src="" width="300" height="200" />
Allaahumma inni a'uudzubika min 'adzaabil qabri wa min 'adzaabinnaari jahannama wa min fitnatil mahyaa wal mamaati wa min fitnatil masiihid dajjaal. Artinya: "Ya Allah, sesungguhnya aku berlindung kepadaMu dari adzab Jahannam, dari adzab kubur, dari fitnah kehidupan dan kematian, dan dari keburukan fitnah Dajjal."
Wilujeng Sumping Pamiarsa di SMP NEGERI 2 CIPONGKOR WASPADA COVID-19

24 Apr 2016

BAHAN AJAR KELAS VII

POKO-POKO MATERI KELAS VII


A. PANGAJARAN 7.1 (PAGUNEMAN)
  1. Maca dina Jero Hate
  2. Perkara Paguneman
  3. Conto Paguneman dina Diskusi
  4. Ciri Kalimah dina Paguneman
  5. Nyusun Paguneman 
  6. Kabeungharan Kecap
B. PANGAJARAN 7.2 (KAULINAN BARUDAK)
  1. Maca dina Jero Hate
  2. Kakawihan Kaulinan Barudak
  3. Nembangkeun Kakawihan Oray-Orayan
  4. Kabeungharan Kecap
C. PANGAJARAN 7.3 (WAWARAN JEUNG IKLAN LAYANAN MASARAKAT)
  1. Maca Wawaran
  2. Maca Iklan Tinulis
  3. Ngaregepkeun Iklan dina Radio
  4. Ngabandungan Iklan dina TV
  5. Perkara Wawaran jeung Iklan
  6. Kabeungharan Kecap
D. PANGAJARAN 7.4 (PANGALAMAN PRIBADI)
  1. Maca Pangalaman Pribadi
  2. Catetan Poean
  3. Bedana Carita Pangalaman Pribadi jeung Catetan Poean
  4. Padika Nyusun Pangalaman Pribadi
  5. Nulis Pangalaman Pribadi
  6. Nulis Catetan Poean
  7. Kabeungharan Kecap
E. PANGAJARAN 7.5 (DONGENG)
  1. Maca Dongeng Sasatoan
  2. Maca Dongeng Si Kabayan
  3. Perkara Dongeng
  4. Nyaritakeun Dongeng nu Dibaca
  5. Kabeungharan Kecap
F. PANGAJARAN 7.6 (SAJAK)
  1. Maca Sajak
  2. Perkara Sajak
  3. Nulis Sajak
  4. Deklamasi Sajak
  5. Kabeungharan Kecap
G. PANGAJARAN 7.7 (PUPUJIAN)
  1. Ngaregepkeun Pupujian
  2. Nadomkeun Pupujian Babarengan
  3. Perkara Pupujian
  4. Eusi Pupujian
  5. Kabeungharan Kecap
H. PANGAJARAN 7.8 (NULIS AKSARA SUNDA)
  1. Nulis Aksara Sunda
  2. Maca Aksara Sunda
  3. Kabeungharan Kecap




    21 Apr 2016

    Pangajaran 4

    Biantara dina Acara Paturay Tineung

    Assalamu'alaikum Wr. Wb

    Puji Sinareng Sukur Kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci.  Alhamdulillah dina denget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni upicara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar tilu taun.


    Bapa kalih Ibu, hadirin sadaya anu dipihormat.
    Sim kuring ngadeg di ieu tempat minangka wawakil ti rerencangan kelas tilu, hoyong cumarios ngedalkeun kareteg angan. Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelak . Asa kamari keneh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayuena tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah neraskeun deui lalampahan  geusan ngahontal hareupan sareng cita-cita. Kantenan bae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di dieu, di sakola urang nu tumaninah tur pikabeutaheun, sim kuring saparakanca diajar neangan elmu. Ruang-riung boh di kelas boh dina rupa-rupa kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan. Tangtos bae eta sadayana bakal jadi 'katineung' nu moal kahihilapkeun. Atuh kasaean Bapa kalih Ibu Guru sadayana, elmu pangaweruhna anu didugikeun kasim kuring saparakanca, tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun. Kalayan diaping dididik ku Ibu Bapa Guru pisan sim kuring saparakanca gaduh elmu nu mangpaat. Dituduhkeun nu sae sareng nu awon, nu leres sareng nu lepat, nu poek sareng nu caang. teu aya nu tiasa kapisanggem, iwal ti hatur sewu nuhun kana pirang-pirang kasaean Ibu kalih Bapa Guru sadayana. Sim kuring saparakanca teu tiasa males eta kasaean, anging ngedalkeun du'a, pamugi rupining elmu parantos dipaparinkeun, kenging ganjaran nu ageung mangtikel-tikel ti Gusti nu maha suci.


    Atuh salami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola, kantenan bae seueur pisan kalepatan. Seueur pisan sikep sareng nyuhunkeun di hapunten tina samudaya kalepatan kaluluputan. Pamungkas, sim kuring saparakanca nyuhunkeun pidu's ti Ibu kalih Bapa Guru sadayana, pamugi sadaya alumni nu lulus taun ieu tiasa neraskeun sakola. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukeruk elmu di tingkat nu langkung luhur..

    Meser kaos dimeteran,
    meser sendal sareng pita,
    Abdi mios rek pamitan,
    rek ngahontal cita-cita.
     

    Kamari mawa ragaji,
    ayeuna rek mawa kisa,
    Kamari urang ngahiji,
    ayeuna urang papisah.
     


    Rupina sakitu nu kapihatur. Hapunteun bilih aya basa nu kirang merenah larapna, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah.
    Wabilahi taufik wal hidayah. Wassalamu'alaikum Wr. Wb

    20 Apr 2016

    Bahan Ajar Kelas 8

    MATERI-MATERI POKO (BAHAN AJAR) BAHASA SUNDA KELAS 8 SMP


       KAWIH
      WARTA
      GUGURITAN
      SISINDIRAN
      DRAMA SISINDIRAN
      BIANTARA
      KARANGAN BAHASAN (EKSPOSISI)
      SURAT DIN
      CARITA PONDOK
                         
                        POKOK-POKOK MATERI KAWIH:
    1.       NGAREGEPKEUN KAWIH NU JUDULNA: MANUK DADALI JEUNG SABILULUNGAN
    2.       NEMBANGKEUN SALAHSAHIJI KAWIH SACARA KELOMPOK
    3.       NGAMANAAN KECAP-KECAP NU TEU KAHARTI
    4.       LATIHAN NGAGUNAKEUN KECAP-KECAP NU GEUS DIHARTIKEUN KANA KALIMAH
    5.       NGANALISIS  UNSUR-UNSUR KAWIH: JUDUL KAWIH, TEMA KAWIH, EUSI KAWIH, KAENDAHAN    BASA DINA KAWIH

    POKO-POKO MATERI WARTA
    1.       MACAKEUN WARTA KALAYAN MERENAH
    2.       NYEBUTKEUN JEJER ATAWA TEMA WARTA
    3.       NULIS/NYIEUN RINGKESAN WARTA
    4.       NYIEUN RUMUSAN / BAHAN PIWARTAEUN KU MANGRUPA KALIMAH-KALIMAH PATALEKAN

    MAHAM GUGURITAN
    1.       NEMBANGKEUN PUPUH
    2.       MAHAM EUSI PUPUH NU DITEMBANGKEUN
    3.       STRUKTUR PUPUH
    4.       LATIHAN NULISKEUN / NYIEUN PUPUH

    SISINDIRAN
    1.       MACA SISINDIRAN DINA PAGUNEMAN
    2.       STRUKTUR SISINDIRAN
    3.       NULIS/NYIEUN SISINDIRAN

    BIANTARA
    1.       MACA BIANTARA
    2.       STRUKTUR BIANTARA
    3.       NYUSUN/NULIS BIANTARA

    NULIS SURAT
    1.       MACA SURAT DINES
    2.       MACA SURAT PRIBADI
    3.       MACA SURAT ONDANGAN HAJAT
    4.       MEDAR PERKARA SURAT

    CARITA PONDOK
    1.       MACA CARITA PONDOK
    2.       MEDAR CARITA PONDOK
    3.       NULIS CARITA PONDOK TINA PANGALAMAN PRIBADI