src="" width="300" height="200" />
Allaahumma inni a'uudzubika min 'adzaabil qabri wa min 'adzaabinnaari jahannama wa min fitnatil mahyaa wal mamaati wa min fitnatil masiihid dajjaal. Artinya: "Ya Allah, sesungguhnya aku berlindung kepadaMu dari adzab Jahannam, dari adzab kubur, dari fitnah kehidupan dan kematian, dan dari keburukan fitnah Dajjal."
Wilujeng Sumping Pamiarsa di SMP NEGERI 2 CIPONGKOR WASPADA COVID-19

18 Apr 2016

GUGURITAN

Regepkeun guguritan pupuh ieu di handap!



Cing ayeuna bedakeun jeung pupuh anu ieu!


Tembang anu kahiji ngarana Pupuh Kinanti sedengkeun anu kadua mah Pupuh Sinom. Duanana kaasup karangan anu sok disebut guguritan. Naon sababna? Ku sabab karangan di luhur ditulisna make patokan atawa aturan pupuh. Mangkana lamun baheula mah carita-carita nu ditulis teh sok ditembangkeun ku wangun pupuh. Lamun nu ditulisna make patokan hiji pupuh bari pondok sok disebut Guguritan. Tapi lamun ditulisna make patokan dua atawa leuwih pupuhna sarta panang (nepi ka ratusan pada/bait)sok disebut Wawacan. Saperti di luhur mah karanganana ngan sarupa pupuhna nu kahiji pupuh Kinanti, nu kadua pupuh Sinom, mangkana disebutna Guguritan. 

Dina carita-carita sejen anu leuwih panjang mah pupuhna oge sok leuwih loba. Mangkana carita nu saperti kieu mah sok disebut Wawacan. Contona saperti Wawacan Lutung Kasarung, Wawacan Panji Wulung, Wawacan Rengganis, jeung rea deui. Patali guguritan mah ke urang guar deui dina pangaaran saterusna. Ari ayeuna mah urang museur bae kana Guguritanana, hususna dua pupuh tadi anu ditembangkeun.

Dina guguritan anu kahiji ngagunakeun aturan Pupuh Kinanti. Naon wae tah patokan dina pupuh Kinanti teh? Patokan umum dina pupuh, ngawengku hal-hal saperti:
1. Aturan jumlah baris/jajaran dina satiap pada/bait
2. Aturan jumlah engang (suku kata) dina satiap baris/jajaran
3. Aturan sora vokal dina satiap tungtung engang dina tiap baris
4. Aturan watek atawa eusi pupuh 

 Guguritan teh asal kecapna tina gurit, kecap pulung tina Sangsekerta Garth anu hartina nyusun karangan (Faturohman, 1983:20)*. Dina basa sunda guguritan teh ngarupakeun karangan-ugeran (puisi) anu diuger ku patokan Pupuh. Salianti guguritan karangan anu kauger ku pupuh teh nya eta Wawacan. Ari bedana guguritan diwangun ku sababaraha Pada (bait), ari wawacan mah diwangun ku ratusan malahan rebuan pada. Numutkeun Faturohman, guguritan dina basa Sunda teh mangrupa seni sampeuran ti seni budaya Mataram, sareundeuk jeung dierehna (dijajahna) tanah Sunda ku karajaan Mataram sanggeus nagara Pajajaran runtag taun 1579 M.
Seueur Guguitan anu di anggit ku pangarang Sunda, kitu deui wawacan. Diantarana Guguritan yasana Muhammad Sanusi dimuat dalam Padjadjaran (Oktober 1919). Kitu deui Wawacan ‘Purnama Alam’ yasana R. Soeriadiredja, ‘Pandji Wulung’ yasana RH.Muhammad Musa. Wawacan nu sejenna diantaran : Angling Darma, Istri Sjajati, Danumaya, Ganaswara, Lutung Kasaraung, Bermana Sakti. Pangarang kahot bapa Yus Rusyana sareng garwana ibu Ami Raksanagara kantos nalungtik ngeunaan guguritan / wawacan ieu, namung hasilna masih keneh teraskeuneun, sabab ‘hasilna can nyugemakeun’ kitu numutkeun bapa Ajip Rosidi (20 Juli 1983)ngeunaan panalungtikan Pa Yus Rusyana kasebat.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar