Biantara Paturay Tineung
Bismillahirrohmanirrohim
Assalamu'alaikum Wr. Wb
Alhamdulillahirobbil'alamin, wabihinastainu'alaumuriddunya waddin, wa'ala alihi waashabihi azma'in. Ribbisrohli sodri wayasirli amri wakhlul ukdatammilisani yapqohul qaoli.
Puji Sinareng Sukur Kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci, ku ayana rohmat ti manten-Na, urang sadaya tiasa ngempel dina ieu waktos kalayan dina kaayaan sehat walafiat.
Oge teu hilap, solawat miwah salam mugia ditetepkeun ka jungjunan alam, habibana, wanabiyana, Muhammad SAW. Pon kitu deui teu kakantun ka kulawargana, ka parasohabatna, ka paratabi'it tabi'inna, tug dugi ka urang sadayana salaku umat manten-Na dugi ka ahir jaman. Ammin Ya Alloh Ya Robbal 'alamin.
Alhamdulillah dina
denget ieu urang sadayana tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni upicara
Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola
sabada tamat diajar tilu taun.
Bapa kalih Ibu, hadirin sadaya anu
dipihormat.
Sim kuring ngadeg di ieu tempat minangka wawakil ti rerencangan kelas tilu,
hoyong cumarios ngedalkeun kareteg angan. Mungguh ari waktu asa nyeak pisan
sajorelak . Asa kamari keneh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu
sakola, ayuena tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah neraskeun
deui lalampahan geusan ngahontal
hareupan sareng cita-cita. Kantenan bae salami tilu taun diajar di ieu sakola,
seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di dieu, di sakola urang nu tumaninah
tur pikabeutaheun, sim kuring saparakanca diajar neangan elmu. Ruang-riung boh di
kelas boh dina rupa-rupa kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng
rerencangan. Tangtos bae eta sadayana bakal jadi 'kenangan' nu moal
kahihilapkeun. Atuh kasaean Bapa kalih Ibu Guru sadayana, elmu pangaweruhna anu
didugikeun kasim kuring saparakanca, tangtos bakal nyerep dina angen, janten
obor nu nyaangan jalan sorangeun. Kalayan diaping dididik ku Ibu Bapa Guru
pisan sim kuring saparakanca gaduh elmu nu mangpaat. Dituduhkeun nu sae sareng
nu awon, nu leres sareng nu lepat, nu poek sareng nu caang. teu aya nu tiasa
kapisanggem, iwal ti hatur sewu nuhun kana pirang-pirang kasaean Ibu kalih Bapa
Guru sadayana. Sim kuring saparakanca teu tiasa males eta kasaean, anging
ngedalkeun du'a, pamugi rupining elmu parantos dipaparinkeun, kenging ganjaran
nu ageung mangtikel-tikel ti Gusti nu maha suci.
Atuh salami sim kuring saparakanca
diajar di ieu sakola, kantenan bae seueur pisan kalepatan. Seueur pisan sikep
sareng nyuhunkeun di hapunten tina samudaya kalepatan kaluluputan. Pamungkas,
sim kuring saparakanca nyuhunkeun pidu's ti Ibu kalih Bapa Guru sadayana,
pamugi sadaya alumni nu lulus taun ieu tiasa neraskeun sakola. Lungsur-langsar
teu aya halangan-harungan, nyukeruk elmu di tingkat nu langkung luhur..
Meser kaos dimeteran,
meser sendal sareng pita,
Abdi mios rek pamitan,
rek ngahontal cita-cita.
Kamari mawa ragaji,
ayeuna rek mawa kisa,
Kamari urang ngahiji,
ayeuna urang papisah.
Rupina sakitu nu kapihatur. Mudah-mudahan rupi hal nu didugikeun aya guna sinareng mangfaatna husus kanggo pribadi sim kuring, umumna kanggo urang sadayana. Oge teu hilap, bilih aya basa nu kirang merenah, bilih aya kalimah nu teu
raos kana manah. Bobo sapanon carang sapakan, mugia bae ngahapunten.
Wabilahi taufik wal hidayah. Wassalamu'alaikum Wr. Wb
Tidak ada komentar:
Posting Komentar