Assalamu'alaikum
Wr. Wb
Puji Sinareng Sukur Kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Alhamdulillah
dina denget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni
upicara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu
sakola sabada tamat diajar tilu taun.
Bapa kalih Ibu, hadirin sadaya anu dipihormat.
Sim kuring ngadeg di ieu tempat minangka wawakil ti rerencangan kelas tilu,
hoyong cumarios ngedalkeun kareteg angan. Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelak
. Asa kamari keneh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayuena
tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah neraskeun deui lalampahan geusan ngahontal hareupan sareng cita-cita.
Kantenan bae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal
janten panineungan. Di dieu, di sakola urang nu tumaninah tur pikabeutaheun,
sim kuring saparakanca diajar neangan elmu. Ruang-riung boh di kelas boh dina
rupa-rupa kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan.
Tangtos bae eta sadayana bakal jadi 'katineung'
nu moal kahihilapkeun. Atuh kasaean Bapa kalih Ibu Guru sadayana, elmu
pangaweruhna anu didugikeun kasim kuring saparakanca, tangtos bakal nyerep dina
angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun. Kalayan diaping dididik ku Ibu
Bapa Guru pisan sim kuring saparakanca gaduh elmu nu mangpaat. Dituduhkeun nu
sae sareng nu awon, nu leres sareng nu lepat, nu poek sareng nu caang. teu aya
nu tiasa kapisanggem, iwal ti hatur sewu nuhun kana pirang-pirang kasaean Ibu
kalih Bapa Guru sadayana. Sim kuring saparakanca teu tiasa males eta kasaean,
anging ngedalkeun du'a, pamugi rupining elmu parantos dipaparinkeun, kenging
ganjaran nu ageung mangtikel-tikel ti Gusti nu maha suci.
Atuh salami sim kuring saparakanca
diajar di ieu sakola, kantenan bae seueur pisan kalepatan. Seueur pisan sikep
sareng nyuhunkeun di hapunten tina samudaya kalepatan kaluluputan. Pamungkas,
sim kuring saparakanca nyuhunkeun pidu's ti Ibu kalih Bapa Guru sadayana,
pamugi sadaya alumni nu lulus taun ieu tiasa neraskeun sakola. Lungsur-langsar
teu aya halangan-harungan, nyukeruk elmu di tingkat nu langkung luhur..
Meser kaos dimeteran,
meser sendal sareng pita,
Abdi mios rek pamitan,
rek ngahontal cita-cita.
Kamari mawa ragaji,
ayeuna rek mawa kisa,
Kamari urang ngahiji,
ayeuna urang papisah.
Rupina sakitu nu kapihatur.
Hapunteun bilih aya basa nu kirang merenah larapna, bilih aya kalimah nu teu
raos kana manah.
Wabilahi taufik wal hidayah. Wassalamu'alaikum Wr. Wb
Tidak ada komentar:
Posting Komentar