepadaMu dari adzab Jahannam, dari adzab kubur, dari fitnah kehidupan dan kematian, dan dari keburukan fitnah Dajjal."
Wilujeng Sumping Pamiarsa di SMP NEGERI 2 CIPONGKOR WASPADA COVID-19

21 Mar 2016

Pangajaran 1

Baca dina jero hate sing gemet paguneman antara indung jeung anak ieu di handap !

                    Indung jeung Anak

“Mah, aya nu badé ditaroskeun,” ceuk Atia.
“Naroskeun naon? Ké, Mamahna capé kénéh,” jawab indungna. Geus biasa, lamun tas nyanyabaan, Atia mah sok tetelepék ngeunaan naon-naon anu katénjo atawa nu kaalaman, boh di perjalanan boh di tempat nu dituju. Harita ogé kakara jol pisan tas piknik ti Maribaya.
“Sok, badé naroskeun naon? Mani bangun daria,” ceuk indungna deui, bari neuteup… bréh budak téh mani ngembang céngék.
“Kieu, Mah..., naon margina ari naék mobil sok istri heula, ari lungsur sok pameget heula. Geuning tadi ogé, basa naék angkot, Bapa mah ti pengker naékna...lungsurna mah ti payun,” pokna.
“Tah, éta téh salasahiji tatakrama dina naék jeung turun tina mobil.”
“Naon ari tatakrama téh, Mah?” Atia nanya deui.
“Tétéh terang! Tatakrama téh aturan sopan santun téa, nya?” omong lanceukna, haget mangjawabkeun.
“Leres. Sakumaha ceuk Si Tétéh, tatakrama téh mangrupa aturan sopan santun dina hirup kumbuh
sapopoé. Tatakrama téh jembar pisan. Lain ngan dina naékturun mobil baé, dina nyarita, waktu nyémah, dina maké papakéan, waktu dahar, anggah-ungguh awak, ngaliwat ka hareupeun jalma...,” ceuk indungna, ngécéskeun.
“Dina waktos natamu atawa nyémah kumaha, Mah?”
“Tatakrama dina natamu di antarana, ngucapkeun salam, punten, atawa ngetrok panto tilu kali.”
“Ari dina dangdosan?” ceuk Atia, bangun beuki panasaran.
“Sarua, aya tatakramana. Nya di antarana, papakéan anu dipaké ku urang téh kudu diluyukeun kana waktujeung situasina.”
“Mah, ari hubungan tatakrama sareng atikan moral... kumaha?” lanceukna milu nanya.
“Ari kitu?” malik nanya, giliran indungna ngembang kadu. Dina haté indungna aya rasa reueus duméh si Tétéh, lanceukna Atia nu kakara kelas tujuh SMP ngajukeun pananya anu kaitung alus jeung munel saperti kitu.
“Wiréhna Bapa Guru di sakola kantos nyabit-nyabit sual éta,” jawabna.
“Hubungan tatakrama jeung atikan moral téh pohara raketna. Malah bisa disebutkeun tatakrama téh bagian tina atikan moral! Kapan nu disebut moral téh nyaéta ahlak, ajaran ngeunaan laku lampah hadé jeung goréng,” ceuk indungna, “Tos heula, nya...Mamah badé salat asar heula.”.

Pedaran
         Wacana “Indung jeung Anak” di luhur téh mangrupa paguneman (dialog) antara Atia, lanceukna (Tétéh), jeung indungna. Ari nu jadi bahan gunemanana nyaéta ngeunaan tatakrama dina kahirupan sapopoé nu kapanggih waktu piknik ka Maribaya. Lamun seug dibaca kalawan lentong
anu merenah, karasa ayana suasana loma tapi santun.
Dina paguneman, lentong (luhur handapna sora) jadi karasa pentingna, malah bagian tina tatakrama ogé. Salian ti lentong, dina paguneman kudu diperhatikeun ogé tatakrama basana nu ngawengku basa
lemes jeung basa loma. Basa atawa kekecapan nu dipaké dina wacana di luhur sagemblengna ngagunakeun basa lemes. 
Naha kudu salilana dina guneman atawa obrolan ngagunakeun basa lemes? Ah nya henteu, gumantung jeung saha urang ngobrolna. Ari ngobrol jeung babaturan nu geus dalit mah meunang maké basa loma saperti indit, saré, dahar ogé. Dina harti, sok sanajan tatakrama basa téh tujuanana pikeun silihajénan, lain hartina maké basa

         Salian ti kudu merhatikeun lentong jeung tatakrama basa (undak-usuk basa), dina paguneman ogé kudu dibarengan ku rengkuh jeung pasemon anu merenah. Ieu ogé diluyukeun kana waktu jeung situasina. Cindekna, jeung saha urang ngobrol (babaturan, sahandapeun, atawa saluhureun) kaasup dina situasi kumaha-kumahana kudu diluyukeun kana rengkuh katut pasemon anu merenah. Situasi urang keur ambek tangtu boh basa boh rengkuhna bakal béda upama dibandingkeun jeung situasi séjén, upamana waé dina diskusi.

Tina hasil maca "Indung jeung Anak" jawab patalekan ieu di handap!
1. Nanyakeun naon Atia ka indungna téh?
2. Ari nu dipikareueus ku indungna saha?
3. Saha waé anu kalibet dina éta paguneman?
4. Naon nu jadi téma dina éta paguneman téh?
5. Tatakrama téh jembar. Cik terangkeun!
6. Ari tatakrama dina nyarita kudu kumaha?
7. Naon sababna tatakrama diperlukeun dina kahirupan?
8. Cik kumaha kira-kirana lamun jalma teu boga tatakrama?

Tidak ada komentar:

Posting Komentar