src="" width="300" height="200" />
Allaahumma inni a'uudzubika min 'adzaabil qabri wa min 'adzaabinnaari jahannama wa min fitnatil mahyaa wal mamaati wa min fitnatil masiihid dajjaal. Artinya: "Ya Allah, sesungguhnya aku berlindung kepadaMu dari adzab Jahannam, dari adzab kubur, dari fitnah kehidupan dan kematian, dan dari keburukan fitnah Dajjal."
Wilujeng Sumping Pamiarsa di SMP NEGERI 2 CIPONGKOR WASPADA COVID-19

25 Apr 2016

PANGAJARAN 8.2 (WARTA)


A. Macakeun Warta Kalayan Merenah

     Regepkeun sarta Perhatikeun Tayangan ieu di handap!


    Tah tayangan di luhur teh disebutna Warta anu disiarkeun ngaliwatan televisi. Aya sababaraha saluran televisi, hususna tv lokal nu aya di wilayah Jabar Banten, diantawisna:
  1. TVRI Jabar nyiarkeun warta basa Sunda nu ngaran acarana "Kalawarta"
  2. Bandung TV nyiarkeun warta basa Sunda nu ngaran acarana "Tanggara Pasundan" 
  3. Cianjur TV nyiarkeun "Warta Cianjur"
  4. PJTV nyiarkeun Bewara Bandung
  5. TV Ciamis nyiarkeun "Warta Priangan"
  6. STV, Sunda News, jeung sajabana deui

      Warta téh béja. Mun dina koran, majalah, atawa televisi sok disebut berita. Unggal poé televisi ngawartakeun rupa-rupa béja ti sakuliah dunya, dina unggal widang kahirupan. Ayeuna mah mun hayang nyaho kana kajadian di Amérika ogé teu kudu hiber jauh-jauh ka ditu, cukup nyetél televisi atawa maca koran jeung majalah, kabéh geus nyampak. Ku kituna, warta téh geus jadi pangabutuh hirup sangkan urang apal sagala rupa kajadian di sakuliah dunya. Ceuk barudak ayeuna mah sangkan up-date alias teu tinggaleun jaman. 
      Umumna warta dina mangsa kiwari ditepikeun ngaliwatan media elektronik jeung surat kabar/majalah. Warta ngaliwatan media elektronik diantarana:
a. televisi warta disiarkeun sacara audiovisual ditarima ku masarakat ku cara ditingali dibaca jeung didengekeun.
b. radio: warta disiarkeun sacara audio ditarima ku masarakat ku cara didengekeun wungkul.
c. Internet: mangrupa gabungan antara warta nu ditepikeun ngaliwatan televisi radio jeung koran/majalah. Ieu mangrupa media warta panganyarna di jaman kiwari. Bisa jadi pangmoderna ku sabab berita panganyarna ti sakuliah dunya teh bisa leuwih gancang katarimana ku masarakat. Eta berita disimpen di halaman nu disebut Website atawa blog. Saperti: google, yahoo, detik.com, okezone, jeung rea-rea deui.
      Warta anu ditepikeun ngaliwatan media surat kabar/koran jeung majalah. Ieu media nu nyiarkeun warta ku cara dibaca ku masarakat pamakena.
      Warta dina basa Sunda mah teu loba jiga dina basa Indonésia.
Majalah ogé ukur sababaraha hiji, kitu deui koran jeung televisi. Keun baé saeutik ogé, nu penting aya. Dina pangajaran ieu mah hidep ngan rék diwanohkeun warta nu kungsi dimuat dina majalah jeung televisi. Naon waé eusina, kumawa wangunna, jeung unsur-unsur naon waé anu kudu aya dina warta sangkan informasi anu
ditepikeunana lengkep.
      Pek geura bacakeun conto warta ieu di handap kalayan merenah! 

Sampurasun...
Tepang deui sareng simkuring pun......................... dina warta basa sunda anu disiarkeun tingawitan tabuh 5(lima) sore dugika tabuh 6 (genep) sore

Wartos-wartos anu parenting. Geus sababaraha minggu katukang, wewengkon Bale Endah Kabupaten Bandung kakeunaan ku rupa-rupa musibah salah sahijina, mudalna cai wahangan Citarum. Dumasar kana data nu katalungtik kurang leuwih 1536 (sarebu lima ratus lima puluh genep) imah katut wangunan sakola jeung pamarentahan kakeueum ku cai wahangan citarum tea. Nu ngalantarankeun cai wahangan mudal teh, salian ti gede na cai hujan, oge ku ayana seserepan cai hujan anu teu katampung jeung teu ngocor kana kamalir alatan lobana runtah anu ngahalangan kokocoran nu ngabalukarkeun cai jadi ngeyembeng.


Pamarentah daerah geus ngayakeun panalungtikan ka saban-saban tempat anu tujuanna ngadata korban jiwa, sabab dumasar kana hasil laporan ti warga masyarakat teu saeutik ayana korban jiwa alatan ka bawa cai caah tea.


Aparat pamarentah ngarasa kapanggil jiwana milu ancrub ka lapangan, keur merenahkeun wargana sangkan jauh tina marabahaya ku cara ngungsikeun ka palataran anu rada anggang ti wahangan Citarum tea.


Gubernur Jawa Barat Bapa H. Ahmad Heryawan katut rengrengan satekah polah ngayakeun tarekah sangkan eta musibah teh teu tumiba wae, ku jalan nyieun tanggul sacara babarengan disisi wahangan Citarum. Tapi teu saeutik warga masyarakat sabudeureun kota Bandung ngarasa prihatin ku ayana musibah kieu teh. Maranehna rereongan ngayakeun tarekah ngumpulkeun waragad keur sumbangkeuneun ka warga anu ka keunaan ku musibah tea. Nu utamana mah nyumbangkeun obat-obatan, sabab geus mimiti loba nu katarajang ku rupa-rupa panyakit diantarana ararateul jeung mencret, akibat tina cai anu geus pacampur jeung kokotor tina runtah anu geus buruk. Ku ayana hal eta, boh pamarentah pusat atawa daerah teu bosen-bosen meredih kawargana sangkan bisa ngariksa jeung ngajaga lingkungan.


Pamungkas ti simkuring...

Pamarentah ge teu cicingeun ku ayana musibah kieu teh jadi panyepret sangkan wargana sadar kana pentingna kabersekaan jeung ngajaga lingkungan tina bibit berewit jeung panyakit.



Rupina mung sakitu...

Simkuring pun ........................ seja amit mundur amit mungkur kasadayana. Caag....



Wasallam..

B. Jejer Warta

Anu dimaksud Jejer Warta di dieu nya eta poko pasualan anu dijadikeun bahan/materi warta. Saperti dina conto warta di luhur jejerna teh nya eta Perkara kajadian banjir di wewengkon Baleendah Kabupaten Bandung alatan mudalna cai wahangan Citarum. 

Ku ayana jejer/topik tadi, mangka warta anu ditepikeun teh bakal leuwih gampang dina mekarkeun katerangan-katerangan panglengkepna. Katerangan-katerangan panglengkep eta bakal leuwih nguatkeun sarta ngarojong kana jejer/topik warta.  


Mun seug dituliskeun, struktur warta di luhur saperti kieu:

Jejer: Banjir di wewengkon Baleendah alatan mudalna cai wahangan Citarum (What)
Kalimah-kalimah penjelasna:
1. Kajadianana di wewengkon Baleendah katut sabudeureunana (Where)
2. Eta kajadian geus lumangsung sababaraha minggu kapengker (When)
3. Eta kajadian alatan mudalna cai wahangan Citarum (Why)
4. Sajumlah 1536 imah, sakola, jeung wawangunan pamarentah kakeueum (How)
6. Mudalna eta wahangan alatan hujan gede, kurangna serapan air, jeung runtah nu loba (Why)
7. Pamarentah ngadata jumlah karugian materil jeung korban jiwa ka daerah nu keuna banjir (Who)
9. Pamarentah jeung masarakat gawe bareng nyieun tanggul di sisi wahangan (Who)

Jadi saupama rek nyieun poko-poko berita teh mangka urang kudu nyieun rumusanana ku mangrupa kalimah-kalimah pananya sangkan gampang pikeun ngajabarkeunana:
1. Naon kajadian anu rek diwartakeun teh? (what)
2. Iraha eta kajadian lumangsungna? (when)
3. Dimana eta kajadian lumangsungna? (where)
4. Naon sababna eta kajadian teh? (why)
5. Saha wae anu kalibet dina eta kajadian? (who)
6. Kumaha proses lumangsungna eta kajadian? (how)

Sakitu heula pedaran ngenaan warta. Saterusna pigawe latihan Quis pangajaran 8.2




24 Apr 2016

BAHAN AJAR KELAS VII

POKO-POKO MATERI KELAS VII


A. PANGAJARAN 7.1 (PAGUNEMAN)
  1. Maca dina Jero Hate
  2. Perkara Paguneman
  3. Conto Paguneman dina Diskusi
  4. Ciri Kalimah dina Paguneman
  5. Nyusun Paguneman 
  6. Kabeungharan Kecap
B. PANGAJARAN 7.2 (KAULINAN BARUDAK)
  1. Maca dina Jero Hate
  2. Kakawihan Kaulinan Barudak
  3. Nembangkeun Kakawihan Oray-Orayan
  4. Kabeungharan Kecap
C. PANGAJARAN 7.3 (WAWARAN JEUNG IKLAN LAYANAN MASARAKAT)
  1. Maca Wawaran
  2. Maca Iklan Tinulis
  3. Ngaregepkeun Iklan dina Radio
  4. Ngabandungan Iklan dina TV
  5. Perkara Wawaran jeung Iklan
  6. Kabeungharan Kecap
D. PANGAJARAN 7.4 (PANGALAMAN PRIBADI)
  1. Maca Pangalaman Pribadi
  2. Catetan Poean
  3. Bedana Carita Pangalaman Pribadi jeung Catetan Poean
  4. Padika Nyusun Pangalaman Pribadi
  5. Nulis Pangalaman Pribadi
  6. Nulis Catetan Poean
  7. Kabeungharan Kecap
E. PANGAJARAN 7.5 (DONGENG)
  1. Maca Dongeng Sasatoan
  2. Maca Dongeng Si Kabayan
  3. Perkara Dongeng
  4. Nyaritakeun Dongeng nu Dibaca
  5. Kabeungharan Kecap
F. PANGAJARAN 7.6 (SAJAK)
  1. Maca Sajak
  2. Perkara Sajak
  3. Nulis Sajak
  4. Deklamasi Sajak
  5. Kabeungharan Kecap
G. PANGAJARAN 7.7 (PUPUJIAN)
  1. Ngaregepkeun Pupujian
  2. Nadomkeun Pupujian Babarengan
  3. Perkara Pupujian
  4. Eusi Pupujian
  5. Kabeungharan Kecap
H. PANGAJARAN 7.8 (NULIS AKSARA SUNDA)
  1. Nulis Aksara Sunda
  2. Maca Aksara Sunda
  3. Kabeungharan Kecap




    21 Apr 2016

    Pangajaran 4

    Biantara dina Acara Paturay Tineung

    Assalamu'alaikum Wr. Wb

    Puji Sinareng Sukur Kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci.  Alhamdulillah dina denget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni upicara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar tilu taun.


    Bapa kalih Ibu, hadirin sadaya anu dipihormat.
    Sim kuring ngadeg di ieu tempat minangka wawakil ti rerencangan kelas tilu, hoyong cumarios ngedalkeun kareteg angan. Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelak . Asa kamari keneh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayuena tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah neraskeun deui lalampahan  geusan ngahontal hareupan sareng cita-cita. Kantenan bae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di dieu, di sakola urang nu tumaninah tur pikabeutaheun, sim kuring saparakanca diajar neangan elmu. Ruang-riung boh di kelas boh dina rupa-rupa kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan. Tangtos bae eta sadayana bakal jadi 'katineung' nu moal kahihilapkeun. Atuh kasaean Bapa kalih Ibu Guru sadayana, elmu pangaweruhna anu didugikeun kasim kuring saparakanca, tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun. Kalayan diaping dididik ku Ibu Bapa Guru pisan sim kuring saparakanca gaduh elmu nu mangpaat. Dituduhkeun nu sae sareng nu awon, nu leres sareng nu lepat, nu poek sareng nu caang. teu aya nu tiasa kapisanggem, iwal ti hatur sewu nuhun kana pirang-pirang kasaean Ibu kalih Bapa Guru sadayana. Sim kuring saparakanca teu tiasa males eta kasaean, anging ngedalkeun du'a, pamugi rupining elmu parantos dipaparinkeun, kenging ganjaran nu ageung mangtikel-tikel ti Gusti nu maha suci.


    Atuh salami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola, kantenan bae seueur pisan kalepatan. Seueur pisan sikep sareng nyuhunkeun di hapunten tina samudaya kalepatan kaluluputan. Pamungkas, sim kuring saparakanca nyuhunkeun pidu's ti Ibu kalih Bapa Guru sadayana, pamugi sadaya alumni nu lulus taun ieu tiasa neraskeun sakola. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukeruk elmu di tingkat nu langkung luhur..

    Meser kaos dimeteran,
    meser sendal sareng pita,
    Abdi mios rek pamitan,
    rek ngahontal cita-cita.
     

    Kamari mawa ragaji,
    ayeuna rek mawa kisa,
    Kamari urang ngahiji,
    ayeuna urang papisah.
     


    Rupina sakitu nu kapihatur. Hapunteun bilih aya basa nu kirang merenah larapna, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah.
    Wabilahi taufik wal hidayah. Wassalamu'alaikum Wr. Wb